SASAKALA LEMBUR KURING 6
SASAKALA KARAWANG
Asal ngaran Karawang dicandak tina
bahasa Sunda nyaéta ‘karawaan’ nu hartina
tempat rawa. Ngaran éta saluyu sareng kaayaan
géograpis Karawang.
Ngaran-ngaran kampung di daérah
Karawang réa nu maké awalan “rawa”, misalna :
Rawasari,
Rawajati,
Rawagedé,
Rawamerta.
Daérah éta, kaayaan taneuhna leuwih
handap tibatan daérah nu séjénna. Jadi, kecap
Karawang asalna tina rawa.
Kamandang nu séjén nyaritakeun yén
Karawang éta asalna tina kecap “karancang”
hartina liangan. Kamandang ieu dumasar kana
kanyataan yén muara walungan éta cabangna
lima, nepi ka cabang muara éta taneuh di muara
7
walungan Citarum ngajadikeun ngabeulah-beulah
ku aliran walungan Citarum, sahingga kusabab
kitu taneuh nu didinya siga anu ngaliang.
Ngaran Karawang geus kawéntar ti nalika
ti masa Pajajaran, kusabab Karawang jadi kota
lalu-lintas pameuntasan nu penting, nu
ngahubungkeun Pakuan Pajajaran sareng pusat
kerajaan Galuh Pakuan di sabuderen Ciamis.
Sawatara kitu numutkeun sumber Portugis
nyebutkeun yén “Pelabuhan-pelabuhan penting
dari Pajajaran, seperti yang diberitakan oleh
sumber-sumber Portugis ialah …, Caravan
(Karawang) pada sungai Citarum,….” Ku kituna
masarakat nyebut Karawang téh ku kecap
Caravan.
Nalika jaman Mataram diparéntah ku
Sultan Agung, Karawang disebat “Siti Nagara
Agung”. Hal ieu tiasa ditingal ku ayana piagam ti
Sultan Agung ka Ki Rangga Gedé nu dititipkeun
8
ka Astrawardana, ku aya maksud sangkan
hubungan sareng Nagara Agung tiasa kajaga.
Kamandang P.A.A Jayadin naon nu
dimaksud sareng Siti Nagara Agung téh nyaéta
Karawang téa. Dina jahul kuburan Bupati
Singaperbangsa di Ciparagé, dituliskeun antarana
kecap-kecap “DI SITI BONGAS KILEN”.
Bongas klién hartina wewengkon belah kulon
(Bongas hartina bates), maksudnamah nyaéta
Karawang. Salian ti éta aya ogé nu nyebutkeun
yén Aria Surengrono di paréntah Sultan Agung
pikeun indit ka Rangkah Sumedang pikeun
ngusir tentara Banten. Nu dimaksud Rangkah
Sumedang nyaéta Karawang.
Urang Walanda nyebutkeun ngaran
Karawang ku sebutan “Cravangh” Jeung
masarakat umumna nyebut Karawang.
***
9
SASAKALA PASIRKALIKI
Jaman baheula aya hiji lembur nu teu
kacida gedéna daérahna baseuh da sakuriling
jeung satungtung deuleu téh katempona tegal
jeung tangkal kaliki hungkul. Tacan aya nu
nyicingan éta lembur, da émang can aya nu
wanieun. Ngan di lembur éta téh kasohor pisan
sumber minyakna ngan can aya nu wanieun
kadinya.
Dina hiji waktu aya urang Bandung nu
ngadangu éta lembur. Maranéhna datang ka éta
lembur, tidinya mimitian lembur éta téh di bukbak
jeung di babad tegal tangkal kalikina. Mimiti
tidinya lembur éta nu tadina tegal jeung tangkal
kaliki hungkul ayeuna jadi lembur anu pendatang
ti Bandung téa. Pendatang éta perenahna Bandung
na di Pasirkaliki, tidinya urang Bandung nu aya di
lembur éta ngaranan lembur anu di babad téh
lembur Pasirkaliki.
10
Ti saprak harita nu daratang ka lembur
Pasirkaliki téh tiap poéna nambahan waé malah
nu lolobana mah urang Bandung jeung Cianjur.
Urang Bandung jeung Cianjur éta téh ahli seni
sadaya mangkana basa harita mah Pasirkaliki téh
kasohor gudangna ahli seni. Taun 1915
Pasirkaliki nembé di anggap désa Pasirkaliki lebet
ka Kabupatén Karawang.
***
11
SASAKALA SEMPUR
Dina jaman baheula aya hii lembur.
Lembur éta pinuh ku tatangkalan kaliki. Ngan lain
éta nu ngasohorkeun éta lembur tapi kasohor ku
aya hiji wanoja anu gumeulis pisan.
Kacaritaken aya pamuda pangangguran
anu ngadangu yén aya hiji lembur anu ngabogaan
wanoja anu gumeulisna teu katulungan. Éta
pamuda téh panasaran pisan nepi ka dijugjug
néangan lembur nu rék di datangan. Poé ka poé,
jalan jeung jalan, totoang jeung totoang di liwatan
tapi lembur nu rék di jugjug téh can kapanggih
kénéh.
Hiji mangsa keur ditotoang pamuda éta
téh ngasoh nyalandé di tangkal kaliki da émang
karasa capé pisan. Keur ngeungeunahna ngasoh
pamuda éta ningali ti kajauhan tangkal kaliki téh
sérab, manéhna panasaran naha tangkal kaliki téh
bet katingali sérab. Bakating ku panasaran éta
12
disampeurkeun tangkal kaliki éta téh, pas
katingali deukeut, sihoreng téh tangkal kaliki éta
kena cahaya mojang nu keur di deukeutna. Cahay
mojang éta ngempur nepi ka nyérabkeun tangkal
kaliki éta. Pamuda éta nyadar yén mojang nu di
omongkeun téh ayeuna aya di hareupeun
manéhna.
Ti saprak harita lembur éta téh katelah jadi
lembur sempur anu asalna ti kata ngempur.
***
13
SASAKALA RAWACULA
Aya hiji lembur nu sakurilingna téh pinuh
ku rawa sareng hutan geledegan. Datang Mbah
Éyang Aksan ulama ti Jawa lebet ka lembur éta
terus ngabukbak éta hutan nepi ka jadi lembur,
ngan aya hiji nu teu di bukbak nyaéta rawa nu aya
didinya, kusabab éta rawa téh pinuh ku oray jadi
teu wani ngabukbak éta rawa. Sabérésna éta hutan
di bukbak téh Mbah Éyang Akung ngaranan éta
lembur Rawaula. Rawa téh asal muasalna ti
ningali didinya aya rawa ari ula téh dina bahasa
wewengkon didinya hartina oray jadi rawaula téh
rawaoray.
Teu lami tidinya datang deui ulama ti
Jawa nu jenenganna Mbah Éyang Apra, datangna
mbah Éyang Apra ka rawaula téh teu nyicingan
tempat anu di tempatan ku Mbah Éyang Aksan
tapi ngabukbak deui sésa lahan nu teu di bukbak
ku Mbah Éyang Aksan. Sanajan ngan sésa bari
14
jeung saeutik éta lahan téh hak Mbah Éyang Apra.
Lembur éta téh di ngaranan babakan leupeut.
Akibat kajadian éta lembur rawacula téh
kabagi dua rawacula anu dicicingan ku Mbah
Éyang Akung lebet ka desa pasirkaliki, hiji deui
rawacula nu dicicingan ku Mbah Éyang Apra
lebet ka desa pasirawi.
***
15
SASAKALA RAWACULA HUJAN
Dina hiji waktu Pa Artalim asli turunan
urang rawacula ngayakeun hajatan dibumina, réa
pisan nu daratang ka éta hajatan téh da émang pa
Artalim téh salah sahiji tokoh masarakat pas
jamanna.
Harita aya musafir nu keur aus milarian
cai. Ngjugjug lembur ka lembur nepi mangihhan
teu kahaja lembur rawacula nu kaparengan
didinya aya nu keur hajat nyaéta pa Artalim.
Musafir éta ngadatangan ka nu hajat éta
tujuanamah ngan ménta cai hungkul, tapi saprak
rék ngadeukeutan Pa Artalim nyampeurkeun bari
ngomélan éta musafir bari pok ngomong “Tong
kadieu bisi tamu urang geuluheun, mangkat
kaditu jig mangkat” carék pa Artalim. Teu lili
tidinya musafir éta indit ka kalér perbatasan bari
susumbar gugupay ka langit, pok ngomong “Hey
saturunan si Artalim bakal diturunkeun hujan mun
16
boga niatan hajat, méong turun” saprak tidinya
langit jadi poék, hujan turun.
Dugi ka ayeuna mitos éta masih aya yén
saha mun urang rawacula ngagaduhan hajat pasti
turun hujan.
***
17
SASAKALA SUMURBATU
Jaman baheula Karawang téh kasohor ku
lumbung padi sareng jalur perlintasan nu kalintar
raména. Nu timamana mun rék indit ka wétan
atawa ka kulon milari bahan pidahreun téh
nyimpang heula ka karawang.
Dina hiji mangsa musafir musafir téh
kakurangan cai, maranéhna bingung kamana kudu
meunangkeun cai. Hampir sakarawang téh usum
halodo atuh cai ogé hésé.
Dihiji lembur aya pamuda nu keur
bingung milari cai, manéhna geus kukurilingan
néangan hulu cai api teu kapanggih-panggih.
Manéhna kapikiran rék nyieun sumur suganwéh
aya caian. Teu lila tidinya ngagali sumur, ngan
can gé nepi ka jero pacul téh mentog pas di tingall
téh batu nu ngahalangan di jero taneuh, atuh jadi
hésé rék ngagali ogé. Manéhna pindah tempat
ngagalina rada jauh ti tempat nu tadi, macul deui
18
waé terus teu lila tidinya deui pacul téh asa
mentog deui waé pas ditingali téh batu deui waé
anu ngahalangan. Atuh manéhna téh aral pisan,
pindah deui waé tah tempatna ayeunamah
tukangeun imah deukeut tatangkalan anu gédé.
Ayeunamah diniatan mun sakali deui mentog ku
batu pkonamah rék padu lanjutkeun waé, teu
paduli. Maju deui tah macul manéhna téh, bener
tah sangkaan manéh téh yén bakal aya batuan
deui, ah da émang geus niat mun aya batuan gé
rék lanjut waé macul. Aya ku lilana macul rarasan
geus jero karak kapanggih cai tah, atuh kacida
bungahna. Ngan hanjakal dihandap téh aya batuan
kénéh. Tapi pas di siuk mah cai na téh hérang.
Ti saprak harita kasohor tah sumur éta téh
sumur batu, réa pisan nu datang ka sumur éta
pikeun ngala caina atawa rék ningali hungkul.
Sanajan halodo, sanajan di lembur batur cai geus
19
SASAKALA MALANGSARI
Hiji mangsa aya lembur babakan anu
perenahna di tengah sawah. Lembur étatéh
sabenernamah teu jauh teuing kaditu kadieuna,
ngan dipisahkeun ku totoang jeung sawah
hungkul. Nu ngajadikeun lembur éta jarang aya
nu datang téh da didinya téh baheulana di
tungtung totoang aya patok nu malang
ngahalangan jalan nu rék asup ka lembur éta.
Dugi ka ayeuna katelah éta lembur téh
lembur Malangsari.
***
21
SASAKALA TELUKJAMBÉ
Dina hiji mangsa aya pamuda nu keur
milari dukun pikeun ngajampékeun bapan nu keur
teu damang. Dilembur manéhna gé aya dukun nu
bisa ngjampékeun bapana ngan sababaraha kali
ogé bapana téh teu cageur-cageur malah nambah
parna.
Nalika pamuda éta pegat harepan lantaran
bapana can cageur-cageur mnaéhna meunang béja
yén aya lembur nu ngabogaan dukun nu bisa
ngubaran, lembur éta perenahna aya di belah
kidul Karawang. Teu lila tidinya langsung waé
pamuda éta mawa bapana ka lembur anu
dibéjakeun tadi. Kukurilingan maranaéhna
néangan lembur éta ngan teu kapanggih waé.
Basa nanyakeun kanu liwat dijalan, dibéjaan tah
tempatna téh ceunah mah teu jauh tidinya.
Langsung dijugjug deui tah éta lembur téh,
didinya aya imah nu pinuh ku jalma. Kapanggih
22
ogé tah éta lembur nu ditéangan téh. Ngan nu
matak bingung éta lembur téh ngabogaan
sababaraha dukun malahmah réa pisan dukun,
atuh kacida bungahna manéhna téh da jadi loba
piliheun pikeun ngobatan bapana. Sanajan teu
cageur di dukun nu hiji aya deui dukun nu
séjénna.
Tidinya katelah lembur éta téh
Telukjampé, da didinya réa pisan dukun nu bisa
ngajampékeun pasén. Ngan kadieu kadieu
Telukjampé jadi disebut Telukjambé.
***
23
SASAKALA CURUG SANTRI
Kacaturkeun aya hiji pasantren anu ayana
di pakidulan Karawang. Santri-santri éta
pasantrén téh keur meunang kabingung nu teu
manggih tungtung, lantaran di éta pasantrén keur
hésé cai, anu sababna keur usum katiga. Sumur-
sumur jadi saat, ragasi garing. Padahal cai téh
apan sakitu diperlukeuna. Tuda katiga téh mani
euweuh tungtungna.
Ajengan éta pasantrén nitah sababaraha
urang santrina pikeun néangan cai ka gunung.
Malah mun bisa kudu kapanggih hulu caina,
sangkan lamun sakalina butuh deui ku cai kari
néang kadinya.
“Ieu téh cocoba pangéran. Urang kudu
tetep ihtiar, ulah aral. Jig, maranéh ka gunung,
sugan manggihan cai keur kaperluan urang
sapopoé didieu!” ceuk Ajengan.
24
Narima paréntah ti ajengan kitu téh, para
santri kacida bungaheunana.
Sanggeus nyiapkeun dirina masing-
masing, para santri téh bring marangkat ka
gunung. Mangkatna nyusur-nyusur walungan anu
caina geus saat ngolétrak. Ngan kari batu-batuna
baé nu katingal. Beuki jauh beuki nanjak, beuki
asup ka leuweung.
Sanggeus lila apruk-aprukan ditengah
leuweung, kadéngé sora cai. Tapi barang
didéngékeun, éta sora cai téh teu puguh dimana-
dimanana. Sakapaeung asa kadéngé ti kalér, tapi
sakapeung asa kadéngé ti kidul. Sakapeung deui
mah asa teu kadéngé.
Ngan anu pasti mah, éta sora téh datangna
ti tonggoh. Rombongan santri bring deui mapay-
mapau walungan nu beuki nanjak. Disisi
walungan katingal tatangkalan anu sakitu gedéna.
Sakapeung kadéngé sora lutung silih témbalan.
25
Beuki ka luhur jalan téh beuki lésang.
Hiji- hijina anu matak ngabungahkeun haté para
santri téh di walungan tos mimitian katingal cai,
beuki luhur deui cai téh ngocorna beuki gedé sarta
batu-batuna mimiti loba nu kakeueum.
Sanggeus leumpang sakitu jauhna santri
téh nepi ka hiji tempat anu lalega. Kaayana matak
pibetaheun, kacida segerna. Ngan lain éta nu
matak pibungaheun téh tapi asalna sora cai nu
matak pibungaheun, apan éta nu diténgan nu jadi
tujuan maranéhna mangkat ti pondok téh.
Bari ngareureuhkeun kacapé jeung
nuuskeun késang, santri-santri barungah didinya.
Ngadon madi kokojayan dina leuwi jeung madi
dina curug nu caina sakitu segerna. Malah tuluy
ngadon sarolat di dinya, kusabab loba batu anu
cukup dipaké keur ruku atawa sujud.
Geus manggih hlu cai mah santri-santri
téh marulang deui, ngan teu poho ngeusian
26
wadah-wadah cai anu ngahaj meunang mekel ti
pasantrén. Bring balik deui mapay-mapay jalan
urut tadi datang.
Nepi ka pasantrén santri-santri étatéh
dipapag kalawan bungah. Ku ajengan dinuhun-
nuhunkeun lantaran geus manggihan hulu caina.
Béja yén aya santri nu manggihan curug
téh kadéngé ku lembur-lembur séjén. Loba jalma
nu ngahaja datang kadinya pikeun ngala cai bari
sakalian hayang apal kacurugna. Teu anéh lamun
dina waktu anu sakeudeung éta curug kawéntar.
Lain ku anu butuh cai hungkul tapi ku anu
ngahaja hayang uling kadinya.
Nepi ka ayeuna éta curug ngaranna
katelah Curug Santri.
***
27
SASAKALA SAMPORA
Kacaturkeun aya hiji hutan geledegan anu
hieum pisan. Datang hiji jalma ngababad éta
hutan téh, hutan éta téh lolobana ku tangkal
sampora. Di babad wéh tah hutan téh, ngan aya
hiji tangkl sampora anu béda, anu ngabédakeun
tangkal sampora éta téh nyaéta gedé jangkung
béda jeung nu séjénna. Ku jalma éta tangkal anu
béda téh teu di babad di antepkeun waé.
Ti saprak dibabad harita, hutan éta
dijadikeun lembur. Kusabab aya tangkal sampora
lembur éta katelah nepi ka ayeuna ngaranna
lembur Sampora.
Sampora asup ka désa Sukamerta, ngan
saprak kaping 3 januari 1978 Sampora misah ti
Sukamerta jadi asup desa Sukapura, ngaran
Sukapura nyaéta Suka téh tina kecap Sukamerta
ari Pura nyaéta tina Sampora.
***
28
SASAKALA RAWAGEDÉ
Basa harita Walanda datang ka Indonésia,
niatnamah rék ngajajah. Perenahna kacaritakeun
datang ka lembur Rawamerta rék néangan salah
sahiji pajoang nyaéta Kaptén Lukas Kustario.
Anjeunna téh Komandan Batalyon Tajimaléla,
Brigade II/Siliwangi. Walanda téh kacida
geuleuheunana ka anjeunna téh, lantaran Kaptén
Lukas Kustario téh sok nyerang pos-pos Walanda.
Tentara Walanda tuluy nyieun bewara, sing saha
anu bisa néwak Kaptén Lukas anu keur jadi
buronan, bakal dibéré hadiah 10.000 gulden.
Walanda datang ku nanya-nanya ka
masarakat, dimana Kaptén Lukas?? Dijawab ku
masarakat téh Kaptén Lukas aya dihiji lembur di
belah kalér,da sieun di dérédéd téa
Dina hiji mangsa, lembur anu rék
didatangan ku Walanda téh meunang béja yén
Walanda rék datang ka éta lembur. Atuh
29
pamingpin éta lembur téh teu ngeunah cicing
kumaha sangkan Walanda teu datang ka éta
tempat. Kacaritakeun dilembur éta aya hiji dukun
anu kawéntar pisan kamana-mana. Pamingpin
lembur ngadatangan éta dukun, rék ménta
pitulung. Ku dukun di sanggupan, béjana yén
Walanda moal datang ka lembur ieu.
Basa Walanda geus deukeut ka éta lembur,
anu dituduhkeun ku masarakat. Anu katingal téh
lain lembur tapi rawa jeung tatangkalan anu masih
geledegan. Atuh Walanda téh kacida adatna,
langsung teu jadi ngadatangan lembur éta téh
balik deui ka pos. Sihoréng teuaya nu salah ka
lembur éta mah, ngan mata batin Walanda anu
ditutupan ku dukun jadi rarasaan manéhnamah
anu katingal satungtung deuleu téh rawa lain
lembur.
Ti saprak harita kabéja-béjakeun yén
walanda teu jadi ngadatangan lembur anu
30
dicicingan ku Kaptén Lukas lantaran nu katingal
ku maranéhnamah katingalna rawa geledegan.
Tidinya éta lembur katelah dugi ka ayeuna
ngaranna lembur Rawagedé.
***
31
SASAKALA KOBAK KENDAL
Kacaritakeun aya hiji lembur anu keur
nyorang usum halodo panjang, atuh jadi hésé cai.
Pamingpin lembur éta maréntahkeun ka
masarakat yén ayeuna urang kedah sabar pikeun
nyanghareupan ieu halodo, ieu téh cobaan ti nu
Pangéran.
Aya pamuda nu ngagaduhan ideu pikeun
nyieun sumur, dibéjakeun éta ideu téh ka
pamingpin lembur. Pamingpin lembur éta
nyatujuan pisan.
Teu lila tidinya masarakat téh nyarieun
sumur, ngan sumur nu dijieun téh teu daékeun aya
caina. Nepe kahiji mangsa aya sumur nu aya
caian, tapi saking masarakalt loba pangabutuhna
éta sumur téh di legaan nepi ka jadi kobak. Kobak
éta caina hérang, dipaké nginum, mandi nepi ka di
paké nyeuseuh ogé.
32
Tidinya lembur éta katelah nepi ka ayeuna
ngaranna lembur Kobak Kendal. Ari kobak asalna
tina kobak anu dijieun ka masarakat, mun kendal
asalna tina kata ‘kendali’ nyaéta kobak nu
ngendalikeun kahirupan lembur éta nu
ngamangpaatkeun caina.
***
33
SASAKALA KEDUNG
Lembur ieu perenahna aya dipakidulan
Karawang. Aya di dataran luhur, taneuh na pinuh
ku rawa. Hutan geledegan, sato-sato kasada siga
nu patémbal-témbal.
Lembur éta ngaranna babakan, ngan ti
saprak aya jalma nu ngumbara datang ka lembur
éta ningal lembur didataran pangluhurna katingal
lembur éta téh bentukna Letter U, tidinya lembur
éta katelah nepi ka ayeuna ngaranna lembur
Kedung.
***
34
SASAKALA ASTANA PANJANG
Jaman baheula nu ngeusian lembur
Pasirkaliki téh nyaéta pindahan urang Bandung
sareng Cianjur. Nu ahli seni didinya ngarumpul.
Basa harita taun 1915 Pasirkaliki jadi désa, nu
ngeusian lembur éta téh nambahan lain urang
Bandung sareng Cianjur hungkul tapi ti daérah nu
séjénna ogé daratang ka Pasirkaliki. Beuki dieu
lembur éta téh beuki nambahan legana. Anu
tadina kaasup ka désa Pasirawi ayeuna misahkeun
jadi désa Pasirkaliki.
Ti saprak harita nu ngeusian penduduk téh
nambahan, duka urang Bandung sareng urang
Cianjur na kamarana, ngan anu pasti mah titinggal
perkakas seni na mah araya kénéh, nyaéta nu
ayeuna dikuburkeun nu eusina alat gamelan,
bedog, keris jeung sajabana. Kuburan éta téh
kacida panjangna aya kana dua meterna langkung.
35
SASAKALA TEGALSAWAH
Kacaritakeun hiji wewengkon nu
sakurilingna pinuh ku sawah, tegal jeung
tatangkalan. Hawana masih kénéh harieum, sora
manuk kasada siga anu patémbal-témbal. Tempat
éta biasa dijadikeun tempat ngangon sapi, da
émang can aya nu nyicingan.
Aya pendatang nu ningali éta tempat,
anjeunna nu ngamimitian nyicingan éta tegal. Ti
harita kabéjakeun yén aya lembur anyar anu
dicicingan ku pendatang, teu lila tidinya beuki
dieu beuki réa nu nyicingan téh. Nepi ka ayeuna
éta lembur katelahna lembur Tegalsawah da
émang mimitna tegal sareng sawah hungkul.
***
37
SASAKALA LADANG HUMA
Aya hiji lembur anu perenahna di desa
Sukapura. Lembur éta tiasa disebut babakan
kumargi kaayaan lemburna aya di tengah-tengah
sawah. Ka lembur séjén téh kahalang ku totoang
jeung walungan.
Lembur éta téh tapina jadi tempat
jugjugan pikeun anu ngadon nyawah jeung
ngarambét, atawa mun keur usum panén mah para
paderep téh sok ngadon ngingu bébék dilembur
éta téh sabari nyieun ténda di sisi-sisi walungan.
Ti saprak tidinya lembur éta téh katelah ku
ngaran lembur Ladang Huma nepi ka ayeuna.
***
38
NARASUMBER
Wasta : Didi Iskandar
Tempat tgl lahir :Karawang, 24 Oktober
Alamat : Dusun Kedung Mulya
Kampung Rawacula
Rt.28/08 Pasirkaliki
Karawang
Wasta : Acum
Tempat tgl lahir :Karawang, 1952
Alamat : Dusun Kobak Kendal
Desa Sukapura Rawamerta
Karawang
Wasta : Wiryadi
Alamat : Dusun Sampora Desa
Sukapura Rawamerta
Karawang
Wasta : Ahon Sukarya
39