Gupernur Jawa Barat If. Ahmad I-Ieryawan nu ageung kamelang an jalan tincakeun. Nya saleutikna boga gawe, meu- reun kudu ku waragad dirojongna. . Bener, tapi mimiti mah saaya-aya ti sorangan we jeung sumbangan ti ditu ti dieu, nu hadirna ge teujiga ayeuna, tapi cukup hidmat. Taun tukang disumbang ti bupati ceuk Godi. Taun ayeuna ti gupemur Rp.40 juta. Nu matak aya wayang golek sagala rupa ayeuna mah, metakeun gawe leuwih laluasa jeung lancar. Aya nu lucu, basa arek Nyiar Lumar anu munggaran caritana arek nyieun lapang, nu keur maracul jiga anu kaget sabab paculna ngagetruk keuna kana batu cenah. Nu digarawe dititah terus rnaculan, deg deui pacul kana batu, nu digawe hariwang bisi pacul keuna kana barang pusaka ti- tinggal sajarah. Nu macul embunge- un neruskeun gawe. Tapi ku sabab dipaksa, kecruk deui macul. Ari seug .ceuk anu apal kana kaayaan Astana Gede nyebutkeun "Nya tangtu loba batu, kapan urut balay, da bareto mah jalan ka Cikawali teh ka dieu liwatna!" tuh pan ...urut jalan. Ari Cikawali eta teh lalampahan panung- tung Kulayu, mapay-mapay astana gede tengah peuting. Di lebah pengkolan ka Cikawali aya papang- gungan leutik, di dinya Neneng Godi 10 ngibing ngabayada make kostum sarwa bodas, dipirig ku tarawangsa anu melas-melis sedih, melankolis, tepi ka rubuhna wanci subuh Neneng ngibing lebah dieu. Mernang ling- kungan lebah dinya geueuman pisan, tapi Neneng bangun teu kapa- ngaruhan, jalma-jalrna anu lalar liwat pasti eureun lebah dinya nyaksian anu ngibing ngagambarkeun kasedih kaprihatin jeung katunggaraan Nyai putri Pitaloka Citraresmi Sunda. Saha anu teu panuju kana kreati- fitas anu sakitu luhurna? Godi anu teu menta pamuji teu ngaharepkeun pameuli geus ngabaktikeun hasil seni jeung sastra Sunda nu luhur ajenna. Lamun taun ieu Gupernur bantu- anana lungsur keur- Nyiar Lumar mugia jadi pamecut sumangbet keur Godi sapara kancajeung mugia ditu- lad ku pupuhu daerah anu pang- deukeutna jeung anu sawadina leuwih toweksa ngaraksa ngariksa para seniman, budayawan jeung sas- trawan ti derahna. Aya Naon di Astana Gede? Prof Dr. Hj. Nina Lubis anu nga- hajakeun ti Bandung ka Kawali awahing ku sumanget palay nyaksian acara anu penting ieu nyebutkeun, yen Nyiar Lumar mangrupa acara anu narik lantaran digelar di tempat anu nyimpen harti historis penting, di Kawali, anu jaman baheula mang- rupa puseur Karajaan Sunda Galuh. Ketua Yayasan Masyarakat Seja- rawan Indonesia Cabang Jawa Barat, Prof.Nina ngarasa perelu gawe bareng jeung panitiya Nyiar Lumar katut Dinas Pariwisata dan Ke- budayaan Kabupaten Ciamis pikeun nyukseskeun ieu acara. Bantuan Gupemur diharepkeun jadi pangju- rung ludeung pikeun lajuning lakuna cara Nyiar Lumar anu unik ieu. Taun ieu anu katujuh anu saterusna pan- jang keneh. Nurutkeun Prof. Nina Astana Gede nyimpen barang-barang arkeologis numatak disebut Situs Arkeologis Situs anu leg ana 5 hektar teh sacara topografis saperti wawangu- nan umpak nu dihapit ku dua walu- ngan nyaeta Cikadongdong beulah kaler jeung Cibulan beulah kidul, eta dua walungan patepungna di kidul wetan ngocor ka Cimuntur. Situs Astana Gede mangrupa leuweung lindung, di dieu aya sababaraha artefak atawa titinggal barang arkeologis, Nyaeta 6 prasasti Kawali. Mangrupa batu pangca1ikan, 2 menhir, sirah cai Cikawali, jeung 11 makam. Pangna disebut Astana Gede, Prof. Nina nyutat sababaraha sumber anu nyebutkeun, lantaran di dieu aya makam anu panjangna 3 meter. Sumber sejen nyebutkeun, di dieu dipendem gegeden (jalma gede). Genep Prasasti, ku lantaran kabeh kapendakna di Astana Cede Kawali, nya disebut Prasasti Kawali. Kabeh make aksara Sundajeung basa Sunda buhun. Mimiti kapendakna jaman Raffles, kabuktian dina bukuna History of Java nu terbit taun 1816 Masehi disebut-sebut ngeunaan pra- sasti Kawali teh. Tapi kakara dibaca anu bener mah ku Frederich taun 1855, saterus- -na dibaca ku Holle taun 1687, panungtung dibaca ku J. Nooduijn taun 1988. Dua filolog Indonesia nu maca ulang prasasti nyaeta Saleh Danasasmita (1984) jeung Atja (1990). Prasasti kagenep kapendak taun 1995 ku Sopar Kuncen Astana Gede, *** (HRS) Mangle No. 2279