Top Banner
o Senin o Se/asa o Sabtu o Rabu Kamis 0 Jumat o Minggu 2 (!) 17 18 19 45 20 OSep OOkt ONov ODes • Mar OJan OPeb 67 21 22 8 9 10 11 23 24 25 26 OApr OMei OJun OJul 0 Ags UrangSunda di Lingktingan Indonesia Biantara panainpian gelar DR HC ti Universitas Padjadjaran Tg. 31 Januari 2011 4 Ku Ajip Rosidi K2 sabab lila teuing dijajah deung- eun, urang Sunda jadi tuman ulun kumawula, miboga mentali- s hayang kaanggo ku dunu- ngan, alus-goreng kumaha ceuk dunungan atawa nu lian, akibatna hirupna gurnan- tung ka nu lian. Henteu yakin kana nu katenjo jeung karasa ku sorangan, akibat- na henteu wani nyaritakeun atawa ngala- kukeun hai-hal anu ceuk pikiranana dumasar kana pamanggihna sorangan da sieun disalahkeun ku batur. Henteu wani "bersaing'' jeung nu lian da henteu boga rasa percaya diri. Henteu miboga kareueus jadi urang Sunda, nepi ka rea anu jiga ngarasa era jadi urang Sunda teh. Padahal urangjadi urang Sunda apan lain kahayang urang, istuning eta mah pangersa Pange- ran, jadi kuduna urang misukur kana rah- mat Allah swr anu nurunkeun urangjadi urang Sunda, ku jalan ngajaga ngariksa kasundaan urang. . Urang Sunda ge resep ngabobodo ma- neh ku nyekel kana mitos-rnitos anu hen- teu rasional jeung henteu aya buktina. Upamana percaya kana kaunggulan nagara Pajajaran jeung raj ana Prabu Siliwangi, anu sacara historis henteu aya buktina yen kungsi aya di kieuna, da kapanggihna ngan dina carita pantun, dongeng, mitologi jeung sabangsana. Hal eta nyababkeun urang Sunda henteu ngarasa perlu usaha jeung ngalakukeun nanaon, da ngandel- keun teuing kana pitulungna Prabu Sili- wangi anu dipiyakin baris datang (padahal teu datang bae) . Urang Sunda henteu wawuh kana sajarahna sorangan, katambah dina buku- buku sajarah nasional anu diajarkeun di sakola-sakola ngeunaan urang Sunda jeung Tatar Sunda saeutik pisan dicarita- keunana, da nu nul is buku sajarahna hen- teu terangeun kana sajarah Sunda. Mernang sajarah Sunda mirniti kabu- kana kakara beh dieu, sabab dina "jaman 20 12 13 27 28 14 15 29 30 31 normal" waktu masih dijajah Walanda, henteu rea urang Walanda anu neundeun perhatian pikeun ngulik sajarah jeung budaya Sunda. Kakara dina taun 1970-an ku pokalna Atja (1929-1991), Saleh Danasasmita (1933-1986), Ayatrohaedi (1939-2006) jeung Edi Ekadjati (1945- 2006), sajarah tatar Sunda mimiti kakoreh. Akibat tina kurang katerangna kana sajarah karuhunna, urang Sunda rea anu sok miboga rasa rend all diri dina nyang- ltareupan seler sejen anu sajarahna pikareueuseun. Nya percaya kana mitos jeung uga-uga anu tapsiranana ngagegede- keun harepan ku carita-carita nu saenyana henteu aya buktina sacara historis .. Urang Sunda ge henteu awas kana kapereluan kahirupan rnoderen, akibatna henteu terangeun naon anu kudu dihanca. Geus puguh dina widang politik mah, urang Sunda jiga masrahkeun kumaha ceuk batur. Nu matak kungsi para anggota DPRD Jawa Barat didominasi ku lain urang Sunda. Padahal para wakil rahayat urang Sunda ge rereana henteu ngabela kapentingan rahayatjeung Tatar Sunda. Ti taun 1950, upamana, pers di Bandung didominasi ku lain urang Sunda, da henteu aya urang Sunda nu boga modal anu nganggap penting kana harti surat kabar, radio atawa televisi, da henteu terangeun kana hartina dina lingkungan kahirupan moderen, Paling-paling urang Sunda mah ngan nepi kana medalkeun majalah dina basa Sunda. Dalah nu medalkeun majalah basa Sunda ge dina taun 1960:an mah rea nu lain urang Sunda. 1VRI Bandung anu dibukana ku pangdongsok urang Sunda anu hayangeun sering nyaksian pintonan kasenian daerahna, dina prakna henteu nganggap. penting pintonan kasenian Sunda' da dianggap henteu nguntungkeun sacara kornersial, tur kudu nurut kana kapalay urang Jakarta. BMa jeung 1VRl Yogyakarta anu saban peuting mintonkeun rupa-rupa kasenian Jawa. Tapi hal eta nu nuduhkeun yen kahayang urang Sunda mah henteu diwaro ku urang Jakarta, tapi henteu nyababkeun aya urang Sunda anu nganggap perelu ngadegkeun stasion televisi sorangan, di Bandung ge kapi- heulaan ku urang Bali jeung Jawa anu muka Bandung-Tv jeung PJ-1Y. Urang Sunda bangun henteu awas kana kanyataan-kanyataan nu aya di sakuriling- eunana, da hirupna kumamhang kana mitos-rnitos tea. Padahal nya kasadar kana realitas anu aya nu baris ngajurung kana lengkah-lengkah kongkrit pikeun nga- hasilkeun prestasi anu gede mangpaatna pikeun kapentingan balarea. Tanpa kasa- dar kana realitas anu aya, rnustahil urang barangjieun anu aya mangpaatna keur balarea, Aya nu nyebutkeun yen rnentalitas urang Sunda kitu teh ku sabab alamna subur teuing, jadi urang Sunda henteu ditangtang pikeun digawe beurat pikeun kapereluan hirupna. Memang alarn Tatar Sunda gemah ripah, subur pisan - baheula. Ayeuna mah geus ruksak ku gemuk kimia jeung pestisida, salian ti anu dipelakan beton nu lain siki nangka, tingjalegir ba- . ngunan nepi ka tanah pikeun tatanen beuki heureut. Tanah-tanah anu subur kalah ka dijieunan pabrik anu limbahna ngaruksak walungan jeung lingkungan, pangpangna tanah-tanah tatanen di sakurilingeunana jeung hilireunana. Katambah ku banjir jeung longsor, da leuweungna hcnteu dipi- ara. Salian ti eta ku sabab hak tanah di Tatar Sunda dumasar kana hak milik, jadi unggaljalma laluasangajual tanahna, hen- teu aya hukum adat anu ngahalangan. Akibatna ayeuna teuing ngan tinggal sabaraha persen tanah di Tatar Sunda anu milik urang Sunda? Tingali tanah di Bogor nepi ka Puncak, apan nu mibogana teh urang Jakarta. Lamun ditaliti, boa geus rea gunung jeung leuweung di sakuliah tatar Sunda nu geus lain nu urang Sunda. Geus Mangle No, 2312 IUlplng Huma. Onpad 2011 'I
2

UrangSunda di Indonesia - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/...urangsundadilingkunganindonesia.pdf · nganggap. penting pintonan kasenian Sunda' da dianggap henteu

Sep 16, 2018

Download

Documents

phamliem
Welcome message from author
This document is posted to help you gain knowledge. Please leave a comment to let me know what you think about it! Share it to your friends and learn new things together.
Transcript
Page 1: UrangSunda di Indonesia - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/...urangsundadilingkunganindonesia.pdf · nganggap. penting pintonan kasenian Sunda' da dianggap henteu

o Senin o Se/asa o Sabtuo Rabu • Kamis 0 Jumat o Minggu

2 (!)17 18 19

4 520

OSep OOkt ONov ODes• MarOJan OPeb

6 721 22

8 9 10 1123 24 25 26

OApr OMei OJun OJul 0 Ags

UrangSunda diLingktingan IndonesiaBiantara panainpian gelar DR HC

ti Universitas PadjadjaranTg. 31Januari 2011

4Ku Ajip Rosidi

K2sabab lila teuing dijajah deung-eun, urang Sunda jadi tumanulun kumawula, miboga mentali-

s hayang kaanggo ku dunu-ngan, alus-goreng kumaha ceuk dununganatawa nu lian, akibatna hirupna gurnan-tung ka nu lian. Henteu yakin kana nukatenjo jeung karasa ku sorangan, akibat-na henteu wani nyaritakeun atawa ngala-kukeun hai-hal anu ceuk pikirananadumasar kana pamanggihna sorangan dasieun disalahkeun ku batur. Henteu wani"bersaing'' jeung nu lian da henteu bogarasa percaya diri. Henteu miboga kareueusjadi urang Sunda, nepi ka rea anu jigangarasa era jadi urang Sunda teh. Padahalurangjadi urang Sunda apan lain kahayangurang, istuning eta mah pangersa Pange-ran, jadi kuduna urang misukur kana rah-mat Allah swr anu nurunkeun urangjadiurang Sunda, ku jalan ngajaga ngariksakasundaan urang. .

Urang Sunda ge resep ngabobodo ma-neh ku nyekel kana mitos-rnitos anu hen-teu rasional jeung henteu aya buktina.Upamana percaya kana kaunggulan nagaraPajajaran jeung raj ana Prabu Siliwangi,anu sacara historis henteu aya buktina yenkungsi aya di kieuna, da kapanggihna ngandina carita pantun, dongeng, mitologijeung sabangsana. Hal eta nyababkeunurang Sunda henteu ngarasa perlu usahajeung ngalakukeun nanaon, da ngandel-keun teuing kana pitulungna Prabu Sili-wangi anu dipiyakin baris datang (padahalteu datang bae) .

Urang Sunda henteu wawuh kanasajarahna sorangan, katambah dina buku-buku sajarah nasional anu diajarkeun disakola-sakola ngeunaan urang Sundajeung Tatar Sunda saeutik pisan dicarita-keunana, da nu nul is buku sajarahna hen-teu terangeun kana sajarah Sunda.

Mernang sajarah Sunda mirniti kabu-kana kakara beh dieu, sabab dina "jaman

20

12 1327 28

14 1529 30 31

normal" waktu masih dijajah Walanda,henteu rea urang Walanda anu neundeunperhatian pikeun ngulik sajarah jeungbudaya Sunda. Kakara dina taun 1970-anku pokalna Atja (1929-1991), SalehDanasasmita (1933-1986), Ayatrohaedi(1939-2006) jeung Edi Ekadjati (1945-2006), sajarah tatar Sunda mimiti kakoreh.Akibat tina kurang katerangna kanasajarah karuhunna, urang Sunda rea anusok miboga rasa rend all diri dina nyang-ltareupan seler sejen anu sajarahnapikareueuseun. Nya percaya kana mitosjeung uga-uga anu tapsiranana ngagegede-keun harepan ku carita-carita nu saenyanahenteu aya buktina sacara historis ..

Urang Sunda ge henteu awas kanakapereluan kahirupan rnoderen, akibatnahenteu terangeun naon anu kudu dihanca.Geus puguh dina widang politik mah,urang Sunda jiga masrahkeun kumahaceuk batur. Nu matak kungsi para anggotaDPRD Jawa Barat didominasi ku lainurang Sunda. Padahal para wakil rahayaturang Sunda ge rereana henteu ngabelakapentingan rahayatjeung Tatar Sunda.

Ti taun 1950, upamana, pers di Bandungdidominasi ku lain urang Sunda, da henteuaya urang Sunda nu boga modal anunganggap penting kana harti surat kabar,radio atawa televisi, da henteu terangeunkana hartina dina lingkungan kahirupanmoderen, Paling-paling urang Sunda mahngan nepi kana medalkeun majalah dinabasa Sunda. Dalah nu medalkeun majalahbasa Sunda ge dina taun 1960:an mah reanu lain urang Sunda. 1VRI Bandung anudibukana ku pangdongsok urang Sundaanu hayangeun sering nyaksian pintonankasenian daerahna, dina prakna henteunganggap. penting pintonan kasenianSunda' da dianggap henteu nguntungkeunsacara kornersial, tur kudu nurut kanakapalay urang Jakarta. BMa jeung 1VRlYogyakarta anu saban peuting mintonkeun

rupa-rupa kasenian Jawa. Tapi hal eta nunuduhkeun yen kahayang urang Sundamah henteu diwaro ku urang Jakarta, tapihenteu nyababkeun aya urang Sunda anunganggap perelu ngadegkeun stasiontelevisi sorangan, di Bandung ge kapi-heulaan ku urang Bali jeung Jawa anumuka Bandung-Tv jeung PJ-1Y.

Urang Sunda bangun henteu awas kanakanyataan-kanyataan nu aya di sakuriling-eunana, da hirupna kumamhang kanamitos-rnitos tea. Padahal nya kasadar kanarealitas anu aya nu baris ngajurung kanalengkah-lengkah kongkrit pikeun nga-hasilkeun prestasi anu gede mangpaatnapikeun kapentingan balarea. Tanpa kasa-dar kana realitas anu aya, rnustahil urangbarangjieun anu aya mangpaatna keurbalarea, Aya nu nyebutkeun yen rnentalitasurang Sunda kitu teh ku sabab alamnasubur teuing, jadi urang Sunda henteuditangtang pikeun digawe beurat pikeunkapereluan hirupna. Memang alarn TatarSunda gemah ripah, subur pisan - baheula.Ayeuna mah geus ruksak ku gemuk kimiajeung pestisida, salian ti anu dipelakanbeton nu lain siki nangka, tingjalegir ba- .ngunan nepi ka tanah pikeun tatanen beukiheureut. Tanah-tanah anu subur kalah kadijieunan pabrik anu limbahna ngaruksakwalungan jeung lingkungan, pangpangnatanah-tanah tatanen di sakurilingeunanajeung hilireunana. Katambah ku banjirjeung longsor, da leuweungna hcnteu dipi-ara. Salian ti eta ku sabab hak tanah diTatar Sunda dumasar kana hak milik, jadiunggaljalma laluasangajual tanahna, hen-teu aya hukum adat anu ngahalangan.Akibatna ayeuna teuing ngan tinggalsabaraha persen tanah di Tatar Sunda anumilik urang Sunda? Tingali tanah di Bogornepi ka Puncak, apan nu mibogana tehurang Jakarta. Lamun ditaliti, boa geus reagunung jeung leuweung di sakuliah tatarSunda nu geus lain nu urang Sunda. Geus

Mangle No, 2312

IUlplng Huma. Onpad 2011

'I

Page 2: UrangSunda di Indonesia - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/...urangsundadilingkunganindonesia.pdf · nganggap. penting pintonan kasenian Sunda' da dianggap henteu

puguh ari imah, sawahjeung kebon mah.Umumna urang Sunda tara daek nilik ka

diri, nyaliksik kakurangan jeung kasalahansorangan. Salilana leuwih ganeang jeungleuwih gampang nyalahkeun batur. Pageuhkana bebeneran sorangan anu henteu diujisaeara oyektif dumasar kana kanyataan-kanyataan, da Ieuwih percaya kana mitos.Tungtungna kurnalungkung asa aing pang-benerna. Cindekna bener aing teu deunge-un, mun aya masalah tangtu batur nu salah.

5

Kiring yakin moal aya urang Sundaanu ngarasa sugema ku kaayaanrang Sunda di lingkungan Indonesia

eara anu digambarkeun tadi. Tapi mudah-mudahan kagambarkeun deuih, yen me-mang tl beh ditu keneh peranan urangSunda dina ngawangun jeung ngeusiankamerdikaan Indonesia henteu sabandingjeung jumlahna anu nomer dua di lingku-ngan Indonesia. Urang Sundajiga anu hen-'teu hayang ngajagajeung ngariksa-ngaraksatanah titinggal karuhunna sorangan nepi kadeungeun-deungeun anu laluasa migawenaon bae sakarepna di Tatar Sunda. Naonsababna nu matak nepi ka kitu, jadi haneapikeun ditaliti ku para ahli sosiologi jeungpsikologi. Salian ti eta katingal yen di kala-ngan urang Sunda aya masalah kaparning-pinan. Langka pisan urang Sunda anumuncul jadi pamingpin, boh di tingkatnasional boh di tingkat lokal. Hal ieu bisajadi aya patalina jeung visi urang Sundangeunaan hirup. Lamun urang nitenannaskah Siksa Kanda ng Karesian nu asalna tiabad ka-ie (1518), nyaeta mangsa urangSunda taean dijajah deungeun, eusinamangrupa etika pikeun warga biasa, henteuaya nu nyigeungkapamingpinan. Kitu deuidina naskah Amanat Galunggung (Koropak632) henteu aya nasehat anu sacara hususngeunaan kapamingpinan. Nu dianggappenting 'dina naskah-naskah Sunda umurn-na kumaha sangkan jadi manusa hade,Nu penting ayeuna urang kudu mikiran

kumaha carana sangkan peranan urangSunda di lingkungan nasional nambahan.Urang Sunda kudu leuwih wani bersaing dilingkunganjeung tingkat nasional. Bersainghartina sarnemehna kudu ngalengkepan diriku elmu, karancage (kreativitas), kabisa(kaparigelan dina hiji widang), kapereayadiri, kayakinan kana bebeneran anu dicekel,sarta wawasan anu jembar. Ngan ku jalankitu urang Sunda bisa nembongkeun pres-tasi anu baris dibalitungkeun ku batur.Pikeun nembongkeun prestasi, urang Sundakudu rea ngalakukeun hal-hal anu gedehartina pikeun kamajuan bangsa. Visinakaindonesiaan, Miboga visi kaindonesiaanlain hartina henteu mikiran kapentingandaerah jeung seler Sunda, tapi 1."11 sababdaerah jeung urang Sunda teh bagian tiIndonesia, jadi lamun aya bubuatan anugede mangpaatna pikeun sakumna bangsajeung nagara Indonesia, tanwande kapen-

Mangle No. 2312

tingan Tatar Sunda jeung urang Sunda gekaasup. Cindekna urang· Sunda kudupagede-gede jeung parea-rea nyurnbang-keun karya jeung jasa pikeun kapentinganjeung kamajuan Indonesia. Ulah eleh kuseler sejen anu jumlahna sahandapeun,dalah lamun bisa mah leuwih rea jeungleuwih gede rnanan anu jumlahna saluhur-eun. Hartina anu penting urang Sunda kudunembongkeun prestasi anu pinunjul dinasagala widang saeara nasiortal.Ngamajukeun Indonesia miboga harti

ngamajukeun urang Sunda di Tatar Sundadeuih, boh sosial-ekonomina boh budayana,Kitu deui ngamajukeun sosial-ekonorniurang Sunda jeung Tatar Sunda mibogaharti ngamajukeun Indonesia. Ku sababkitu uIah aya kamangmang dina enggoningngamajukeun kahirupan sosial-ekonomijeung budaya Sunda da hartina sarua jeungngamajukeun bangsa jeung nagara Indone-sia. Ngamajukeun kabudayaan Sunda lainprovinsialistis, tapi ngabeungharan budayanasional Indonesia.Usaha pikeun ngalengkepan urang Sunda

1."11 paparabotan sangkan bisa bersaing dipanggung nasional, jadi kawajiban urangsarerea pangpangna parnarentah JawaBarat nu kudu nyayagikeun lembaga-lemba-ga anu mere kasempetan ka barudak Sundapikeun ngulik elmu jeung ngalatih kamam-puhna dina sagala rupa widang. Henteucukup ku ngayakeun sakola formal, tapikudu nyayagikeun perpustakaan sing reakatut gedong-gedong pikeun latihan jeungmintonkeun rupa-rupa kagiatan jeungkasenian. Ayeuna mall apan ulah pon jangmintonkeun kagiatan atawa kasenian, keurtempat arulinna barudak oge apan henteuaya nu mikiran, padahal pakarangan jeunglapangan anu tadina jadi tempat barudakulin beuki heureut malah geus laleungitan.Kasadar minangka urang Sunda perelu

diipuk, tapi kalawan kasadaran yen Sunda~yeuna ayana di lingkungan Indonesia.Urang Sunda ayeuna lain turunan PrabuSiliwangi nu rek ngadegkeun deui kaagu-ngan Pajajaran. Kahiji, ku sabab boh PrabuSiliwangi boh karajaan Pajajaran nepi kakiwari henteu aya buktina saeara historis.

\ Kadua, ku sabab nagara Republik Indonesia. lain tuluyna ti karajaan Pajajaran atawakarajaan lianna anu kungsi aya di Nusantarasaperti Tarurnanagara, Kutai, Sriwijaya,Majapait, Sarnudra-Pasai, Goa, Ternatejeung lianna. Lain hartina titinggal karajaan-karajaan nu baheula kudu dianggap henteuaya. Karajaan-karajaan 'nu kungsi aya diNusantara nu geus bubar teh apan reawarisanana, pangpangna kakayaan senibudayana, sastrana, falsafahna, jeung readeui. Kakayaan anu sakitu beungharna tehayeuna jadi milik nagara jeung bangs aRepublik Indonesia anu kudu dipiara sartadimekarkeun sabada dipiceunan hal-hal anuhenteu Iuyu jeung cita-cita bangs a katut .nagara Indonesia anu geus milih demokrasijadi dasar jeung republik minangka wangu-

nan nagarana.Kuduna nya warisan budaya nu aya di

unggal seler nu jadi pananjeuran din a eng-goning .nyanghareupan panarajang globali-sasi teh. Tapi ku lantaran kasalahan parapamingpin waktu ngadegkeun nagaraRepublik Indonesia dina enggoning milihsistim sakola, di sakola teh barudak uranghenteu diwanohkeun kana budaya karuhun-na masing-masing, nepi ka barudak Indo-nesia ayeuna umumna henteu terangeunkana budaya warisan ti luluhurna.Nya jadi kawajiban urang ayeuna ngusa-

hakeun sangkan barudak Sunda anu bariscumarita di panggung nasional minangkaurang Indonesia, dibekelan ku kawanohkana sajarah jeung budaya Sunda singCUhIP, miboga kareueus jacli urang Sunclatur reueus deuih ku basa Sunda jeungbudaya Suncla. Urang Suncla kuclu micontoka urang Palestina nu sanajan saumur-urnurhirup cli pangungsian, tapi henteu pohokana atikan nepi ka mampuh nernbongkeunprestasi clialam moderen, tanagana mibogawawasan jeung kabisa nu dipikabutuh kunagara-nagara sejen, salian ti miboga katres-na ka lemahcaina anu Iuar biasa, nepi kahenteu lebar ku jiwana sorangai I. Hiji urangPalestina anu sahicl ku lantaran mawa bornsarta dibitukeun di kubu musuh jadi wartadi sakuliah dunya nimbulkeun kakagumunggal jelema. Sabalikna maotna urangSunda kakara jadi warta pedah pikarunya-eun aya ratusan urang nu kaurugan runtahatawa taneuh longsor nu ngabuktikeunkateumampuh urang dina enggoning ngu-.rus alam.

Panutup

Minangka panutup, seja ngahaturkeunnuhun nu taya hinggana ka Prof. Dr. GanjarKumia, DEA, Tim- Promotor katut SenatGurubesar Universitas Pacljadjaran anumaparin gelar DR HC ka kuring, Prof.Ganjar Kurnia ti barang jeneng jadi RektorUniversitas Padjacljaran kagungan niatmaparin gelar DR HC, sangkilang ku kuringsababaraha kali clitolak cla rumasa umurgeus cueut ka hareup tur saumur dumelahhirup tanpa gelar ge alhamclulillah asajeunghuripna, nu matak otobiografi oge dijudulanHiclup Tanpa Ijazah (2008). Ku sabab aran-jeunna terus ngeukeuhan, kuring ngarna-jukan sawatara sarat nu kabehanana disa-tujuan, antarana sangkan ieu biantaraclitepikeun clina basa Sunda. Ku kituna ieuteh biantara panampian gelar DR HC numunggaran nu clitepikeun clina basa indung,nyaeta dina basa Suncla. Mudah-rnudahanmukakeun jalan pikeun nu sejen anu reknepikeun biantara ilmiah dina forum uni-versitas dina basa indungna, sabab hal etabisa jacli bukti yen basa inclung bisa jadi basaelmu. (rengse)

Pabelan, Agustus, 2010.

21