disebutkeun, dina Tarling ge biasana sok aya pintonan carita (drama) anu basajan tapi saleger, anu tema caritana nyokot tina kahirupan sapopoe. Jeung ,. sole dipasieup ku banyolanfbobodor- an/lawak deuih. Jadi singetna page- laran Tarling teh ngawengleu: sekar gending, drama, bobodoranjeung ibin- gan. Basa anu digunakeunana ge basa Cirebon atawa lndramayu. Tarling bias ana dipagelarkeun dina kariaan hajat kawinan/hitanan. Tah kabeh- dieunakeun, sakumaha kasenian tradisonal di urang ann hayang "survive (lana hirupna), Tarling ge sok "ngigelan jaman" ku jalan kolaborasi (adumanis) jeung dangdut-"Tarlingdut". Laju beuki dieu musik pangiring Tarling ge beuki ngariut jadi hiji cukup ku "organ tung- gal" jadi Tarling-organ. Aya deui anu disebut "Ronggeng Bugis". Nurutkeun riwayatna kasenian anu "militeristik (Kasi I)" teh asalna ti Kampung Buyut-Cirebon Kaler anu medal tina akibat situasi politik jaman harita. Ronggeng Bugis sacara historis aya hubunganna jeung tugas nagara. Nyaeta "tugas panyamaran" para juru telik (intel) pikeun maca situasi, kaayaan kakuatan/kalemahan pihak lawan. Ku jalan nyamur jadi ronggeng anu papakeanana jeung dangdananana meh sarua jeung awewe-ngararnen ka daerah musuh-pihak lawan ge moal nyangkaeun yen sakabeh pamaen Ronggeng Bugis teh wadyabalad telik sandi (intelejen) anu disulusupkeun ku Sunan Gunung Djati jeung diper- cayakeun ka urang Bugis sobat anjeun- na. Anu matak nelah nepi ka kiwari disebut "Ronggeng Bugis/Tari Telik Sandi". Mernang lamun nilik kostumna mah merenah pisan lamun dipake nya- mur teh, moal gampang katohyan sabab dangclanan jeung "make up-na" baclis Baclut Sirkeus-Iamedong ku gincu jeung lipen anu teu matut. Tapi anu muji teh "rigigna", sole sanajan di- pintonkeun ku pangibing lalaki tapi kacida leuleus-liatna jeung aruman- arimeun. Jararete "centil aced" matak pikalucueun. Ibingan anu biasana ditarikeun ku 12 nepi ka 20 urangjeung clipingpin ku hiji komandan teh, wacli- tra anu dipake rnirigna basajan pis an, cukup ku kendang, kempul, kolenang jeung kecrek, Tapi kacida ramena matak pikaseurieun. Harita ge magelaran di Unpad, this- na mangsa ngijih jadi kasilih ku anu areak-eakan nyengseurikeun pintonan Mangle No. 2300 Ronggeng Bugis anu mawa kaayaan jadi haneuteun. Komo ditema ku "dangdut pesisir" Cerbon anu tepakan kendangna galak ngogan geol nalaktak jeung "Thing Tayub" mah, Keur kitu ditambah ku susuguh kuliner (katuan- gan) has Cirebon Tahu Gejrot jeung Empal Gentong anu "diharatiskeun", weuh ... matak moho! Pembantu Rektor' III widang kamahsiswaan dr.Trias Nugrahadi, Sp.KN ge kuat ka ngalayang "nayub" ka payun, ngetrukkeun 'pangabisana bareng jeung mahasiswa asing ngarengklak disorendang karem- bong nuturkeun wirahma gamelan. Rengse eta rektor jmpad rnasrah- keun layang pangajen ka para pangi- bing jeung ka parnarentah Kabupaten Cirebon anu harita diwawakilkeun ka Sukanda-Kapala Dinas Pariwisata Pamuda & Olahraga Kabupaten Cirebon, "Mangrupi hiji kahormatan pikeun sim kuring mah tiasa magelaran di Unpad teh. Ku hal ieu Unpad tos hasil ngajaga-ngariksa ngamumule kasenian-kabudayaan Jawa barat, hususna Cirebon. Ku kituna sim kuring miharep ketak Unpad dipiconto ku instansi-instansi sanesna dina ngamu- mule warisan budaya luluhur urang. Sangkan teu tumpur kari catur sareng teu diaku ku batur." Kitu sauma. Juru ibing Saptaji jeung Nur Anani salaku koordinator pangatur lagu ge katajieun ku ketak Unpad jeung miharepkagiatan ngamumule kasenian jeung kabudayaan teh di ronjatkeun deui nepi ka kasenian-kabudayaan anu meh ilang teh harudang deui-tandang makalangan. "Abdi mah teu kinten nganuhunkeunana ka pihak Unpad. Moal matak kapok magelaran di Unpad mah. Pangbagea anu nongtonna ge sakieu rempegna-pikabingaheun. Atra! Eta hiji buktos yen tujuan Unpad dina ngarnumule kasenian-kabudayaan teu mung sakadar akon-akon wungkul. Wilujeng sareng sakali deui hatur nuhun ka sadayana." Cek Nur Anani Sang Juru Thing anu dina umur 3 taun geus bisa ngibing tari Cirebon. *** (ASEPGP) Topeng Cirebon. Nur Anani M. Irman (poto: Dadan - Hurnas Unpad) 9 l