[Pick the date] «ASSALLAMUALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH» Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalayan dina kayaan sehat walafiat oge ngahaturkeun nuhun ka sadaya panitia anu parantos masihan waktos ka simkuring kanggo ngadugikeun biantara dina acara mieling silaturahmi halal bihalal Paguyuban Lembur Kuring Jabar Banten Di Kalteng Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka SAMBUTAN PEMBINA PAGUYUBAN Pada kegiatan halal bihalal Paguyuban Lembur Kuring Jabar Banten di Kalimantan Tengah
Pidato yang ditujukan kepada para audience saat halal bihalal
Welcome message from author
This document is posted to help you gain knowledge. Please leave a comment to let me know what you think about it! Share it to your friends and learn new things together.
Transcript
«ASSALLAMUALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH»
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi
nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa
kempel dina ieu tempat kalayan dina kayaan sehat walafiat
oge ngahaturkeun nuhun ka sadaya panitia anu parantos masihan
waktos ka simkuring kanggo ngadugikeun biantara dina acara mieling
silaturahmi halal bihalal Paguyuban Lembur Kuring Jabar Banten Di
Kalteng
Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Gusti Allah SWT, anu
parantos nangtayungan urang sadaya tiasa riung mumpulung,
paamprok jonghok, patepang raray dina dangeut ieu.
SAMBUTAN PEMBINA PAGUYUBANPada kegiatan halal bihalal
Paguyuban Lembur Kuring Jabar Banten di Kalimantan Tengah
[Pick the date]
Para wargi sadaya,
Alhamdulillah urang sadaya parantos ngajalankeun salami sasasih
dina Romadon kamari. Boboran parantos kalangkung, wengi ayeuna
urang luuh dina acara halal bihalal, kanggo silih ngahampura
kalepatan, sareng silih meresihkeun hate urang sadaya.
Lir ibarat kertas anu masih ngeplak bodas teu aya coret-coretanna,
ibarat orok anu nembe di lahirkeun ka dunya ieu masih keneh bersih
suci.
Sim kuring seja ngucapkeun Takobalallah huminna wamingkum
siamana wa siamakum minal aidzin wal faidzin hapunteun lahir
sinareng batin. Mudah-mudahan wargi sadaya tiasa ngahampura kana
sagala kalepatan simkuring anu di haja sareng anu teu di haja, anu
katingali sareng anu teu ka tingali.
Margi mung jalmi anu mulya anu tiasa ngahampura kana sagala
kalepatan batur, simkuring oge sami bilih tea mah wargi sadaya aya
kalepatan ka simkuring, parantos ku simkuring di hampura oge. Dina
ayana acara anu mulya ieu hayu urang langkung pageuhkeun tali
silaturahmi, langkung rakeutkeun duduluran urang. Mugi Allah SWT