Top Banner
Bismillahirrahmannirrahim PUPUH DANGDANGGULA 1. Anu jadi tembang kawit Jisim kuring nu gaduh wawacan Seja anut agama baé ….gusti nabi rasul Sabab éta manusa suci Utusaning gusti Allah Dipiwarang muruk tegesna lalawora geus cap beureum suratna quranul’adzim Piagemna ti Pangéran 2. Jalma kabéh satungkebing bumi Kudu nurut sarta kudu islam Sawurukna turut baca Kudu maca lapad asyhadu Anlaa ilaha illallahu Wa asyhadu anna Muhammad rasuli Ari i’tikadna urang taya deui Pangéran kawasa sakabéh ngan gusti Allah nyalira 3. Percayana ngan ngan ka manusa hiji ngan ka nabi Muhammad saurang mana kudu anut baé mana nu disebut ratu nabi Muhammad di bumi …… ka sajagat Mana Kudu nurut ........ ........... 1 Sina jakat Ngan tengahna anu ngagugu ka nabi pajarkeun lalawora 2 4. Ari nabi kagunganana bumi jeung Ibuna ramana di Mekkah Jalma ngan girukbaé Sababna ngagugu Geus puguh jauh ka Nabi Cacakan di Mekah pisan Islam kafir campur 1 terpoétong 2 lalora
72

Sama'un finishing

Mar 13, 2023

Download

Documents

Welcome message from author
This document is posted to help you gain knowledge. Please leave a comment to let me know what you think about it! Share it to your friends and learn new things together.
Transcript
Page 1: Sama'un finishing

Bismillahirrahmannirrahim

PUPUH DANGDANGGULA

1. Anu jadi tembang kawit Jisim kuring nu gaduh wawacanSeja anut agama baé….gusti nabi rasulSabab éta manusa suciUtusaning gusti AllahDipiwarang muruktegesna lalaworageus cap beureum suratna quranul’adzimPiagemna ti Pangéran

2. Jalma kabéh satungkebing bumiKudu nurut sarta kudu islamSawurukna turut bacaKudu maca lapad asyhaduAnlaa ilaha illallahuWa asyhadu anna Muhammad rasuliAri i’tikadna urang taya deui Pangéran kawasa sakabéhngan gusti Allah nyalira

3. Percayana ngan ngan ka manusa hijingan ka nabi Muhammad saurangmana kudu anut baémana nu disebut ratunabi Muhammad di bumi…… ka sajagatMana Kudu nurut ...................1Sina jakatNgan tengahna anu ngagugu ka nabipajarkeun lalawora2

4. Ari nabi kagunganana bumijeung Ibuna ramana di MekkahJalma ngan girukbaéSababna ngaguguGeus puguh jauh ka NabiCacakan di Mekah pisanIslam kafir campur

1 terpoétong2 lalora

Page 2: Sama'un finishing

Malah-malahMekah pisanRajana3diménakan kunu kafirNabi mah ka tukang-tukang

5. Ngeusian di mekah téh kafirMénak nagé radén JahalTegesna Ménak GegedénKabéhge pada ngaguguAri éta Hiji nu kafirKi Halid rahayatnaJahat liwat langkungGarwana siti HunahBoga anak geus salapan sikiKi Halid Pék Neda-neda

6. Hayang pisan Boga anak lalakiAna nyembah4 kana berhala5

Meuncit sapi unggal poéSapoéna saratusSawidak meuncitnaBaginaka berhala6

Neda anak lalakihanteu nyuhunkeun ka Allah sabab hanteuanutkana lampah nabiAnut na Ka Abu jahalLawas-lawas Garwana Ki HalidSiti Hunahreuneuh mendeuyangKeur kitu beut Datang baéCahaya turun ti luhur ti langit ka imah HalidMalaikat téh ka sambatTilangit ping pituHé pangéran amba CahayaNaha turun ka imahna anu kafiramba mah héran kacida

7. Kapan étaKi Halid téh kafirNaha mani7 katurunan cahayaLajeng Pangéran ngadawuhInni a’lamu malaa ta’lamuunManéh bodo pinter mang AingReuneuh geus salapan bulan

3 rajanan4 nembah5 barahala6 barahala7 mana

Page 3: Sama'un finishing

Tengah peuting ngajuruSiti Hunah téh haritaAna borosot lalakiBurubul anu ngalayad

8. Barang Gubrag orok téh lalakisarta mu’min tuluy bé lumpat Kaburuan sujud baéTuluy maca lapadz AsyhaduAnllaa ilaaha illalloohWa asyhadu anna Muhammad rosuul8 Berhala sujud ka Allah Tuluy ngomong Hunah anut agama kafir…..9 agama Islam

9. Gusti Allah ngadawuh deuiMalaikat duméh pada héranTah ...Cahaya téhLamun manéhhenteu mafhumMalaikat héran deuiPangéran langkung uningaAmba bodo langkungMangka siti Hunah BabarCarogéna Ki Halid harita sepiKa pasar keur dagang onta

10. Di susulan ku bujangna hijiTuluy mulang Halid Ka imahnaGagancangan néang orokPék dilandih SAMAUNIbuna di mangsa hiji Samaun rék di susuhunAnggur tuluy maturIbu kuring teu kadugaHaram pisan Sabab ibu jalma kafirKuring mah da jalma IslamPantang melang ibu téh ka kuringPaéh Sabab ka,,,,,hanGeus kitu ki SamauntéhDipasihan kunu AgungRamo opat bijil caiAnu hiji bijil sodahAnu hiji bijil susu

8 rosuulullooh9 Tulisan terpotong

Page 4: Sama'un finishing

Hiji bijil cai10hérangHiji bijil madu leuwih amisHeug soakna Siti Hunah

11. Siti Hunah henteu mang-mang ati… manjing Islam Ngucapkeun kalimah roroAsyhadu anlaaiilaahaillalloohu11

Wa asyhadu anna Muhammad rasuulullaahReup peuting Siti HunahÉbogjeung SamaunDina jero kajuaranAri Halid diluar barina kemitSiti Hunah Gegerendengan

12. Didangukeun ti luar ku HalidSiti Hunah keur omong-omongan12

Ku Halid dipikir baé, naha da teu aya baturLalaki mah dangan angingAwéwéna ngan Siti HunahBoa Siti Hunah palungCacarita ngan soranganDa teu aya ieu anu sejen na deuiNaha ngomong reujeung saha

13. Geus bray beurang reup deui peutingKi Halid téhluareun ka juwaranBeut ngararomong deui baéKi Halid murukusunuSeur mateuk pedang pék inditManéh Siti Hunah jeung saha ngomong euweuh baturTaya lalaki nu lianAwéwéIstuning teu aya deuiDa ngan Siya sorangan

14. Ku aing téh henteu kahartiNaha sia ngomong jeung sahaSiti Hunahpoék ngawalonKapan jeung SamaunHalid ambeuk liwat sakingNaha sia téhdék Edan Hanteu Pisan patutOrok beureum bisa ngucapMoal temen karéktilu peuting

10 cani11 Asyhadu Anllaa illallooh12 Omo-omongan

Page 5: Sama'un finishing

Pék Siti Hunah ngandika

15. Hé Samaun manéh kudu ngomong deuiReujeung rama Sabab teu percayaHayang cara jeungIbu ngomongKi Halid tuluy asupKu samaun katingaliSamaun pék aweh salamAssaalamu ‘ala manittaba’ al huda rahmatullah tetepna ka jalmamu’minKafir mah purah doraka

16. Ki samaun ka ramana pépéling13

Ieu ama timbalan gusti AllahKuring téh sing hade-hadeAnut ka Kangjeng RasuliSaha anu teu anut ka nabiDi kulub di narakaMun anut hayuKi Halid ngadangu wartaTuluy Islamngucapkeun kalimah kalihAsyhadu Anlaa ilaha illallahwa asyhadu anna Muhammad rasuulalloohutuluy ka Gusti Muhammadberkah boga anak ahéngAri mang sabab kituTurun malaikat JibrilKa Kangjeung RosulullahMalaikat maturHéé tuan nabi Muhammad Samaun téh piwarang Rabbul’alaminKudu ngalayad ka budak

17. Ka imahna Siti Hunah HalidKangjeng Rosul angkat gagancanganGeus nepi Ka lawang pantoPantona di ketrok ketrokKi Halid mariksa Ka NabiSaha éta nu di lawangAri ceuk SamaunAma éta gusti urangKangjeng nabi kameumet Rabbul alaminRatuna sa alam dunyaHalid tuluy ngageuwat InditMuka lawang nabi tuluy léngkah

13 weweling

Page 6: Sama'un finishing

Dina katil leuwih ahéngKi Halid tuluy asupNyokot wadah alus kabumiWadah emas jeung pérakPék pakepuk nyuguhNgalayanan dua anBangsa Erum...... ka nabiKana Dampal sampeanana

18. Dicium dampal kangjeung NabiKi samaun indit MunjunganDampal diciuman baéGeus kitu ki samaunTuluy baéSasalaman ka kangjeng nabi La ilaha illalloohu Muhammada rosuuliKabéh barang daharBerjamaah bawaning ku suka atiPaleu eut jeung tuang

19. Ki samaun di lalahun ku NabiDiciuman antara socanaBari maos du….Waktuna eukeur di lahun Malaikat Jibril sumpingMatur ka RasulullahHékangjeung 14RasulliiBakal tulung gedé pisanIeu alamatna misah kafirKi samaun kasamaran

PUPUH ASMARANDANA

1. Kangjeung Nabi lajeng mulih ti Ki Halid ka bumina lawas-lawas Samaun téhgeus genep bulanan ari pikuateunana nanding kana genep tahun mashur sanagara Mekah Ari dina mangsa hiji aya nu karep ngalayad sahiji ménak gegedén ngaran Radén Abu Jahalménakna nagara Mekah

14 jeung

Page 7: Sama'un finishing

sumping ka latar Samaun Abu Jahal rék ngalayad Ku Samaun ditingali Samaun tuluy sosoak Éta ka ménak gegedén Lamun di pareng ku Allah Nyaéta satru doang Sia ku aing dibunuh Tangkurak sia téh bencar

2. Sia téh modar ku aing Abu Jahal tuluy Tarik sakalumpat-lampét Tuluy ka Patih SurakahGeus mashur yen gagah pamuk Abu Jahal pék bébéja

3. Ayeuna Surakah kami manggih budak rék maéhan kami kakara ngadéngééta budak bakal bakaljadi batur Ki Muhammad Surakah kumaha atuh urang pihadéeunana

4. Ki Surakah matur deui Taya ngan urangkumpulan balad kabéh peuting mangkéhiji perkara Muhammad kadua perkawis budak ku gamparan pundut sanggup ieu perkawis kacida

5. Abu Jahal walon deui ayeuna Patih Surakah…………………………..15

asa raremek nyatulang tambah deui beurat16 kacida mangka budak kitu boa aya alamatna

6. Mangsa reup peuting Abu Jahal miwarangan ngumpulkeun balad kabéh

15 tertutup16 buret

Page 8: Sama'un finishing

kabéh geus pada daratang payuneun raja Abu Jahal17

Surakah ngadawuh ayeuna ieu sadaya

7. Dipénta18 sanggup ku kami perkara Nabi Muhammad henteu anut ka gegedénlampah sok teu percaya ngaku jadi ratu sajagataya budak kitu bisina jadi alamat

8. Ayeuna kabéhkukami dipénta hujah nu enyatimbalan ménakgegedéntuluy jawab sadayana kuring mah susah kacida dipaéhan moal sanggup Muhammad sok bisa sulap

9. Matak19asup omong kuring kumaha lamun miwarangneda tulung ka gegedénaya nu gagah perkasa20

di nagara Iskandar éta mah istu pamuk jenengan pun raja Qinwan

10. Urang pada hatur bakti sadaya ka Raja Qibti wantun gegedén na nanaonkumaha21 pipanteseunana urang seba ka raja balad ngajawab ka batur éta geus leres pisan

11. Da urang téh hanteu miskin sagala di urang aya onta gedé kuda gedérupa-rupa papakéan geus rempug sadayana

17 Bu Jahal 18 péna19 madak20 perkosa21 kuma

Page 9: Sama'un finishing

tuluy kabéh pada sanggup lamun kitu petana mah

12. Tuluy ngiangkeun sahiji jalma ngaran Ki22 Baridindit ti Mekah ti Kuraéskocap datang ka Iskandar Raja Qinwan téh kasampak linggih di babancong kumpul Hémpak anu ngadeuheusan

13. Ki Inwan geus katingali Raja Qinwandék mariksa jalma ti mana ieu téhdék naon datang ka urang Ki Iswan tuluy haturan sim abdi aya piunjuk tapi rasiah kacida

14. Purwa ngadeuheus ka gusti dipiwarang ku ti Mekah saréng Kuréskabéhrék pihaturan gamparan Raja Qinwan ngajawab naha naon nya kabingung naon pikarupina

15. Sumuhun pariksa pisan Loba pisan nyakonggahdina ….téhmatak mentang ka gamparan pangmedangkeun Muhammad kitu abdi nya pihatur sapurwa bijil ti Mekah

PUPUH MIJIL

1. Raja Qinwan ngawalon deui Dék muruhan naonKi Muhammad lamun geus paéhKi Inwan haturan deuiDék ngabaktikeun sapi lobana saratus

2. Onta saratus siki 22 kai

Page 10: Sama'un finishing

ayeuna geus jogo reujeung bigal saratus gedésaratus kastori seungit jeung sapuluh istri jeung kuda saratus

3. Reujeung ……. saratus kati ayeuna geus jogo jeung saratus pangadeg pakésapuluh23 budak lalaki tambah dinar deui uwang emas sarébu

4. Raja.Qinwan ngawalon deui leuwih langkung atoh Iswan hayu urang ka imah déwékMemeh indit dahar ngopi tuluy Ki Iswan ngiring di bumi disuguh

5. Raja Qinwan jeung Iswan indit ka Mekah geus leos Kacarita geus tepi baékana kebon anu suni Seug raja Qinwan cicing dina kebon nyumput

6. Tina kebon Ki Iswan geus indit tuluy ka pakuwon nguningakeun sumping gegedénki24 Abu Jahal ka bumi ayeuna téh gusti Raja Qinwan itu

7. Abu Jahal ngawalon deui ulah waka cék-cok urang suguh (dicoret)masing linggihdi kebon baémangké geus peuting kudu haturanIinggih urang hurmat suguh-suguh

8. Raja Qinwan ari geus peuting tuluy ka pakuwon

23 Sapaluh24 kan

Page 11: Sama'un finishing

ka Patih Surakah baéSamaun pulang ti Nabi dék mulih ka bumi peuting pukul tujuh

9. Ki Samaun barang dék mulih Raja Qinwan témbong Raja Qinwan geus cicing baéDina lawang Radén patih pantona ditarik pék diketrok

10. Raja Qinwan nyalukan ka patih Ki Iswan geus nyaho kana sora Raja Qinwan téhparajurit kabéh arindit muka lawang panto sosiRaja Qinwan asup

11. Raja Qinwan geus dina korsi kabéh pada atoh dihurmat dihaturanTeuloba deui badami Da geus tutup tadi......

12. Kafir kafir pada bungah ati nabi bakal kojorayeuna mah urang gedé hatedatang gegedén..dikira saha nuwanimusuhna geura dur

Page 12: Sama'un finishing

PUPUH DURMA1. Raja Qinwan néangan Nabi Muhammad

Ngoték beurang jeung peutingPirang-pirang lilana di ider-ider di Mekah langkung barani purah dudupak cadu aya nu mahi

2. saking luhur umbang pangabaranana dudupakna leuwih tarik dadana buluwan jeung leuwih heuras bitisna Lampahna oray laki dina semuna moal aya ka aringgis

3. Samaun keur ulin jeung sahabatna Raja Qinwan téh kapanggih segut tumpak kuda Ceuk Samaun ka baturna nyaho silaing saha ngaranna segutna kacida teuing

4. Tuluy walon kuring mah nyaho kakara Ki Samaun walon deuiinsya Allah pisan éta mangké modar tapi …na kami Dék ka imah heula Tenangan kaliwat saking

5. Ki Samaun di imahna dadaharan karék sahuap geus indittuluy baé kana jalan pijalaneun Raja Qinwan Raja Qinwan téh kapanggih amprok25 di jalan Ki Samaun mawa encis

6. Pedang poéndok dihompét dina kelekna Raja Qinwan téh ngaginding lar ka hareupeunana ku Samaun pék ditanya dék kamana sia kapir

25 aprok

Page 13: Sama'un finishing

urang Iskandar Raja Qinwan téhseug malik

7. Begimana lu berani mulut sekarang Dan menau sekalihal kapada gua Samaun tuluy ngajawab sia téh di paman aing Patih Surakah geuning molor ti peuting

8. Raja Qinwan kerepna mah rék nyasaak pedang Samaun seug bijil buk-bek seug dipedang buk-bek beuheungna rebah kana walikatna tepi dadana rebah ngajoprak26 dina getih

9. Ki Samaun tuluy baé ka imahna ka ibuna pék pupulih ibu kuring medang maéhan urang Iskandar ibuna ngawalon deui geus montong susah éta ngamusuh ka nabi

10. Montong sieun da ditulungan ku Allahsabab éta mah jalma kapir tuluy baé aya béja27

yén Ki Samaun maéhan pada daratang si kapir kabéh naréang tua anom pada indit

PUPUH SINOM

1. Kafir kabéh pada budaldiutus ku patih pada néang Raja Qinwan barang jol sidik geus mati pada ngali taneuh cuk-cikulah rék di ruang jauh ambéh hanteu kanyahoan geus tutug nguruwang balikdi imahna pada nangkeup tuur susah

26 ngajopak27 baja

Page 14: Sama'un finishing

2. Tuluy pada nyieun ngakal menta hukuman ka Nabi opat puluh ngadeuheusan sakur jalma beunang milih nu bisa ngomong binangkitAmrih bendu ka Samaun Kangjeng Nabi pék mariksa dék naon pada sarumping opat puluh ka Nabi pada haturan

3. Nguningakeun hiji sémah urang Iskandar lalaki ku Samaun dipaéhan ku sadaya teu kaharti teu aya dosaanu misti urang Qurésy kabéh bendu maéhan teu kalawan hak naha geus idin ti Nabi Anu kauninga ka Rosulullah

4. Kangjeng Nabi teu ngajawabbawaning hanjakal teuing Samaun nya bangkawarah Jeung matak susah kami Nabi ngutus jalma hiji Ki Bilalnyaur Samaun Ki bilal ngageuwat angkat Ka Samaun anggeus indit Bilal ngomong disaur aya perkara

5. Samaun ngageuwat dangdan mawa pedang kancad kincidlir maung moro domba tuluy ngadeuheus ka Nabi heug uluk salam ka NabiSama’un maca Assalamualaika ya Rosulullah pék mariksa Kangjeng Nabieh samaun ka manéh saha nu nitah

6. Goréng temen laku lampah manéh lalaki téh…jalma hanteu boga dosa kami téh hanjakal teuing Samaun ngawalon deui

Page 15: Sama'un finishing

nuhun pisan Kangjeng Rosul kutan gusti téh uninga kana laku lampah kuring kamanahna maéhan nu taya dosa

7. Sumping utusan Pangéranéta malaikat Jibrilkapayuneun Rasululloh tuluy matur malak Jibrila hé sadérék kaula28 Nabi timbalan Gusti Yang Agung Samaun teu nganiaya sémah anu goréng ati. éta semah dék maéhan ka sampéanUrang Kuréskukumpulanasal paéhbaé Nabi kadangu ku Rasulullah pihatur malak Jibril tuluy baé kangjeung Nabisosowak téh kitu urang Kurés kukumpulan dék nganiaya ka aing mun teu nyaho jalma nu nganiaya

8. Teu meunang pitulung Allah Samaun bendu ka Nabi Samaum tuluy haturan lamun kuring idin saréng Idin Kangjeng Nabi Rosulmangga kuring arék ngamuk kabéh sanagara Mekah najan Madinah beresih Islam kapir kabéh paburisat

9. Tapi kuring teu kaduga sarta teu rempug jeungKangjeng Nabi walon deui Hé Samaun masing shabargeura tingali ulah arék gurung gusuh Ki Sama’un... kalahanggeus sidik ti Jabrail kapir-kapir kareupna megat urang

PUPUH MAGATRU 28 kula

Page 16: Sama'un finishing

1. Sanggeus paéh Raja Qinwan nu buburuh Abu Jahal sakit ati ayeuna mah henteu kitu Haruwas-harewos leutik katembong poén geus katembong

2. Abu Jahal amarahna29ngagugudugbudak bangkawarah teuing tayohbakal jadi palung ngawarah manéh cilimit indung bapa handap asor

3. Lain bakal melang ka bapa ka indung matak sangar di nagara lamun teu dipeuncit bingungnalaktak dijar wani dipoédaran matak naon

4. Abu Jahal nyaur ka sardadu di latar geus heurin usik sarébu jeung dua ratus hiji jalma kuda hiji Abu Jahal ngomong nyentor

5. Ayeuna téhkabéh-kabéh sardadu30

Rurugan anak Si Halid aing téh kacida giruk bet aya budak cilimit beunangkeun masingna kojor

6. Batur batur kabéh kudu bagi tilu anu opat ratus nya cicing ngepung di lembur Samaun anu opat ratus deui dina parantina mantog

7. Ari éta batur anu opat ratus kudu di pasar nya cicingulah dék pisah jeung batur lamun beunang cacag sik-sik aing téh bet abong-abong

8. Satimbalan Abu Jahal kabéh tuluy Samaun euweuh di bumi

29 ambarah30 saradadu

Page 17: Sama'un finishing

keur marék ka Kangjeng Rasul tuluy amitka bumi datang ka buruan nénjo

9. Aya jalma tumpak kuda opat ratus ngepung sakuriling bungking ayeuna sia Samaun ku aing bakal disik-sikibuna ti bumi melong

10. Sia dina poé ayeuna Samaun geus moal salamet diri ka saha nya ménta tulung Samaun ngajawab wani Ayah tulung ka yang Manon

11. Ki Samaun sebrét medang buk-bek ngamuk si kapir buk-bek seg mati tilu ratus nu ngalonjor

12. Kapir teu tahan ngalawanAnu hirup kabéh mantog

13. Nu saratus kabéh pada kalabur ibuna ningal ti bumi mayak bangké tilu ratus saur ibu dina atida geus kersaning Yang Manon

14. Ki Samaun ka bumina tuluy asup pék sujud sukur ti peuting ari dina waktu subuh ngadeuheus ka Kangjeung Nabi jalanna ka pasar jog anjog

15. Barang datang ka pasar kabéh opat ratus ngepung sakuriling bungking pada nanya ka Samaun tah geuning anak ki Halid dék kamana sia mantog

16. Ki Samaun Jawab kanu opat ratus Sia téh nanya ka aingAing téh hayang ngagempur Kabéhogédék dibasmiSamaun Luhnanti maot

Page 18: Sama'un finishing

PUPUH KINANTI

1. Aya hiji mashur ngaran ki Naim perjurit tuluy maju pangheulana nyingsieunan birigidig Samaun sia cilaka nya aing ngaran Ki Naim

2. Samaun teu barang urusbuk-bek ngamuk ka Ki Naim ngamuk sotéh leuleutikan dikadék luhureun birit bek di pedang jadi duwa ngamuk kanu séjéna deui

3. Buk-bek segmeunang saratus punjul hiji jeung Ki Naim nu sawaréh paburisat Ki Samaun tuluy deui mancat kana bumi haram beh manggih jalma anehJangkung luhur tarik tumbuk tapi tuluy lumpat tarik berebet ka bumi haram ku Samaun diberik kasusul palebah lawang jeung lebah …….

4. Bek Dipedang Ku Samaun Bawaning nu NgadéktarikNgajoprak panto bencar Si Kapir patingbiribit Hanteu kanyahoan losna Taya nu tangoh sahiji

5. Samaun ngamuk geus tutugTuluy Ngadeuheus ka nabidua tilu poé nyaba ka pasar séjéna ulin papangih jeung Abu Jahal sorangan di pasar cicing

6. Abu Jahal Ka Samaunnanya semu amis budi

Page 19: Sama'un finishing

Samaun ka awak urangjadi pitulung téh teuingbisa nempuh jalma lobaurang qurés hanteu mahi

7. Tuluy ngajawab ki SamaunAéh kadeuleu ngan saeutik... doif sarta hinaQudroting Robbul’alamiinKaténjo ku silaing mah Tayoh loba ceuk silaing

8. Abu Jahal tuluy wangsulTeu beda jeung tingal kamiSamaun tuluy ngajawabMontong loba omong teuingAnak silaing dipéntaKu déwék arék dikawin

9. Ayeuna déwékdék asup Kajero imah silaingAbu Jahal hanteu jawabLatam leteum léos balikTaya untupan ngalawanKi Samaun tuluy balik

10. Di imahna ki SamaunMikir hayang meunang putriSupaya anut agamaDuwa tilu poé deuiDipakuwon Abu Jahal Aya nu réndéngan kawin

11. Awéwé ti Qurés kumpulAnu gedé anu leutikMaraké maridang-ridangAri waktu geus peutingSamaun saré sakedapTengah peuting tuluy indit

12. Ka imah Bu31 Jahal asupDina panto aya istriKeur nangtung sorangan pisanKeur ngadagoan lalaki

31 Abu

Page 20: Sama'un finishing

Nu hayangeun ka manéhnaKu Samaun katingali

13. Istri nanya ka SamaunSaha ieu téh lalakiNya anom nya hadé rupaKadieu bagéa teuingLeungeun Samaun ditéwakDibawa asup bumi

14. Tuluy ngandika SamaunIstri kami méré hartiGusti Alloh teu ngampuraKa awéwé ka lalakiAnu ngalampahkeun jinahSamaun téhmujung budi

PUPUH PUCUNG1. Awéwétéh matur ka Radén Samaun

Kutan hideup IslamKa Muhammad agama téhKi Samaun jawab enya kula Islam

2. Nya kaula nu ngaran Radén32 Samaun

3. Anak Halid téaKaula incu Walid33pastiManjing Islam awéwé maca syahadat

4. Asyhadu anlaailaahaillaalloohuWaasyhadu anna muhammad rosuulalloh macaAwéwétéh miceun kafir manjing Islam

5. Tuluy naros istri ka Radén SamaunBari ayeuna sampéan Kamana pikersaeun natéhCeuk Samaun dék nyokot anak Abu Jahal

6. Awéwétéh kana kajuwaran asupSamaun ngantosanDina lawang panto baéTengah peuting keur meujeuhna raraména

32 Dén33 Wuléd

Page 21: Sama'un finishing

7. Barang nepi kana kajuwaran asupNya putri kasampakDina katil eukeur saréHanteu maké simbut hanteu maké samak

8. Ku awéwé putri tuluy dirangkulTina katil téaDikaléng leumpang ka pantoDisodorkeun ka Samaun pék di tampa

9. Mugi-mugi Gusti Alloh anu agungMaparinan rohmatPutri manjing Islam baéAnut Rosul kalawan maca Syahadat

10. Asyhadu anllaailaaha illaalloohuWaasyhadu anna muhammadRosuululloh maca natéh34

Istri dua ku ki Samaun dibawa

11. Barang nepi Samaun kabumi ibuKu ibuna ditingaliIbuna harendeug kagétMaca Laahaolaa walaa Quwwata35 illaa billaahi ‘aliyyil ‘adhiim

12. Aéh Samaun manéh naha kitu pétaAya pagawéan goréng ki Samaun tuluy walon ka ibuna

13. Awéwétéh duwa nana ieu purunSukana soranganTeu dipaksa ku kuring téhManjing Islam ieu anak Abu Jahal

14. Istri tetep di ibuna SamaunAri Abu JahalBanyak ngerik hateTibaheula ngakalan nabi Muhammad

15. Eukeur bingung ditambah aya SamaunTapi Abu Jahal yén anut mah moal baébabaturan anu kolot anu ngora

PUPUH SINOM

34 natah35 qowwata

Page 22: Sama'un finishing

1. Kocap sahiji nagaraGedéna kaliwat sakingNgunggulan nagara MekkahSarta leuwih mashur sugihRaja séjénna hanteu nandingKeur sugih ka mashur pamukLampah tinagara MekkahJauhna kaliwat sakingLalampahan onta kuda anu geus gancang

2. Dijalan kuda sabulanMalah punjul tujuh peutingNagara kaliwat jembarGusti jegud abdi sugihKayana kasisi-sisiWantuning nagara punjulCacakan nagara liyanKudat nyukup abdi-abdiBangsa kafirkabéh sanagara éta

3. Ngaran nagara Su’aroBupatina raja QobtiKagungan sahiji putraIstri sarta ngan sahijiGeulisna kawanti-wantiNang ayu punjul tibaturBinangkit tur loma tanganRupa terus kana budiPangan lemék gumbira katut cahyana

4. Soméah tur landep manéhNyasurti tur béré budiTaktak lir taraju emasLeunggik ramping ayu kuningBudi rasa halis alitRengkuhna alus nya timpuhCacakan anak rajaNu ngalamar balawiriTeudi tampatacan cop reujeung ramana

5. Ana nganggo parantinaKaresepna anu geulisMa’lum sagala ayaRupa-rupa ogé nyariDimana keur minang putriAcuk beureum meuni ngempur

Page 23: Sama'un finishing

Matak éndah anu ningaliMun seuk dijaman kiwariHayang jongok keuna kana babata

6. Ditinggal titukang lenjangTigigir istuning manisSieup lamun tihareupnaNyai putri taya tandingGeura lamun ditingaliTipayun di campur imutKempot36 pipi ari seuriMatak katarik katajiMoal aya sanagri éta bangsana

7. Ngaran na siti MariyahAri dina mangsa hijiHuleng jentul hanteu bearSemu anu susah37 teuingHanteu cara ti sasari Unggal poé hela heluTara pati barang daharti peuting gawéna nyaringhiji mangsa tuluy matur ka ibuna

8. jeung ibu paduduwaanibu ‘abdi téh beut ngimpiningali cahaya burahaycahaya turun tilangitnutug kana panon abdisarta seueur anu nyebutPok na tuh cahya MuhammadGeus kitu kuring beut inditJeung cahaya los na ka nagri Madinah

9. Ari datang ka MadinahNabi Muhammad kapanggihCahayana mancur pisanAnom kasép taya tandingTah kitu impian abdiNaon alamatna ibuIbuna geuwat walonanAduh nyai poéma teuingUlah waka haturan ka tuwang rama

36 kentot37 susuh

Page 24: Sama'un finishing

10. Impian teu hadé pisanLain pipanteuseunna nyaiMaké Muhammad-MuhammadAri Muhammad téh nyaiSadaya pada ijidJalma malangmang-mulungmungNgaku jadi ratu sajagatRama mah giruk téh teuingSanggeus kitu Mariyah tuluy kaluar

11. Siti Mariyah geus piyasTipeuting gawéna nyaringTibeurang teu daék daharDumeh geus tétéla ngimpi Geus asa béh baé nabiUnggal poé hulak –helukHiji mangsa tuluy leumpangkana tempat anu suniTuluy nyaur Mariyah ka pada38 kawan

12. Siti Mariyah miwarangKa jalmi ngaran BaridBarid manéh kudu leumpangKa Madinah beurang peutingNgadeuheusan ka Kangjeung Nabi MuhammadKieu manéh nya piunjukYén dinagaraSu’aroIstri putra raja QobtiPanujuna ku hoyong39 di tikah

13. Sarta rék anut agamaSalam pahna ka Kangjeung NaiTapi Barid poma-pomaKa ibu ulah pupulihKa Ama nyakitu deuiBisi ama ibu benduKi Barid ngageuwat iyangKa Mekah ka kangjeung NabiGeus sabulan tuuh peuting dijalan

14. Kocap ki Barid geus datangKa Mekah ka Kangjeung NabiTuluy baé ngadeuheusanGék ngandika kangjeung Nabi

38 panda39 hewang

Page 25: Sama'un finishing

Sampéan timana lemburPurwa calik ka KaulaKi Barid ngawalon deuiNun sumuhun sim abdi ti Suaro

15. Purwa abdi ngadeuheusanDiutus ku hiji istriJenengan Siti MariyahIstri putra raja QobtiMadak-madak kangjeng Nabi Aya manah ka Nyi ayuKecap nyuhunkeun ditikahKangjeng Nabi walon deuiKi tatamu kaula hanteu kaduga

16. Da lain bangsa kaulaÉta mah da bangsa kafirKi Barid tuluy walon deui

17. Sumuhun yén bangsa kafirDa atos pasrah diriDék anut agama rosulSeja pisan manjing IslamNgucapkeun kalimah40 kalihKangjeng Nabi tuluy ngumpulkeun sahabat

18. Nabi tuluy miwarangan Sahabat Anshor MuhajirKabéh pada tumpak kudaJumlah opat likur Mu’minSohabatkabéh geus inditDék ngalamar putra ratuDijalan meunang sabulanMalah punjul tujuh peutingJeung ki Barid sohabat pada daratang

19. Tuluy baé ngadeuheusanSohabat ka pancanitiSiti Mariyah kasampakUninga yén balad NabiSiti Mariyah pék cicingKusabab hoyong ngadanguPihaturan ki sohabatSareng dawuh raja Qobti Raja Qobti bijil tina padaleuman

40 kalima

Page 26: Sama'un finishing

PUPUH MIJIL1. Raja Qobti mariksa ka mu’min-mu’min

Siti Mariyah jongokUrang mana sampean kabéhDék naon datang ka kamiTuluy walon mu’minNuhun dawuh ratu

2. Dumeh gusti kagungan putraSiti Mariyah anom

Page 27: Sama'un finishing

Sugan gusti lumayan baéPihatur kangjeung nabiSugan aya purun

3. Lamun idin meureun dikawinSareng jinisna nyondongKitu dawuh kangjeng NabiAnu matak jisim ‘abdiDumeuheusan ka Gusti‘abdi kaulanun

4. Raja Qobti ngajawab ka mu’minBari nyegor-nyegorKutan kitu karep manéhtéhAing hanteu nyana teuingManéh wani-waniMénta anak ratu

5. Muhammad téh deuleu kagiruk aingNu olo-oloNgaku-ngaku nabi gegedénHanteu sudi teuing aingGeus mashur ka aingYén lampahna kitu

6. Awak aing hanteu kurang duitUwang emas éworSarta aing nagara gedéTaya kasusah saeutikNgarah naon aingBanda ngagugunung

7. Raja Qobti eukeur ngamuk mu’minNyi Mariyah jongokMariyah ngageuwat baéIndit kana tempat buniNyaur deui ki BaridKi Barid geus asup manéh Barid kudu ka Mekah deuiTapi ulah cékcokOmong kami hatur baéKa kangjeng Muhammad gustiKami......Manjing Islam anut

8. Mu’min amit ti Raja Qobti

Page 28: Sama'un finishing

Jeung ki Barid amprokSanggeus budal shohabat kabéhKira geus tepi ka NabiSeug pasang raja QobtiNeundeun peurjurit ribut

9. Manéhkudu41 matrol beurang peutingDijalan si jogoJalan-jalan nu ti Mekah kabéhBisi aya balad NabiTangkeup buru-buru geusitSarta tuluy bunuh

10. Kocap42 mu’min anshor muhajirKa Mekah anggeus jolPulang ngalamar ti raja GedéTuluy ngadeuheus ka NabiSeug nguninga sakaliTimbalan ratu

11. Kangjeung ngawalon deuiKajeun montong cékcokUrang Mekah bisi ngadangu kabéhKabéh meureun pada seuriNyeungseurikeun ka kamiNgalamar teu asup

12. Pék ki Barid haturan deuiAdab handap asorGusti rosul putra raja téhBakalan43 nalangsa teuingHoyong ulah pisah diriReujeung kangjeung RosulKangjeung nabi seug ngandika deuiKa Ki Barid alon Kaula téh moal narimaSabab raja hanteu idinNabi lajeng baé mulihDék mulih

13. Siti Aisyah44 geusir ha NabiTuluy matur jongok

41 mudu42 Qocap43 bakalna44 Ngaisah

Page 29: Sama'un finishing

Kangjeng Nabi beut sampéan téhKa kasih Robbul ‘alamin45

Lamun hanteu ngawinHina liwat langkung

14. Urang Mekah sok tada teuingMeureun pada ngomongYén Rosul geus leutik46 hateWantu-wantu leutik duitJadi cacad diriSekasmaran laku

ASMARANDANA

1. Jeung nabi Ngawalon deuiKajeun teuing didunya mahKami téh wiwirang ogéDipoyok gé suka pisanNgan ulah di ahératSabab gusti robbul gofurHeunteu miwarang peperang

2. Sabab kami lamun inditPerang jalanan ngalamarJagana diakhérat téhDiparoyok ku MalaikatNabi Muhammad peperangJalan ngalamar teu asupLain jalan nitah perang

3. Lamun gusti Allah idinKami kitu laku lampahKami meureun indit baéPerang jalanan ngalamarLeumpang ka nagri Su’aroBarangna ngadhohir kituSohabat muhajir Anshor

4. Ti Mekah pada arindit Budal kabéhKa MadinahDi Madinah tilu poéGawénatéh rerempuganSohabat ngaran ki HarobSanggeus kabéh pada kumpulKi Harob nangtung ditengah

45 ‘alamin46 leuqik

Page 30: Sama'un finishing

5. Matur ka Syayidina ‘AliÉh sayyid Ali MurtadhoAyeuna gusti Rosul téhGusti urang saréreaWajib dikaulaanSayid Ali tuluy wangsulNaha kumaha petana

6. Ki Harob ngawalon deuiKapan Gusti RosulullohNgalamar ka Raja gedéBéak dihina-hinaKubopatina Su’aro Ayeuna manawi rempugUrang beunangkeun ku urang

7. Urang sanggakeun ka NabiUrang téh sabudi aqalHayu urang rurug baéBeunangkeun Siti MariyahKa Nagara Su’aroSakabéh geus pada rempugKabéh pada disumpahan

8. Sababna hiji lalakiPada sumpah rag-rag tolaqTibojo-bojona kabéhSupaya hampang perangnaReujeung sumpah tina Qur’anManusa mangrebu-rebusakabéh pada sarumpah

9. Ari kapalana Mu’minSakur jalmaNu perkasa47

Jumlahna aya salawéSarta nulemes rupanaTur nu getol ibadahnaSakur mu’min anu pamukKabéh pada nampa sumpah

10. Hiji Harob dua HalidTilu Sa’ad opat WaqodLima Sa’id geuneup JubérTujuh Huléd dalapan SamadSalapan RadénAbdulloh

47 Perkosa

Page 31: Sama'un finishing

Sapuluh RadénSama’unSabelas Ali Murtadho

11. Éta nu sakitu mu’min kabéh pada silih sumpahbawaning ku ngésto kabéhbarang geus silih sumpahgusti Alloh miwaranganka Jabro’il mawa wahyuka Muhammad Rosululloh

12. malaikat Jibril sumpingmatur ka nabi MuhammadHéé Tuan Nabi saderékGusti Alloh geus ngidinanSampéan geura angkatSabab sohabat geus kumpulKabéh pada sararumpah

13. Malaikat Jibril mulihsanggeus maparinan wartaKangjeung Nabi angkat Ngajak ka Siti AisahAyeuna téh Nyi “AisahHaturan manah geus asupBakalna meunang ganjaran

14. Pangéran bakal maparinKa nyai Siti ‘AisyahGanjaran nu leuwih ahéngSosoca nu leuwih bodasÉta jagana di surgaMoal aya nu sapatutMalika pikeun manéhna

15. Moal aya jalma hijiNucara Siti ‘AisyahAnu sobar leuwih ahéngNgaulaan ka GustinaTina sabab leuwih madepDijalana teu kacatur‘Aisyah pengke48reunnana

PUPUH PENGKUR

48 pungkeureunana

Page 32: Sama'un finishing

1. Kangjeng Nabi tuluy angkatNyampeurkeun sohabat mu’minShohabat pada narangtungningali ka RosuulullohPada matur sohabat ka Kangjeng RosulGusti dék angkat kamanaDa geura mulih kabumi

2. Gusti rosul ngawalonanKami ieu moal balikSabab timbalan Yang AgungAyeuna téh kudu budalJeung sohabat ka su’aro rék ngarurugTuluy nyaur balad-baladNgumpulkeun antara mu’min

3. Bilal kabéh balad-baladAyeuna téh jogokeun hareupeun kamiTeu kungsi lila burubulKabéh sanagri MadinahJeung awéwé lalaki jeung budak lembutKusabab ngadéngé sumpahNya tina quranul’adhim

4. Pada sumpah rag rag tolakLamun hanteu perang reujeung raja qobtiAwéwé pada murubulNgahadalah kangjeng NabiSalaki na pada ngiring kangjeng RosulNaha beut awéwé budalKangjeng Nabi walon deui

5. Kapan manéh pada sumpahTina quran jeung rag rag tolak sahijiSabab geus pada kumpulKangjeng Nabi seg nimbalanMasang-masang bandar jeung nabeuh tamburBudal ka nagri su’aroNgarurugeu ka raja Qobti

6. Ti Madinah ka Su’aroLalampahan sabulan jeung tujuh peutingPangandika Nabi RosulSaha jalma nu geus terangDi jalan aya hiji jalma nangtungKuring nu terang pisan

Page 33: Sama'un finishing

Ka nagara Raja QobtiJalma anu terang tayaGeus katelah ngaran téhTurun gunung unggah gunugHanteu kocap di jalanKocap baé ti nagri Mekah geus jauhGeus sabulan dua peutingWaktuna téh sajan deui

7. Iyuh-iyuh hanteu ayaDina mangsa harita teu aya anginPanas poé éstu nyampuhKangjeng Nabi seug mariksaKa kidilal urang téh kumaha atuhBekel urang nggeus béakKarunya ka budak leutik

8. Ki Bilal tuluy haturanBaheula mah di payun mah aya caiWahangan cai ngaguruhTapi duka ayeuna mahHanteu nguping cai di payun ngaguruhTuluy pada rariangNagjugjug wahangan cai

9. Barang datang cai saatDa ngan mah batu taréngtong jeung keusikNgan aya keur nginum di pinggir wahanganAya buah kai mani ngagarundukTuluy ngarereb didinyaMasangrahan nyuman-nyuman

10. Hanteu tuluy ka Su’aroUrang sajaat ayeuna téh Raja QobtiYén urang arék ngururugKangjeng Nabi didinya naNata balad étatéh mangrébu-rébuAnggeus deukeut ka Su’aroDina tempat leuweung sunyi

11. Nu sabulan di jalanMalah punjulna téh opat peutingDina leuweung luwang liwungEusina rongkong jeung julangNgarakrak manuk nu ngaguruhAri bekel anggeus beak

Page 34: Sama'un finishing

Pada bungah liwat sakingHayang nginum hayang daharDa kabéh gé halahab harayang caiDi wahangan istu luputTaya cai sakaracapNgan batu aya anu ngajarentulNabi neda ka PangéranTuluy nyandak batu hiji

12. Kangjeng Nabimaca du’aAllohumma Ahrisni HablihiMin.........mu’ina la maqtu......................................Innaka ‘ala kulli syaiin qodiir..........................................Maqtuu’an wa la mamatu ‘asatanInnaka

13. Mu’min rabul ka wahanganSami-sami pada turun wudhu mandiOnta pada ngarinumRayap nu ngala buahDi daharan, sanggeus dahar buah gugupBuah teu raos rasa naDi dahar kaliwat pait

14. kangjeng Nabi maca du’aAllohumma hadihil wa afwukihata halawatan thoyibatansanggeus maca du’a tutupAbu Bakar dahar buahSeungit nimbangan kasturi

15. Lemes alabatan budahGusti maparinan manisAmis alabatan maduAbu bakar téh sosoakCacalukan dahar buah batur-baturRiab nu ngala buahSeug buah maranis

16. Tutup pada ngala buahnu ngagembol sawareh anu ngaisMu’minkabéh pada untungDibawa ka pamajikanPda seubeuh sakabéh gé megah meguh

Page 35: Sama'un finishing

Maraca AlhamdulillahSeger alahbatan tadi

17. Mu’min kabéh pada ngucapNuhun Gusti Ieu Téh Baro NabiAmis Alahbatan MaduLemed Alahbatan BedakPada Muji Aya Nu AlhmaduNu Maca SubhanallohKabéh Tua Anu Muji

PUPUH SINOM1. Sanggeus Tutup Dahar Buah

Mu’min Kabéh Cicing DeuiSaenggon-Enggon PisanNabi Mariksa Ka DalilKumaha Tidieu DalilIeu Tidieu KadituAnggang Ka Nagri Su’aroNyaéta ka Raja QobtiWalon Dalil tidieu mah masih anggang

2. Tilu poé dijalanJeung Nabi ngandika deuiKa sakabéh SohabatnaAyeuna sadaya Mu’minUrang téh geus geunah cicingIeu didieu digunungGeus pada baroga tempatCing saha anu rék inditRék bebeja ka Raja Qobti Su’aro

3. Mu’min kabéh pada jawabSaha baé kersa gustiSadayana neda ngaulaSareng maksad pribadiTuluy matur hiji mu’minAnu ngaran ki Sama’unKuring gé sumangga pisanBébéja ka Raja QobtiNabi walon sama’un mangke heulaanSanggeus Nabi mariksaSumping wahyu ning Yang WidiKahadapan RosullullohÉta Malaikat JibriilHéy Nabi kakasih Gusti

Page 36: Sama'un finishing

Dawuhan gusti Yang AgungMoal aya anu kuatBébéja ka Raja Qobbti Ngan Samau’un anak Halid bakal kuat

4. Sanggeus Nabi meunang wartaTi Malaikat Jabro’ilNabi lajeng miwaranganSama’un anak Ki HalidAyeuna mah geura inditPangiring kapala tiluIang daleum hiji kapalaBaturan sarébu mu’minAmit heula ka indung ka Siti Hunah

5. Sanggeusna nabi nimbalanKi Sama’un tuluy amitKaibu ka Siti HunahDuméh diutus ku NabiIbuna ngawalon deuiHé anak ibu Sama’unIeu lampah banget pisanBakal rusuh liwat sakingRusuh natéh cara maung muru domba

6. Sama’un tuluy ngajawabKapan anakMaung abdiIbu macan anak macanIbuna ngawalon deuiHéy Sama’un poéma teuingAyeuna ieu ti ibuKudu di ingetkeun pisanMun manéh tarima bijilNya ti indung ti bapa ingetkeun pisan

7. Hiji perkawis wasiyatDijalan lamun papanggihKaya serdadu merangan... batur manéh bijilKudu pangheulana bijilKarana darajat agungLamun ngimankeun mahWasiyat kadua deuiLamun manéh hayang manjing sawarga

8. tiap jalma rusakDiamuk ku bangsa kafir

Page 37: Sama'un finishing

Pék ku manéhtéh tulunganÉtatéh darajat gedé deuiPoma-poma sing gumatiÉta kawasiat ibuSabab manéh ditulunganKunu nyieun bumi langitKatiluuna ibu wasiat kacida

9. Éta sohabat sadaya‘alamat sarusah diriTina kasaéanLamun manéh manggih caiGeuwat béré caiAnggur manéh kajeun luputSababna dinaKuwatnaKamanéh moal49 aya tandingTuluy walon ki Sama’un ibu na

10. Ibu kuring geus tarimaTi indung ti bapa bijilSareng na éta wasiatDiraksa sabeurang peutingKi Sama’un tuluy inditAmit ngadeuheus ka RosulSama’un lir tingkah macan nyuhunkeun amit ka NabiDawuh Nabi sing kumandel ka Pangéran

11. Lampah pangraksa Yang AllohSama’un geus tuluy inditSarawuh balad geus budalTilu rebu tilu sikiDijalana dua peutingjalanna leuweung liwungEusina rongkong jeung julangDisarada mani ciricitSanggeus lampah dua peuting masangrahan

12. Bangbawaan caina ngamprahKabéh pada nginum caiKabéh pada dadaharanKabéh pada nyeuseuh sampingKabéh pada wudlu mandiKabéh pada sholat duhurKabéh pada tutug sholatPada boga enggon cicing

49 moaya

Page 38: Sama'un finishing

Sami-sami dina éta pasangrahan

13. Aya hiji mu’min nanaTi Shohabat ngaran ki DalilIeu téh dileubah urangKanagara raja QobtiLampah sabaraha deuiKi Dalil tuluy ngawangsulTidieu tilebah urangSapoé sapeuting deuiKi Sama’un ngadawuh kasadayana

14. Kumaha sadaya urangAri geus kieu nya pikirMasangrahan enggeus geunahUrang pada morok deuiAyeuna téh mu’min-mu’minDidieu téh tunggu-tungguAri kaula dék leumpangBebeja ka Raja QobtiMu’min-mu’min ka Sama’un50 ngawalonan

15. Panuhun kuring sadayaMoal saé teu diiringanBeut ari juragan angkatPanakawan hanteu ngiringAsa moal saé teuingRasa kuring hanteu umumKi Sama’un ngawalon anInsya Alloh mu’min – mu’minUlah aya manah kitu ka kaula

16. Shohabat pada haturan Nyandak baé anu ngiringAya lima puluh jalmiSama’un ngawalon deuiInsya Alloh kajeun teuingLima belas baé hayuDék dibawa ku kaulaKi Sama’un tuluy inditMawa batur lima belas tumpak kuda

17. Mu’min téh tinggal sésanaKa Sama’un pada inditNyium kana dampal sampéan

50 samangun

Page 39: Sama'un finishing

Ki Sama’un enggeus inditLeumpang turut leuweung kaiDina leuweung liwung samaun mapatahanBatu rulah leutik atiKapan sayah sudah mati nanti megat

PUPUH KINANTI

1. Ki Sama’un nggeus jauhTinu masangrahan tadiDikira lima belasLampahan tengah ariAnggeus déket ka Su’aroNgan kari sapeuting gdeui

2. Keur kitu ningali peledugDina jero leuwueng kaiKu Sama’un dipikiranWantuning tacan kaharti51

Naon anu ngebul téaBijil tina jero kai

3. Kacarita nu meledugPrajurit raja QobtiNu dititah matroli téaBisi aya balad nabiKusabab dilamar putraSiti Mariyah ku Nabi

4. Ki Sama’un tuluy ngdawuhKabaturna mu’min-mu’minAyeuna urang ngiyuhanIeu dihandapeun kaiUrang eureun tuma’ninahTuluy kabéh pada cicing

5. Sama’un tuluy ngadawuhCing ayeuna batur cicingKaula dék kadieu heulaSakedeng dék kana kaiNaon nu meledug téaDék ditéang masing sidik

6. Baturna tuluy ngawangsulPoma ulah ngaligincing

51 ngaharti

Page 40: Sama'un finishing

Kudu baé nyandak ranjangNgaran ki Murtad sing ngiringSabab bisi kuma52 onamSaupami béhprajurit

7. Meureun murtad tuluy gugupBabaca ka abdiSartana deui kumahaSaupami béh prajuritKu sampéan téh dilawanNyandak panging ngan hiji

8. Ki Sama’un tuluy ngawangsulKumaha qudrot ning GustiDa aya pitulung AllohSartana barokah53 nabiKi Sama’un tuluy imangNgaran ki Murtad pangiring

9. Sama’un murtad geus jauhTumpak kuda turut kaiJauhna kara limapalTinu lima welas tadiBarang geus tepi kadinyaTinu anggang katingali

10. Tina kai ting kurumuyMana horéng palajuritSalaksa pada sadiaSama’un ngandika deuiKi murtad itu téh jalmaRiyab tina jero kaiJung54 murtad silaing tungguDidieu handapeun kaiCekeulan ieu kudaItu téh jalma prajuritEukeur naraon...Mantri atawa bopati

11. Tuluy leumpang ki Sama’unMawa pedang kancad kincidNyampeurkeun kanu salaksaKi Sama’un api-api

52 Kama onam53 barqoh54 jing

Page 41: Sama'un finishing

Siga nu ngancingan uncalAnu salaksa.....

12. Serdadu ngagupay jelukÉta silaing lalakiSilaing téh urang manaSama’un ngajawab deuiKaula urang dinyaprajurit mariksa deui

13. Maenh sugan-sugan inditJeung balad-baladna nabiSama’un ngajawab handapKuring hanteu manggihKafir nanya ngaleuleukanSama’un ngajawab deui

14. Karaman temah sumuhunManggih .. hanteu sidikPajar dék tempuh nagaraRék ka Raja QobtiPerajurit kugat mariksaAyeuna ... keun aingSama’un jawab teu sanggupNarah baé perajuritPerajurit banget maksanan Siya téh mangka ku aingMangké siya di podaranHanteu ngagugu ka aing

15. Pakarang siya direbutAbong manéh urang sisiAing bijil ti nagaraPiwarangan raja QobthiKabéh55ogé kudu perangKudu béla ka bupati

16. Siya pang cicing digunungGunung ge kagungan GustiNaha siya teu ngaulaBaha dititah ku aingGeuwat siya kudu iyangMisi megat balad nabi

55 kabah

Page 42: Sama'un finishing

PUPUH MAGATRU

1. Ki Sama’un tuluy jawab ka serdaduMontong ngomong siya AnjingKarep siya rék ngarurugNempuh ka balad nabiSiya rék ngarebut golok

2. Mun teu nyaho nya aing ngaran Sama’unAnak Halid incu WalidBalad kangjeung Nabi RosulTi Madinah imah aingAyeuna gé siya kojor

3. Ki Sama’un ka perjurit bukbek ngamukPerjurit nyakitu deuiDua tilu nu ngahurupKi Sama’un ngomong deuiAing mah badarot léngoh

4. Siya pada tumpak bari ngamukPangawasa siya leungitKafir numbakna ka Sama’unSama’un bek ditakisTumbakna ragrag leungeun na kengkong

5. Kafir hiji tina kuda ragrag labuhSama’un ngaheuneu deuiKadék bukbek sek jung kungKudana geuwat ditarikDitumbak bari dirontok

6. Kafir-kafir nu salaksa kabéh kaburSama’un ngawaca dalilAllohumma anshur ‘aduwwuWala qoumil kafirinSalaksa pada ngaronom

7. Maca deui Lahaola walaa quwwata ilaa billahil’Aliyyil adhiimTuluy maca Alhamdulillahirobbil’aalamiinNeda pitulung Yang Manon

8. Nu salaksa geus riyap kabéh ngariungSamau’un ditéjéh cicingKafir ngomong Sama’un

Page 43: Sama'un finishing

éling-éling budak leutikSiya ayeuna ge kojor

9. Kuda nu aing ku siya di rebutJeung maéhan batur aingSiya ayeuna dikepungKamana nya nyingkirKu aing pada dironom

10. Cing kumaha siya téh ngarah rahayuTatapi aing téh watirSabab siya budak lembutSama’un ngawaca deuiéh siya gékabéh kojor

11. Pada karep siya ka aing wawadulPada nyingsieunan aingAing teu gimir sabuukDemi Pangéran kang asihSiya kabéh moal kahot

12. Mun teu nyaho siya téh nu bakal ajurRaja siya rék di basmiAnakna bakal di rebutDék dikawinkeun ka NabiBanda na kabéh diboyong

13. Eujeung deui mun dipareng Robbul GhofurDinagara Raja QobtiGarintul awéwé wungkulTaya boga salakiSabab siya kabéh kojor

14. Sardadu puk pok ngagaok kabaturAéh naha diantep teuingTayoh éta budak lembutCacag siksa salaksa pada ngaronom

15. Bukbek ngauk salksa pagulung-gulungSama’un ngawaca dikirLaailaahailallohLaahaolaa walaa quwwataSama’un geus hanteu témbong

16. Ki Sama’un ka si kafir bukbek ngamukSi Kafir bukbek deuingamuktina waktu duhur

Page 44: Sama'un finishing

Tepi kana waktu ‘asarBukbek ........kojor

17. Mu’min anu lima welas nunggu-nungguNgadago handapeun kaiSama’un keur bukbek ngamukKu murtad katinggaliSama’un pada ngaronom

18. Murtad ngucap laahaola walaa quqataIlaabillahi ‘aliyyil’adhiimMurtad tuluy ka Sama’unAduh aing tuna teuingEuweuh ganjaran nanaon

19. Sabab aing perang sabil hanteu miluIeu bekeulan kaulaSabab kuda bisi mangprungKuda téh ngageuwat ....Ngadéngé ki murtad ngomong

20. Kuda ngomong saking Alloh nu agungNgehe ki murtad cegah diriBongan ganjaran alusHanteu milu perang sabilKi murtad nalangsa haté

21. Humayung baheula indung ngajuruYeuna pikieu eun aingKakara saumur hirupKuda bisa pépélingKa aing méré bongbolong

22. Ki Murtad lumpat kuda ditinggalkeun gugupNéang lima welas mu’minBarang murtad gugupHayu batur geuwat inditSamaun perang di ronom

23. Lima welas mu’min baturRadén Sama’unAnggang kénéh katingaliTuluy murtad téh ngahaokSeug ngawaca Lahaola wala quwata Illabillahi ‘aliyyil ‘adhimBari lumpat uh euh nyaurItu kélébétna sidik Radén Sama’un katémbong

Page 45: Sama'un finishing

24. Langsung muru éta ka Radén Sama’unKeur dironom parajuritHayu batur urang tulung eukeur ngararomong mu’minTeu kanyahoan ngaronom

25. Balo lampar nulungan Radén Sama’unAnu lima welas mu’minDua laksa beberengosKeur perang jeung mu’minSiya kafir pating lalonjor

26. Murtad ngacak tuluy ka si kafir ngamukMurtad bari mikir-mikirItu batur aing ajurKi murtad berebet deuiKa Sama’un ngagorowok

27. Eukeur lumpat murtad nyambat56 ka Sama’unSi kafir ngamuk ka mu’minAnu dua laksa tadiMu’min kabéh pada ngamukKafir burak berikBedilna munggah geus durdor

PUPUH DURMA1. Barang murtad lumpat na arék nguninga

Teu kanyahoan tigigirKafir lima welas Bukbek ngamuk ka ki murtad.......... baééta mujiAlhamdulillah téh aing meunang wawarti

2. murtad bukbek ngamuk kanu lima welasbukbek seuk maéhanjoprak57 pada malodarlir laleur dina babatangbukbek diamukan deuijoprak sawidakbukbek téh aya nu mahi tapina ki murtad raheut awaknaku pakarangna si kafirpaéh dua belasBalad kafir gugundukan

56 sambat57 jopak

Page 46: Sama'un finishing

Anu salwuk ki Kafir ki murtadAnu saluwuk deui

3. Eukeur ngamuk Sama’un nu salaksaAnu saluwuk deuiKanu lima welas ....Ki Sama’un pangamuknaBukbek hanteu di...Dicacar bolongBukbek seuk anggeus bersih

4. Nu saparo balad kafir tuluy ngaKi Muzka tingaliSama’un mariksaMana murtadBatur urangNaha murtad téh silaingHanteu bébéjaKa batur urang téh mu’min

5. Murtad tuluy ka ki Sama’un haturanbébéja pisan kuringKanu lima welasMalah anu lima welasPada lalumpatan tarikMuru gamparanTeu kanyahoan tigigirDatang deui bukbek ka anu salaksaTuluy diamuk-diamuk deuiKu shohabat urangKuring mah ngageuwat ngejatKuring dék nguninga deuiMuru gamparanPék kuring lumpat tarik

6. Barang kuring keur lumpat teu kanyahoanDatang deui tigigirMani lima welasKabéh bukbek pada medangPék diamuk deui ku kuringBeresih basingaSi kafir téh hanteu ngari

7. Anu lima welas kafirHanteu nyésa

Page 47: Sama'un finishing

8. Barang geus béak si kafirPék kuring lumpatLumpat arék moro ka gamparaDatang deui balad naMani riabDua ratus parajurit

9. Loba beunang sawidak nu modarTapi ieu awak ruksakSatu dua belas lawangLawan kuring paburisatAmprok deui kabaturnaNu tadi téaDua ratus parajurit

10. Nadimana batur anu lima welasKi murtad ngawalon deui Da tadimah keur perangBoa itu anu riabSama’un narajang seja nulunganKanu lima welas mu’min

11. Beut sampak keur ngamuk dicacar bolangNgamukna sok maratiSaparo nu ngejatSaparo anu ngalawanSama’un ngamuk perajuritTeu dipilihanDihantem diburak berik

12. Geus teu témbong mu’min anu lima welasMaca AlhamdulillahKaliwat bungahna si Kafir bungbengMu’min téh tuluy sa samatGogorowokanNéangan kepala mu’min

13. Nya dimana putra Radén Halid téhPutuna Radén WalidSama’un ngaran naIeu kuring urang MekkahHanteu di témbalan deuiKeur bukbek perangNepi kana waktu magrib

14. Balad kafir sawaréh anu malodar

Page 48: Sama'un finishing

Anu sawaréh mah leungitPada paburantakNgalér ngulon anu ngétanMu’min téh pada baralikKa pasangrahanTur neda salamet diri

15. Balad kafir nu hirup kapasangrahanAmbekna kaliwat sakingTuluy lapor gancangNguninga ka nagaraMénta58 ditambahan deuiAtawa perqasa59

Ambekna geus mucung budi

58 manta59 perqosa

Page 49: Sama'un finishing

PUPUH PUCUNG1. Tumpak kuda saurang lapor ka ratu

Iyang ka nagaraRaja Qobti keur di gedongRaja Qobti mariksa kahiji jalma

2. Pihaturna nu lapor kapayun ratuSerdadu gemparan sawaréh geus suksek paéhDiperangan ku balad Mekkah Madinah

3. Bangsa mu’min budak leutik hiji ngamukBéak rébu-rébuSerdadu gemparan kabéhHanteu tahan ngalawan budak saurang

4. Raja Qobti nyaur ka patih nu ngamukNgaran RadénSa’adNu masyhur talipak cabokRadén patih tuluy ngadeuheus ka Raja

5. Raja Qobti ka patih sa’ad ngadawuhPatih manéh leumpangGeuwat kumisi ku manéhSing sadiya barang parabot perang

6. Lamun ayeuna balad nabi anggeus jebulKu manéh kataraGeuwat kudu tangkeup baéMawa batur tumbak jeung kuda salaksa

7. Anu leumpang badarat mah lima rébuTuluy geura iyangNgaleugeudeut batur kabéhSapaupeuting caang bulan opat belas

8. Kacarita bari geus datang ka gunungKana pasangrahanLeugeudeur jeung balad kabéhNu digunung pada mapag ka juragan

9. Geus tétéla juragan patih téh ituPék pada haturanDuméh geus tétéla kabéh taya hiji jalma téh nu kasamaran

PUPUH ASMARANDANA1. Ayeuna juragan patih

Page 50: Sama'un finishing

mu’min téh keur masangrahanRadén patih seug ngawalonCing sidikeun sing tétélaUrang ngumpulkeun baladAyeuna mun shidiq sukurKarena déwék timbalan

2. Yén déwék ngumitiJeung ieu batur salaksaSarta tumpak kuda kabéhSadaya parabot perangGeus teu aya ka kurangNu badarot lima rébuPaparin raja Su’aro

3. Ngajaga baladna NabiJadi déwék teu kadugaDék balik ka nagara téhDibenduan ku jeung rajaLamun tacan perang mahSabab dipaparin baturParabot perang sadiya

4. Tapi ayeuna parajurit aing hayang nitah heulaTapi opat puluh baéAyeuna jung60 leumpang téyangBalad-baladna MuhammadIntip api-api nyumputHéés atawa ngajaga

5. Geus tamat timbalan patihOpat puluh tuluy iyangPada tumpak kuda kabéhSapeupeuting caang bulanDék ngintip balad Mekkah masangrahan dina gunungOpat puluh anggeus datangSanggeus tepi katempatna mu’minKatembong kabéh ngajaraga

6. Pada héés BaékabéhAnu nyaring ngan saurangKasampak keur maca qur’anNgan sama’un nu ngajentulKeur dzikir jeung maca qur’an

60 jing

Page 51: Sama'un finishing

7. Teu katénjo aya nu ngintipTuluy kabéh pada mulangKa patih haturan baéPerkara mu’min téaGeus tétéla pisanKi Sama’un tuluy nyusulKanu opat puluh téa

8. Tepi ka jalan panggihSama’un teu urusan tataNgan geus buka rék ngamuk baéBalad kafir hanteu tahanDatang lima belas béakBukbek modar tilu puluhTinggal sapuluh bur lumpat

9. Ki Sama’un tuluy balikKana pasangrahanBaturna eukeur sararéNu nyaring ngan mu’min Sa’adKi Sama’un keur di luarSa’ad nanya ka Sma’unSaha éta nu diluar

10. Ki Sama’un hanteu muniKa ki Sa’ad nembalanKi Sa’ad indit ngahanokNyokot pedang nyokot kudaBaturna kabéh harudangKi Sa’ad seja dék ngamukMarukan balad Su’aro

11. Sama’un ngageuwat muniKaula Sama’un téaPoma ulah gugup kabéhPulang ngising titampianSi kafir kacaritaAnu ngan tinggal sapuluhKa patih seja nguninga

12. Geus tepi ka Radén patihNu sapuluh cacarita Juragan patih ieu téhMu’min kabéh keur sararé Anggeus sidik tuluy mulangGurudug aya nu nyusulNgamuk bukbek nyacar bolang

Page 52: Sama'un finishing

13. Batur tilu puluh matiKuring nu sapuluh tinggalKuring pada ngejatkabéhDék nguninga ka gamparanRahaden patih ngajawabIeu jalma nu sapuluhAyeuna kabéhpodaran

14. Harita kabéh di peuncitHareupeun jalma nu réyaSupaya kabéh narénjoUlah bubar tina perangPatih ambeukna kacidaJika luh kaya nyakituMisti bunuh panti diya

PUPUH KINANTI1. Ki Sama’un ngadawuh

Kabéh ulah leutik leutik atiAyeuna saksianMundur ku si mu’minMugi sing doraka ti tapékong nya aing

2. Geus barabay waktu subuhSa’ad nanya ka perajuritTilu laksa geus sadiyaDiteundeun heula patihDiheuleutan ku benderaPandeuri perajurit deui

3. Matak sowara tamburSuwit meula meuli sulingBuktina pasangrahanTarompet campur jeung tanjiTurut alas bandawasaNgarurug ka balad nabi

4. Bandéra ngalengkurGegedugna Radén PatihGeus kadéngé sahabatSama’un ngageuwat inditIndit tina pasangrahanReujeung kabéh mu’min-mu’min

5. Barang mu’min keur cicing

Page 53: Sama'un finishing

Dua laksa jol tigigirPada ngamuk buk bek perangMu’min kabéh pada dikirLahaola wala quwataillaa billahill’aliyyil adhiim

6. Ki Sama’un tuluy ngamukTisubuh nepi ka maghribMedang kanu dua laksaSama’un ngamukna tarikTujuh rébu ting jaroprakTujuh rébu suksek mati

7. Sawaréh ngagéuwat mundurNyampeurkeun deui ka patih....... patih masih anggangBawaning loba perajuritDi tegal tingkah sahabatBatur ki Sama’un amit

Page 54: Sama'un finishing

8. Ayeuna Radén Sama’unMadak-madak aya idinKuring dék ka pasangrahanSabab kuring tahu diriDék dirasa-rasa heulaBari hayang nginum cai

9. Ari carék ki Sama’unKa pasangrahan geura jikirAyeuna téh sadayanaSama’un ditegal cicingDatang kafr laksa-laksaNgaleugeudeut Radén patih

10. Kocap sardadu wungkulAnu ngiring Radén patihTambur tarompet banderaRadén patih leuwih gindingMancur taya PangéranSiga moal aya tanding

11. Ki Sama’un celuk-celukHé ieu téh kafir-kafirAnu marawa bendéraKi Sama’un téh nya aingBalad kangjeung RosulllullohAnak Halid incu Walid

12. Nya aing nu bakal nempuhkanagara raja QobtiAwéwé bakal lobaKusabab béak lalakiKabéh ku aing diruksak.........yong masing beresih

13. Balad patih maju ngepungSama’un anak HalidKabéh pada bukbek medangKi Sama’un bukbek deuiNgamuk eunggeus buk bek ... rébu suksek mati

14. Sawareh serdadu mundur.......katungan dan patihPerjurit manglaksaRadén Sama’un sawar narajangSabet pedangna ditarik

Page 55: Sama'un finishing

Ki patih ambeuk leuwih

15. Bukbek ngamuk ka Sama’unKi Sama’un ngamuk deuiNu gagah jeung nu perkasaSama’un mukulna tarikBarang patih beuk ngajoprakHanteu .. hudang deui

16. Radén patih geus ngajukungCos baé ditiirPerjurit sapirang-pirangKabéh pada naringali.. na anggeus ka bandangKaya palajurit gimir

17. Diapung-apung kaluhurSama’un ngomong na tarikIeu téh gegedug siyaKafir kabéh naringaliBungbeng kabur lalumpatanTurut-turut leuweung kai

18. Padu lumpat tina gunungBurber kabéh palajuritLumpat moro ka nagaraNguninga ka Raja QobtiBarang tepi ka pasebatSahabat nya gusti-gusti

19. Ayeuna serdadu ratuSaparo geus suksek matiNu saparo paburantakBukbek diamuk ku Mu’minMalihan abi gamparanRadén patih geus ngaguling

20. Radén Sama’un nu ngamukCacakan ki Radén PatihPadahal ka masyhur gagahDiamuk bukbek seug matiKocap raja Qobti marahPanasna kaliwat saking

21. Lamun pétanan nyakituMang sapa kudu jeung aing

Page 56: Sama'un finishing

Karena lamun ditimbangMekah jeung nagara aingSu’aro kaya sagaraMekkah lir cai sacangkir

22. Raja qobti langkung benduBaladna dikerid petuiTunggeu ka nagri Su’aroNgaliyud bade dipilihSampak pada ngadeuheusanTihareup tipungkur Gusti

PUPUH PENGKUR

1. Raja Qobti mapag baladGeus dipilih nu kumisna61 ngajeujeunu godékna ngajejembrungAnu buluan dadanabeberengos kuat ngadupak gunungAnu taya kagisanaNu sok resep mandi getih

2. Perjurit meunang62 milihanaya jumlah tujuh ketiDi Su’aro geus ngaliyudKabéh geus pada sadiyaTujuh keti pada tumpak kudu wungkulMawa bedil nyoren pedangMaké topi baju roki

3. Tujuh keti geus sadiyaTambah deui perajurit meunang milihSalaksa jeung dua rebuSakabéh tarumpak kudaDicarita nandakeun nu gagah ngamukNu sarébu dua laksaTopina maké kukucir

4. Tambah deui nu badarotPerjurit meunang milihanSiti Mariyah gé miluDicandak ku ramanaPék diapingKu salaksa dua rébu

61 kumina62 beunang

Page 57: Sama'un finishing

Nyi Mariyah tumpak kudaDiaping ku palajurit

5. Kakocapkeun nyi MariyahBoga rasa sieun ménta anteukeun arék balikHaténa bati rumatugHayang geura-geura nepiKa baladna nabi Muhammad RosulWiréh geus ka impi jelasNabi Muhammad kapanggih

6. Pangang ku diréka-rékaNganggo sinjang tina ruwat anu manisAcukna anu beureum ngempurJeung nganggo soléndang tina sutraNganggo bandu tina wungu anu ngempurBarabay bijil cahayaMatak geugeut nu ningal

7. Eukeur mah hadé rupinaJeung katambah ku panganggo ropatna rapihTaya bandingan neng ayuAcuk beureum nambah manisJeung ditambah selop beureum meuni ngempurQolebat jalat angkatnaMani jiga wiradari

8. Kocap tatabeuhan naJumlah aya dua puluh perkawisTanji rantang bari tamburSaléndro jeung kendang pencaJeung tarompét reujeung calungSuling hatong reujeung réaTarawangsa jeung kacapi

9. Tambah terebang jeung tembangJaba tiya seueur deui rupi-rupiWantu warna dua puluhKocapkeun parabot perangPanah bedil sumpit bandirang tumbak sudukKeris pedang golok kalaqPepentung linggis sudigi

10. Balad nagara su’aroGeus teu aya pisan jalma anu gimirKawilang lamun dék mundur

Page 58: Sama'un finishing

Sagala pakakas ayaDatang suduk meureun dilawan ku sudukDatang panah lawan panahDatang bedil lawan bedil

11. Datang tumbak lawan tumbakDatang keris dilawan ku keris deuiPepentung lawan pepentungKalaq dilawan ku kalaqDatang sumpit diurang gé nyampak tulupMun pedang dilawan pedangBandring dilawan bandring

12. Lamun golok pakarangnaDilawan ku urang ku golok deuiNaon baé anu jebulKitu pisan éta nyampakMoal kurang geus dicangcang ku serdaduKabéh geus pada nyekelanDibagi ku raja QobthiRaja Qobthi kana kuda

13. Tambah nu ngaping ka raja QobthiTujuh rébu nu gegedugPerjurit ka petenganBandérana aya jumlah genep rébuDipasang payuneun rajaBendéra beureum ngelewir

14. Kocap sora tatabeuhanSéjén-séjén sowarana masing-masingBaralang sowara tamburNgungkug gowang rantangnaKendang penca di tabeuh mani pirang nyurangSing teretet63 tarompétnaSuwit melas melis suwing

15. Nulutnut nilitnit saléndronaDur ngok sowara tanjidorTangtingtung sora calungNgadurugdug sowaranaJeung kekeprok curulung sowara angklungNguk ngék sowara rebabnaJendu jentréng kacapina

16. Brang bring brung sora terebang63 taratat

Page 59: Sama'un finishing

Tambah hatong hung hong tariqAnu tembang melang melungMang katu kana pangperanganNgaleugeudeu perjurit na mani ngabrulKabéh neda sukan-sukanTing Haruhuh hoyah hursi

17. Émprak pabaur jeung surakCampur reujeung tatabeuhan jadi hijiNgaguruh lir sora urugAnggeus eundeur sanagaraRiyab-riyab ngaleugeudeut paleut ngabrulManusa mangbuta-butaGeus cara siraru jadi

18. Geus mayak dipasangrahanMu’min-mu’min sakabéh pada ningaliMu’min geusSadiya kumpulPada dangdan geus sadiyaKabéh batur jumlah nu ngan tilu rébuSawaréh raheut awaknaAya nuraheut na birit

19. Aya nu rapet leungeunaSawaréh mah éta mu’minRaraheut ... Gusti Alloh seug nimbalanMalaikat manéh geuwat-geuwat turunBéjaan nabi MuhammadMalaikat anggeus bijil

PUPUH MIJIL1. Malaikat Jibril geus sumping

Utusan Yang ManonDipayuneun nabi Baé jabroil jejeluk ka NabiHe Nabi SinelirTimbalan Yang Agung

2. Ngawartakeun balad-balad kafirDigunung ngaronyokTina kirina budal kabéhGeus ampir deukeut ka mu’minDék ngagempur mu’minBadé perang campuh

Page 60: Sama'un finishing

3. Balad Nabi geus pada waniNu iyang barétoAyeuna téh dék perang baéNgalawan ka kafir-kafirGeus pada caringcingDipasangrahan gunung

4. Balad kafir lobana dalapan ketiJeung tilu laksa bongokDék ngagempur balad Nabi kabéhBalad-balad kangjeng NabiDi itung ngan saeutikNgan tilu rébu

5. Radén Sa’ad kapalana Mu’minShohabat kekentongJeung Radén Sa’ad putra JubaérMalah Siti Hunah inditBareng jeung ParajuritDék moro Sama’un

6. Kacaturkeun dijalan tilu peutingKacarita geus jolNu tiheula kasampak kabéhPada sa salaman mu’minAnu tilu rébu Jeung tujuh rébu

7. Pada maca sadaya AlhamdulillahNgaguruh geus roangMu’min guneum catur kabéhPitulung Robul’alamiinUrang-urang mu’minTambah deui batur

8. Raja Qobthi ngadéngékeun mu’minBaladna geus cékcokRaja Qobthi ambeukna gedéTatabeuhan beuki tarikDitabeuhan ku KafirKabéh geus ngaguruh

9. Mu’min kabéh pada caringcingDeur nabeuh tanjidorParabot ditabeuhan kabéhSuwit melas meulis suling

Page 61: Sama'un finishing

Jeung gamelan nyeriPacampur jeung tambur

10. Gusti Alloh miwarangan deuiSorangan nongtonHe abdi-abdi sakabéhManéh kudu bijilTurun kabéh tilangitCig téang Sama’un

11. Malaikat turun ti langit Kabéh pada nongtonDibumi geus pinuh kabéhGeus cara siki sawiLeuwih muta keutiReuteum dina gunung

12. Kafir mu’min pada caringcingGeus pada katémbongBandarna geus pahlebatTatabeuhan beuki tarikGeus pada baraniPerang geus dék dur

PUPUH DURMA1. Ki Sama’un papatah ka balad-baladna

Demi Alloh kang AsihJeung demi MuhammadMontong waka maju perangCing kaula heula taksirArék ngasupanArék ngamuk ka ki Kafir

2. Mun kaula paéh atawana lumpatKakara kabéh arinditMaju kana perangKi sama’un tuluy dangdanNarajang ka balad kafirIbubna ngahalanganNgaréndéngna ti gigir

3. Ki Sama’un ku ibuna diwurukanKi Sama’un anak aingItu kafir pada riyabLobana mang yuta-yutaAnu dék ngaruksak mu’min

Page 62: Sama'un finishing

Ku manéh lawanManéh téh masing berani

4. Karana éta perang téh ibarat sawahDi akhérat kapanggihManéh lamun perangAnggeus pépéling ibunaKu ki Sama’un ka kupingSapiwuruknaKi Sama’un mah gusti

5. Ki Sama’un turun deui kana kudaSasalaman neda idinKana panangan ibuna Jeung kana dampal sampéanSanggeus sasalaman ka ibunaKana meladKa balad-balad si kafir

6. Seug narajang sebrét pedang ditarikSama’un leuwih ngamukna Si Kafir dicacar bolangDatang tujuh ratus modarPedangna pating burinyayBukbek medangnaCampur dur dor eujeung bedil

7. Ti Su’aro pirang nu ngajoprakNgalonjor laksa ketiDatang ki SohabatNgamuk ka kafir narajangBukbek suksek kafir matiDatang salaksaKi Sama’un bukbek deui

8. Ki Sama’un awakna kabéh geus ruksakDiamuk ku kafir-kafirGeus taya kulitanDagingna kabéh rag-raganDa ngan tulang nu kariKu lobana baladAnggeus béak laksa keti

9. Ki Sama’un barang geus ruksak awaknaBukbek ngamuk deuiKafir bukbek medang

Page 63: Sama'un finishing

Ki Sama’un geus lata-lata tanPoma kana beurang peutingAwakna ruksakBanget ambekna ka kafir

10. Gusti Alloh miwarangan MalaikatHee Jibril geura inditKa Nabi MuhammadBejakeun ka Balad-baladMalaikat JibrilNgageuwat iyangNgadeuheus deui ka Nabi

11. Malaikat haturan ka RosulullohHee kameumeut Yang WidiShohabat sampéanAyeuna keur banget perangTapina kabéh walagriKabéh kataraNgan sahiji anu leungit

12. Ki Sama’un anak Halid anu ruksakKeur di amuk ku si KafirDagingna rag-raganPoho mani lat-lat tanKana beurang kana peutingTeu inget pisanÉta téh anak ki Halid

13. Gusti Rosul indit sapada haritaJeung kabéh mu’min shohabatBudal sarta reujeung alatDijalan tilu peutingKocapkeun datang sadayaKangjeung nabiBari geus nyondong ki Halid

14. Kangjeung Nabi Siti HunahNgandika ka kangjeung nabiKamana nya jalanUrang téh heurin kacida Malaikat heurin usiknaPada nyaksianCara sikina sawi

15. Geus katingali ku Nabi baladna Su’aro

Page 64: Sama'un finishing

Riyab mang keti-ketiNgamukna ka Sohabat ki Sama’un teu kataraDa ngan mu’min anu sidikKangjeung ningalanKa sakabéh mu’min-mu’min

16. Kangjeung Nabi dipuncak gunung caliknaJeung Siti Hunah Ki HalidUsik ogé susahHeurin ku MalaikatKi Halid matur ka NabiHee RosulullohMokaha anaq kuring

17. Lamun masih aya kénéh nyawanaJeung Nabi mariksa deuiNaon ngalamatnaLamun ki Sama’un kalahKi Halid ngawalon deuiIya sumanggaBarengong tingali

18. Lamun suremTangtu anak kuring kalahTerangna nabi ningaliIeu kadaharanTah geuning Siti HunahKocapkeun nyi Hunah SitiNyekelan pedangSanggeus ki Halid ngalacir

19. Siti Hunah tuluy maca AllohummaInnaka a’lamu fi HalidQodirun wa anta‘ala Syaiin QodiirIeu do’a ti ibunaKanggé putra Waro deui

20. Ngamuk deui ki Sama’un bukbek medangKafir-kafir teu dipilihJol saratus datangKu Sama’un bek di pedangBukbek di pedang si kafirJol deui datangSuksek mani beresih

Page 65: Sama'un finishing

21. Balad kafir tingjurungkung ting jaroprak64

Modar laksa ketiAnggeus hanteu tahanPakarang taya nu teurakNgalawan perjurit Mu’minBungbeng lalumpatanAnu kana kuta beusi

22. Nu ngajagi Siti geus beunangDiamuk suksek maratiNya Mariah néang ku sama’un geus dibawaDi iring ku mu’min-mu’minKa RosulullohMu’min taya anu mati

23. Anu kana kuat balad-baladJumlahna aya saketiMalah jeung rajanaGeus hanteu kuat ngalawanDijerona heurin usikKu balad-balad….…

PUPUH SINOM1. Sama’un geus putus perang

Kafir jadi bagiNu sawaréh kana kutaNu sawaréh matiNu mati mangketi-ketiAri nu sawaréh talukKangjeung Nabi geus kumpulanJeung sadaya mu’min-mu’minAbu Bakar, Umar, Utsman, Ali jeung Haroob

2. Halid, ‘Abdulloh jeung Sa’adKi S’ad anak ki Sa’idJeung Jubér anak ki AwamJeung Sa’id anak ki MalikKi SU’ad jeung aya deuiKi Abdulloh anu pamukaBerhimpunan di su’aro…..Ieu kuring nyanggakeun Siti Mariyah

64 jarpoak

Page 66: Sama'un finishing

3. Ku Nabi tuluy ditampaNyadiwuwukeun sakaliNyaéta Siti MariyahGeura pék anut ka NabiNgucapkeun ka lima kaliAsyhaduanlaailaahaillallohWaasyhadu anna Muhammadarrosuululloh

DIAJI4. Diwurukan Mariyah maca Syahadat

Tuluy ngucapkeun SyahadatDipayuneun Kangjeung NabiManjing Islam saharitaBalad kafir heurin usikDipayuneun Kangjeung NabiSakabéh pada Dariyuk Keur di budeur ku SohabatRajana geus tampa lebihGeus ngabaré taya untupan ngalawan

5. Kabéh geus pada kasimaPangahotana ngagidirNingal Serdadu ti MekkahTaya nu raheut sahijiTuluy kafir pada mikirPada ngomongkeun Sama’unAya jalma anu ngora Ki sama’un anak halidHanteu nyana piteupieun ka ayeuna

6. Kuwatna kabina-binaPangéran anu linuwihBatan keur peperanganBalad kafir laksa ketipPada bukbek peudang beudilKabéh sayahna ngamukDatang katémbong tulangnaTaya kulit taya dagingHanteu inget kana peuting kana beurang

7. Naha beut ayeuna warasÉta jalma mu’min agama na leuwih suciIslam anu langkung suciNgaula ka Robbul GhofurAnut ka agama nabiNgucapkeun kalimah kalilh

Page 67: Sama'un finishing

Urang ogé hayu urang pada aman

8. Masing cara lampa étaNgucapkeun kalimah kaliAnut ka agamana MuhammadTuluy taya kafir-kafirNgadeuheus ka payun nabiSakabéh pada ngaguruhLir sora biru an pindahNgucapkeun kalimah kalihAsyhaduanlaailaaha illalloh

9. Waasyhadu ana MuhammadRosuululloh nu dipujiKaula geus nyaho pisanPangéran nu leuwih sugihNgan gusti Allah sahijiNu kagungan bumi tujuhRawuh jeung eusi-eusinaJeung kaula deui nyaksiNabi Muhammad utusan Alloh Ta’ala

10. Kafir kabéh pada IslamGeus anut ka Kangjeung NabiTuluy Sama’un haturanÉta téh ka kangjeung nabiKuring reujeung Mu’min-mu’minAyeuna dikaulaDi garang ku Gusti AllohTina berkah kangjeung NabiBalad Nabi di qobul sapapada na

11. Maksad nu baheula téaDék meunangkeun hiji istriPutrana Raja Su’aroMetakeun agama suciAyeuna anggeus buktiSareng kafir geus arasupKana paréntah gamparanKangjeung Nabi tuluy mujiAlhamdulillah Man ngalaina

12. Waman ‘ala haa jatikaPitulung Robbul’alamiinKa urang ka sadayaSukur batur mu’min-mu’min

Page 68: Sama'un finishing

Karana urang geus buktiKana awak Ki Sama’unHalik aksana panditaNu banget tabengat abdiAnu mulya katetepan rohmat alloh

13. Pandita nu bangsa MekkahKarangan ti para waliKalakuan para ulamaAnu anggeus suci duriPan kiyai sapa urpuBangsa Mail yada liyahLangsung keu nto’at abdina.Balad kafir pada matiNu sawareh kafir-kafir pabuurisat

14. Taya untupan ngaalawanBungbeng kana kuta beusiNu sawareh pagolétakGeus mati manglaksa ketiTeu tahan ngalawan mu’minSawareh kapukul bingungHanteu lumpat teu ngalawanDariyuk payuneun NabiGeus kabuder kabéh ku shohabat mekkah

15. Kangjeung Nabi seug mariksaHee Sama’un anak halidKafir téh kamana bengnaLuntana sawareh deuiUpami teu lepat abdiSuumuhun dawuhan RosulKafir tilu nyaksian ayanaSabagian babad matiSabagian nya ieu anu ningali

16. Ari anu sabagianLumpat kana kuta beusiMalah-malah jeung raja naJumlah perajurit sa kaeutiKacarita hiji mu’minMantuwan kangjeung rosulJenengan Ali MurtadhoCalikna pungkureun NabiKangjeung Nabi malik kapungkur miwarang

Page 69: Sama'un finishing

PUPUH PENGKUR

1. Sama’un geus eureun perangAyeuna téh kudu maju Sayid AliKanan Kuta beusi asupLampah-lampah jeung rajanaDina kuta mintu manéh jeung serdaduDina kuta geus sadiyaJumlah perjurit saketi

2. Sayyid Ali téh seug dangdanBari mawa pedang reujeung tampirSayyid Ali semprung majuNarajang ka jero kutaDibuka keun pintu kuwat amburadulSup asup kajero kuta mangjing perjurit saketi

3. Sayyid Ali matek pedangDisabetkeun éta pedang ka si kafirSayyid Ali bukbek ngamukPadatna pating riyabNyacar bolang beuk seuk lima datang Datang dalapan seug joprakDatang salapan seug mati

4. Saratus dipedang joprakSi kafir the ngamuk ka Sayyid AliPedang kafir bukbek ngamukPedangna ting baruriyayBeuki jero sayyid anu ngamukPada ngahalaan RajaGeus bukbek pedang ka Ali

5. Sayyid Ali tuluy medangBukbek ka walikat jeung biritSayyid Ali sangat ngamukBukbek anu nyacar bolang Dina guha ting keretek ting kurutukBarang-barang paburantakDiamuk ku Sayid Ali

6. Hanteu ngurus dipilihanDuwa tilu opat lima sukseuk matiTujuh dalapan beuk jungkungKafir welahna ngajagaDina kuta ngahalangan Qobti ratu

Page 70: Sama'un finishing

Sayyid Ali narajangKahareupeun raja Qobti

7. Raja Qobti sebréh medangBukbek medang Sayyid aliPedang raja Qobti ngamukSayyid Ali bukbek medangTuluy numbak raja Qobti ngabulSayyid Ali bukbek medangRaja Qobti mudal madil

8. Raja dipedang ngajoprakSayyid Ali ngamuk deui ka PerjuritBukbek pedang ting jarungkungPerajurit pating jaroprakBukbek pedang mudal madil amuradulKu perjurit dicarokotSabet ti beresih

9. Baladna nagri Su’aroJeung joprak raja qobtiSanggeus Sayyid Ali ngamukBarang anjeunan ditanya-tanyaSanagri diboyong ku balad RosulSaniskala rupa-rupaTi Su’aro geus beresih

10. Kocap kangjeung nabi cengkarTi nagara Su’aro kabéh geus mulihJeung shohabat kabéh ngabrulSakabéh tarumpak kudaPada bungah kabéhogé pada sukurPitulung Alloh ta’alaShohabat pada gumbira

11. Sakabéh sohabat MekahNgaran Ashim putra WailSaha-saha nu ngarunguIeu kana caritaTi kawitan nepi ka tamat ngadanguDihampura kabéh dosaOpat puluh tahun leungit

TAMATWALLOHUA’LAM BISSOAB

Page 71: Sama'un finishing
Page 72: Sama'un finishing

BISMILLAAHIRROHMAANIRROHIIMYAA ROBBI SHOLLI ‘ALAA MUHAMMADYAA ROBBI SHOLI ‘ALAIHI WASALIMYAA ROBBI BALIGHUL WASIILAHYAA ROBBI HUSHSHOHU BIL FADLILAHYAA ROBBI WARDLO ‘ANISHSHOHAABAHYAA ROBBI WARDLO’ANISSULAALAHYAA ROBBI WARDLO’ANILMASAYYIHYAA ROBBI FARHAM WAALIDIINAYAA ROBBI WARHAMNAA JAMII’AYAA ROBBI WARHAM KULLA MUSLIMYAA ROBBI WAGHFIR KULLA MUDHNIIYAA ROBBI LAA TAQTOO ROBBAANAYAA ROOBI YAA SAMI’ DU’AANAYAA ROBBI BALIGNA YAA ROBBI TAGSAANAA BINUURIYIYAA ROBBI HIFDOONAK WA AMANAKYAA ROBBI WASIKNA JINAANAKYAA ROBBI AJIRNA MIN’ADZAABIKYAA ROBBI WARZUQNAA SYAHAADAHYAA ROBBI HITONA BIS SA’ADAHYAA ROBBI WASHLIH KULLA MUSLIHYAA ROBBI WAKFI KULLA MU’DIIYAA ROBBI NAHTI BISSAFA’YAA ROBBI SHOLLI ‘ALAIHI WASALIM

WASSALAAMU’ALAIKUM..