o Senin 0 Setasa 0 Rabu • Kamis 0 Jumat 0 Sabtu 0 Minggu ------------------------~------~~---- ~ 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 ---:::--__'8--=__ '_9__ -=--2_0 __ ~2-' 2::=-2 23-:::-- 24 25 26 @28293031 o Peb 0 Mar 0 Apr C Mei 0 Jun 0 Jut 0 Ag's--O Sep • Okt 0 Nov 0 Des Mona Sy/uiana, penulis weda/an GSS1F Unpad (Asep GP) n Unpad aya Unit Kagiatan Maha- siswa (UKM) GSSTF (Gelanggang Seni Sastrta Teater dan Film). Ieu teater kampus anu diadegkeun taun 84 ku Drs. Ade Kosmaya (Dosen Sastra Indonesia +Suargi), Bambang Budhi Asmara (suargi) =saparakanca, anggotana kawentar "kritis" pamikiranana. Dina jaman Orba mah kawentar gudangna para aktivis kampus- sarta remen kaseundeuhan ku seniman- seniman moyan saperti Emha Ainun Najib, Sujiwo Tejo, Toto ST. Radik, Leo Kristi, Tisna Sanjaya, Diyanto, Heru Hikayat, Pidhie Baiq, jeung rea-rea deui. GSSTF ge loba ngagelarkeun seniman-senirnan kam- pus petingan, sebut bae Guspika, Hikmat Gumelar, Muktie-Muktie, Irnarn De Kamus, Defri maulana, Hawe Setiawan, Eriyanti Nurmala Dewi, Budhi "Godot" Supriatna. Malah pengamat sosial-politik Dr. Yudi Latif ge digedekeun di ieu teater.Korno dosen-dosen cerdas mah teu kaitung, Djarlis Gunawan, Nana, Tedi ANM, Miranda Risang Ayu, Askur Rifai Baksin, Evie Ariadne, Waway Tiswaya, Baban Banita, jeung rea-rea deui. Tah katornpernakeun sok sanajan sakabeh UKM geus pindah ka kampus Jatinangor jeung "Unpad DUe (Dipatiukur Bandung)" anu sepi ku seni hudang deui ku ayana Bale Rumawat Pajajaran anu diadegkeun ku Rektor Ganjar Kurnia, tapi GSSTF anu kiwari hapa ku anggota teh aktivis-aktivis heubeulna mah tetep nyieun karya sewang- sewangan. Kaasup Mona Sylvian a anu sawatara waktu kaliwat (8/10) ngayakeun "peluncuran" kumpulan cerpenna, "Wajah Terakhir" jeung diskusi "Perernpuan, Politik, dan Kesalehan"di gedong Bale Rumawat Pajajaran JI. Dipatiukur 35 Bandung. Ieu karya Mona teh geus meu- nang pamuji ti para seniorna. "Kerenl Hiji karya anu hade. Sabab ieu karya teh aktif ninggalkeun patalekan dina uteuk anu macana," cek Setiaji Mangle No. 2345 Kakareti Tina Peluncuran & Diskusi Cerpen "Wajah Terakhir" Mona Sylviana Purnasatmoko (Fakultas Ekonomi-GSSTF 84)· Tedi ANM aktivis GSSTF, anu kiwarijadi Dosen/Pupuhu Jurusan Sastra Sunda Unpad ge kacida kacida ngabageakeunana sarta milu reueus ku lengkah adi entra- ganana, "Berekah, alhmadulillah hasil urang ruang-riung baheula teh kiwari kapetik hasilna. Nya karya Mona ieu salah sawios buahna teh. Sabab nya di dieu aya aya silaturahmi, paguneman, jeung cipta karya anu taya kendatna. Mugia katepa- keun ka nu sanesna," pokna. Ieu kagiatan ge geus ngogan perhatian pihak Unpad anu harita diwakilkeun ka panyajak jeung pamaen teater anu jadi dosenff'akultas Hukum) jeung Kriminolog Unpad, Yesmil Anwar(Yesi Anwar).Cek Yesmil, Alhamdulilah Bale Rumawat geus jadi pangjugjugan para seniman boh ti jero boh ti luar kampus Unpad.Mugia hal eta jadi gawe patareman antara udagan Unpad jeung para seniman di Jawa Barat anu dipalar engkena bisa mere warn a kana dunya kasenian di karnpus.Kitu deui keur senimanna, bisa tetep eksis lana di buana.Hal ieu ge mangrupa realiasi tina Tri Dharma Perguruan Tinggi - Pengabdian Kepada masyarakat. "Nya hayu urang sasarengan ngararneke- un kampus ku kasenian anu edukatif jeung nimat. Sabab tanpa kasenian kampus sarua jeung taman hewan!" pokna, tatag. Harita ieu kagiatan ge direuah-reuh ku "Pemanggungan Cerpen" ku Guspika jeung Sri Hartati. Kitu deui teu tinggaleun Muktie-Muktie(gitar-vokal) jeung Siska (guceng/kacapi Cina jeung suling) mage- larkeun "musikalisasi cerpen" sempalan karya Mona kaca 123-"Wajah Terakhir", Tina diskusi anu dijejeran ku Eriyanti Numala Dewi, Dosen Sastra Inggris Unpad, anu oge jadi Dosen Program Studi Kajian Wanita, Pascasarjana Universitas Indone- sia Aquarini Priyatna Prabasmoro, M.A.,M~Hum.,PhD. Ditetelakeun yen cer- pen Mona mah ngeunah dibaca, tapi lain hartinagampang dibacana. Nyaritakeun potret kahirupan sapopoe anu teu kaper- hatikeun atawana memang teu diperhati- keun ku urang.Mona motret kahirupan sapopoe ku lensa mikro, detil jeung jero.Mona oge nyaritakeun belangna hate manusa, borok-borokna, kagorengan, jeung hal anu ngarempak norma- norma.Nepi ka subversi ge jadi hal anu lumrah, ku hal kitu jadi nanadeskeun yen "hal anu teu lumrah" ge jadi bagean anu "lumrah" tina kahirupan sapopoe manusa. Jeung sagemblengna tema-terna anu digarap ku Mona mernang ngaganggu tatanan, kabiasaan. Mona ngaraeh "abyek (hal anu ngaganggu identitas, sistem, tatanan, Abjek teu hormat kana batasan, posisi jeung aturan)",jadi hal anu nyuge- makeun laju diekspos jadi hal anu "biasa/Iumrah", nepi ka si abjek tehjadi hiji kakuatan pikeun "ngaganggu", Ti dieu kagambar yen Mona rek nem- bongkeun rehnajagat anu dicicingan ku para wanoja memang henteu/tacan aman pikeun kaom hawa. "Tapi kaom wanoja ulah salawasna di- surahan/riyurahan dirina jadi obyek jeung korban, sabab sakumaha anu digambar- keun ku Mona din a cerpen-cerpenna, salawasna aya tempat nalika makna run- tuh, korban bisa ngarebut deui subjektivi- tasna, sok sanajan ngan jadi abjek," ceuk Aquarini. Tapi ceuk C.W Watson mah (Conrad William Watson - Profesor Emeritus ti Antropologi University of Kent, Profesor Tamu, School of Business and Managment, ITB), teu bisa dipungpang deui, lamun urang rek "menakrifkan" carita Mona make metafora/paumpamaan tina dunya lukisan, kelir caritanaestu "poek/hideung". Tina kasangtukang jeung adegan seting ge kagambar kaayaanana "poekna peuting" anu ngadatangkeun rasa keueung jeung hariwang pikeun nu macana. Cek Mona, mernang rasa "teu aman, melang, keueung jeung hariwang" ngalimpudan kahirupan kaom wanoja dimana jeung din a keur kaayaan naon wae oge. "Contona wae upami pun anak, Aura Asmaradhana, anu kuliah di jakarta nuju numpak metrornini wangsul kuliah dina kaayaan peuting, pasti anu jadi indungna bakal melang jeung hariwang," pokna. Mona Sylviana, Alumnus Humas Fikom Unpad (91-97), mernang kiwari geus bisa disajajarkeun jeung cerpenis moyan lianna. Lian ti eta, manehna ogeti keur kuliahna keneh aktif maen teater jeung nulis sajak. "Wajah Terakhir" ieu lain karya terahir cenah ge, Mona anu babarengan jeung Hikmat Gumelar ngadegkeun Institut Nalar Jatinangor teh, ka hareupna hayang nulis novel cenah ge. Wilujeng! *** i .I' . ". \. Asep GP 41 Kllping.Humal\!' Unpad 2011