Assalamualaikum wr.wb.
Alhmadulillahi robbil alamin.washolatu wassalamu ala sayyidina
Muhammadin wa ala alihi washohbihi ajmain. Amma badu.
Para hadirin anu mulia, salaku umat Islam atos sawajarna urang
mengenal lebih deket junjungan urang yakni Nabi Besar Muhammad SAW.
kabehanana eta semata-mata kango ningkatken kataqwaan urang ka
Allah SWT. Ku cara seperti kitu urang bisa lebih ngadeketken diri
ka Allah SWT, bisa lebih baik nganjalankan perintahna sakaligus
ngajauhan laranganana
Hadirin anu berbahagia. dina bulan anu pinuh berkah iyeu urang
perlu lewih loba ngalakuken muhasabatun nafsi atawa instrosfeksi
diri, ngentengan sorangan. Terutama anu berhubungan jeung
peningkatan kualitas sholat urang sadayana khususna jeng kualitas
ibadah secara keseluruhan.sabab ges sakuduna urang salaku kaum
muslimin kudu ningkatken kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka
Allah SWT.Sakumaha pidawuh junjunan urang sadaya man kaana yaumuhu
hoirun min amsihi pahua roobihun saha wae jalma anu sae poe ayena
tibatan kamari,tah eta jalma anu beruntung batian mun dina dagang
mahKacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih buruk tibatan
poe kamari,kacida rugi jalma anu amal poe iyeu sarua jeung amal poe
kamari,maka beruntunglah orang yang jika amal hari ini lebih baik
dari kemarin.
Hadirin anu mulia..sabab amal ibadah sholat eta tolak ukur
daripada identitas jalma islam, makana sagala upaya,tarekah kango
ngengengken sholat anu khusyu, ikhlas jeng makbul kaasup rangkaian
ibadah. Sedengken sholat khusyu, ikhlas jeng makbul eta moal bisa
ngawujud jika lamun henteu ditunjang ku ilmu.Tina ku lantaran kitu,
Islam ngawajibken sadaya muslimin muslimat milarian ilmu. Sakumaha
pidawuh kangjeng nabi muhammad saw:
Tholabul ilmi faridhotun ala kulli muslimin walmuslimat
Anu pihartosenana milarian elmu teh eta fardu piken muslim
lalaki jeng muslim awewe fardu didiyeu fardu ain.anu teu bisa di
gantian ku batur seperti solat berjamaah jeng ngurus mayit.
Dina hadits anui sanes dicarioskeun, Teangan ilmu sananjan nepii
ka negeri Cina.Hadirin anu mulia.. Lamun ku urang di talaah secara
detil jeng mendalam, naun sabana Rasulullah SAW ngahubung-hubungken
ilmu jeng Cina ? Aya kepentingan naun ? Sajauh mana pengetahuan
baginda rosululloh saw tentang Cina ?
Hadirin anu berbahagia.Umat Islam karek sadar waktu perintah
sholat mimiti diwajibken. Ternyata seeur pisan sarana jeng
prasarana anu ngadukung kana ibadah sholat anu khusyu. sabab ibadah
sholat ngandung syarat jeng rukun. Tah urang moal terang kana
perkara rukun jeng syarat shalat lamun teu rajin ngaji elmuna
sholat. Sedengken anu menyangkut masalah syarat eta erat
hubunganana jeng alat jeng materi. Logikana,Hadirin anu mulia...
pada saat sholat diwajibken, maka nutupan aurat eta disyaratken.
nutupan aurat eta kudu ku kain, jeng dina waktu harita sekitar taun
621 Masehi, hiji hijina negara anu mampu ngahasilken tekstil kain
kur negri Cina. Tah eta sababna pangna Rasulullah SAW ngahubungkan
kawajiban nuntut ilmu jeng negeri Cina.
Hadirin anu berbahagia.Bulan Rajab, di mana urang ngalewatina ti
taun ka taun. Jeng teu ukur ngaliwati wungkul, urang sadayana
salaku kaum muslimin selalu menyambut bulan Rajab iyeu
kuperingatan-peringatan, pengajian-pengajian anu dikaitken jeng
uraian tentang sholat. Tapi naha nya, ku datangna bulan rajab iyeu
kur ngaliwat kitu wae??? Tangtu henteu. Sabab anu lewih penting
kango urang sadayana nyaeta ngalenyeupan,merenungi jeng memakna,i
ibadah sholat itu ku aktifitas hirup urang.Pada saat sholat itu
diwajibken kudu khusyu maka dina ngalakuken pagawe,an naun wae
urang kudu khusyu serius jeng sungguh-sungguh.Ketika sholat itu
disyaratkan kudu beresih tina hadats, maka dina ngalakuken naun wae
eta kudu bersih tina kebohongan, henteu korupsi jeng saling
menzdolimi. Lamun saurang pagawe henteu korupsi waktu, jeng lamun
si majikan henteu ngagaweken pagawe secara semena-mena.
Masih seeur hikmah sholat anu perlu ku urang di talaah secara
mendalam. Hayu urang aplikasiken makna sholat urang di luar sholat.
Mudah mudahan urang sadyana selalu dibere kakuatan, petunjuk, jeng
pitulung Alloh SWT, amin.Sakitu anu ka sanggakeun mudah mudahan aya
manfaatnaAqulu qouli hadza astaghfirullohal azdim. Wallohul muwafiq
ila aqwamit thoriq.
Wassalamualaikum warahmatullohi wabarokatuh
Assalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah
hirohman nirohim.
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah
huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil
wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu
ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata
Ala.
Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat
sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang
ageung-ageungna.
Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta
Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.
Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman
sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup
umatna amin yarobal alamin.
Teu hilap nu di pikahormat bapa.,(eusi kunyalira)Nu di
pikahormat bapa,(eusi kunyalira)Nu di pikahormat bapa..(eusi
kunyalira)
Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen
naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal
nulungan urang eungke di jero kubur.
Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul
aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamal
keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung
sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.
Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas,
dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar
kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur
pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung
rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala.
Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh
nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana,
sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu
jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun
kakolotna.
Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal
sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana.
Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe
ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu
Wata Ala.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu
genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda
dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung
kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun
dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.
Contoh Pidato Sunda | Ngawangun Nagri nu Utami
Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa
nastagfiruhu wa naudzu min syururi anfusina wa min sayyiati
amalina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala
hadiyalah.
Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu
anna muhammadan abduhu wa rosuluhu, la nabiya badah.
Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja
minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangran Nu Nu Maha
Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.
Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu
anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku
Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina ieu makom,
dina raraga ngamumul atanapi mimut hari jadina Kabupaten Ciamis anu
ka 368. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun Pemda
Kab. Ciamis jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis
enggoning ngajantenkeun Kabupaten Ciamis janten Nagari anu Utami.
Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi og missina Kabupaten Ciamis
ku anjeun.
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang
sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan
mugi-mugi dikocorkeun og ka kulawargina, ka para sohabatna, ka
tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut
kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat
di yaumil ahir. Amin.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Langkung ti payun neda nyuhun maklum nya paralun mirh sim kuring
dina medar ieu carita kirang tata titi duduga peryoga, maklum keuna
kana paribasa: ciri sa nagri cara sa dsa jawadah tutung biritna sa
carana sa carana bilih aya tingkah paripolah anu kabantun ti
pakampungan anu kacandak di padsaan mantak ngajantenkeun reheut
kana mamanahan para wargi sadaya, sakali deui sim kuring neda sih
tawakuna, hapunten anu kasuhun.
Hadirin hormateun sim kuring!
Peryogi kauninga wirh ngadegna kota Ciamis palias sans ladang
ntng, tinangtos tina hasil pross anu rumpil tur panjang. Sim kuring
kataji ku salah sawios pupuhu anu janten Bupati Galuh anu ka genep
welas, anu jenenganana Raden Adipati Aria Kusumadiningrat, anu
parantos kaamanahan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Galuh Ciamis
dina taun 1839 dugi ka taun 1886.
Saha kinten anu katelah satria linuhung kajamparing angin-angin,
kakoncara ka janapria th? Raden Adipati Aria Kusumadiningrat th
kalebet tokoh anu luhung ku lmu, beunghar ku komara tiasa janten
ngawujud ngaraga sukma ka Bapa Engkon Komara jenenganana
nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan lmu
linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara latn. Marntah
adil palamarta,wedi asih ka rahayat.
Pamarntah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam
Paksa ta. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 og geus
dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan nu
tumali jeung komoditi kopi th.
Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu
cipruk imata, cenah geuning Dengkleung dengdk, buah kopi
raranggeuyan. Ingkeun sadrk, ulah ark dihareureuyan, gambaran
wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu
pancn gaw tanam paksa.
Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sjn saterusna dimekarkeun
jadi Culturstelsel. Ttla di Kabupatn Galuh mah lain komoditi kopi
wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat th, tapi og nila. Proyk
nila ieu pisan anu nimbulkeun insidn Van Pabst nu ngabalukarkeun
Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana th.
Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu ba Kangjeng Prebu bati sedih jeung
prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila,
bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian
kokoprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak
pamajikan jeung kulawarga, sapopona kudu ngagugulung kebon kopi
jeung enth. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih
sedih Dengkleung Dngdk th.
Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tga nyaksian
rahayat kasiksa ku katelengesan pamarntah kolonial. Pikeun
ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gaw tanam
paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, nggal ngagederkeun
pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun
ayeuna mah solokan tersir jeung sekundr katut dam-dam anu
tohaga.
Tepi ka ayeuna aya knh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839,
Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut
Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.
Saterusna Bupati anu beunghar ku lmu panemu turta henteu tiasa
kulem sammh babakti ka rahayatna th, muka lahan pasawahan anyar
jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa
mah, unggal calon pangantn lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa
kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna
tempat pangantn ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis
nyolontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur.
Atuh teu kungsi lila ogeCiamis sohor jadi gudang kalapa pangmamurna
di Priangan wtan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeunku para
pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang
Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yn jeung pabrik di Pawarang
anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah
karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin og kantun
ngaran, sumawonna nu sjnna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadsh ku
minyak kalapa sawit jeung minyak gorng sjnna.
Contoh Pidato Sunda | Masrakat urang masih knh seueur anu beurat
pikeun nyumponan kabutuhan hirup Pidato Bahasa Sunda
|------------------------------------------------------------------Contoh
pidato ini mungkin belum lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi
atau tambah jika menurut Anda perlu dilengkapi.
------------------------------------------------------------------Assalamualaikum
Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman
nirohim.
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah
huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil
wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu
ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata
Ala.
Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat
sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang
ageung-ageungna.
Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta
Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.
Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman
sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup
umatna amin yarobal alamin.Para wargi hormateun sim kuring!
Tatar Ciamis th legana 2.556,75 m2 atanapi 3,65 kali lipet tina
legana nagara Singapura anu legana 707,1 km2. Pendapatan perkapita
penduduk Negara Singapura nyata AS $ 28.228, sedengkeun Nagara
Indonesia perkapita pendudukna AS $ 3.979 atanapi ngabanding kana 7
kali lipet sahandapeun perkapitana Singapura.
Dina hal ieu sim kuring sans bad ngawiwirang ka lembur sorangan,
nanging langkung payus pikeun urang sadaya pada museurkeun
pamikiran swang-swangan neuleuman kasang tukang naon anu mantak
tingkat konomi nagara urang masih jauh tina basa utama, rahayat
mamur kahirupanana sejahtera lahir sinareng batin.
Padahal upami urang nitnan kana potnsi sumber daya alam anu
dipibanda ku Singapura stu jauh tanah ka langit dibandingkeun
sareng tatar Ciamis. Warga nagara Singapura pikeun nyumponan
kabutuhan cai ba kudu ngadatangkeun ti nagara deungeunna nyata
Johor Malaysia.
Kumargi sakitu tangtos tiasa katang ku urang sadaya sabaraha
artos anu kedah dianggarkeun pikeun kaperluan MCK penduduk nagara
Singapura dina sadidintenna.
Hadirin anu sami hadir!
Kalayan ngbrhkeun rasa syukur ka Gusti Allah SWT ku bageuran
Mantena urang sadaya parantos dipaparin bumi anu subur mamur, gemah
ripah loh jinawi.
Nanging paribasa ta saupamina dina mangsa-mangsa ka tukang sok
dilengkepan ku kalimah murah sandang murah pangan, sepi paling
towong rampog rupina babasan ieu kantun tunggulna. Laas tinggal
tapakna, sabab henteu kasartaan sareng kanyataannana. Masrakat
urang masih knh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup
sadidinten.
Mun sok komo lamun kudu nyumponan sagala kabutuhan hirup anu aya
hubunganana sareng pendidikan og kashatan anu layak tur pantes.
Lapangan gaw anu aya masih tebih tina basa utami pikeun
nyumponan tur nampung warga masrakat angkatan kerja anu ti waktu ka
waktu terus-terusan nambahan. Panarimaan masrakat dina widang
konomi kacida pisan gajligna.
Di hiji pihak aya masrakat anu kabeungharanana milyaran rupiah,
di pihak sjn justru aya masrakat anu malarat, tikoro nyoso-lara
balangsak. Awak gulak giluk tinggal tulang jeung kulit, ceuk
paribasana.
Numatak sakitu, samangsa-mangsa pamarntah ngarencanakeun pikeun
nakeun BBM atawa tarif listrik pasti dirspon ku prots atawa
dmonstrasi. Beurat narimbangan akibat tina nakna harga-harga sjn
tina sabab musabab tuwuhna inflasi.
Saleresna sans ukuran siap atanapi teu siapna masrakat urang
dina nyanggap sakumna program pamarntahna, hususna ngeunaan rencana
nakeun harga BBM anu disaluyukeun sareng harga minyak dunia.
Nanging ku nrklna hahargaan ieu kuduna dipitembeyan ku
panghasilan masrakat anu aya hubunganana sareng tingkat pendapatan
perkapita penduduk.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu
genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda
dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung
kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun
dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.
Contoh Pidato Sunda| Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan
Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan
------------------------------------------------------------------Contoh
pidato ini mungkin belum lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi
atau tambah jika menurut Anda perlu
dilengkapi.------------------------------------------------------------------Assalamualaikum
Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman
nirohim.
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah
huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil
wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu
ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata
Ala.
Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat
sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang
ageung-ageungna.
Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta
Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.
Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman
sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup
umatna amin yarobal alamin.Hadirin anu sami hadir!
Dina momentum mimut medalna Galuh-Ciamis anu ka 368 ieu sim
kuring perlu ngmutan ka para inohong anu kiwari disrnan amanah ku
rahayat pikeun ngagem kalungguhan di badan kskutif atanapi
lgislatif. Nanging paralun maklum anu kasuhun, sim kuring sans
wakca ngalalancangan sumawonan mapatahan. Dina hal ieu sim kuring
gaduh kawajiban pikeun ngalaksanakeun salah sawios partan Gusti
Allah SWT sakumaha anu diunggel dina surah Al-Ashr nyata antawis
muslim sareng muslim kedang silih wasiatan dina nanjeurkeun haq
(bebeneran) og kashabaran. (tawa shoubil haqqi wa tawa shoubish
shabr)
Wirh mutan rahayat tangtos panjang pisan, malihan tiasa mapat og
parat dugi ka ahrat, nalika ngabandungan sadaya kasauran para wakil
rahayat og para inohong dina nalika nyeuceup geugeut simpatik
rahayat dina waktu kompanye. Nu mawi sakitu, manawi aya jangji
pasini anu teu acan ngabukti, pasang subaya anu teu acan kalaksana,
kumargi ta th kalebet kana hutang mangga nggal-ngkal geura
cumponan.
Hadirin hormateun sim kuring!
Slogan Ciamis og visi sareng missi Kabupatn Ciamis tinangtos
henteu kirang sampurnana, malihan kalintang ahng kabina-bina
saupamina tiasa janglk ngawujud janten kanyataan. Masrakat tatar
Galuh-Ciamis upami ditilik tina htrognitas pendudukna kalintang
tengtrem ayem, henteu loba tingkah paripolah anu hubunganana sareng
tindakan anarkis, provokasi, denstruktif, og kagiatan pibahayaeun
anu sansna anu tiasa ngancam kana utuhna kasatuan sareng persatuan
bangsa. Hal ieu tiasa kabuktos tina gebyegna masrakat Ciamis
pakidulan anu nmbongkeun kahayangna pikeun ngamekarkeun darahna ti
Kabupatn Ciamis janten Kabupaten Pangandaran. Pross ieu sok sanaos
henteu gampil kitu-kitu wa, nanging sakiwarieun mah alhamdulillah
henteu aya riak gelombang anu mantak pihariwangeun.
Potnsi pikeun ngamajukeun Ciamis th kalintang ngaleuyah pisan,
malihan seueur pisan potnsi alamiah og pangwangunan titinggal
Walanda anu teu bisa dioptimalkeun. Cobi ku urang titnan sabaraha
legana tanah anu henteu jelas status garapanana anu dijadikeun
lahan taneuh PJKA, ditarik ti kawit batas Kota Banjar ngajepat
ratusan kilometer dugi ka Cijulang. Mangga mut deui, saupamina
lahan ta henteu produktif usahakeun pikeun dirobah janten langkung
ekonomis pikeun kasajahtraan sarra.
Teu kaitung tina potnsi perikanan laut, wisata, komoditas
kalapa, kehutanan, pertanian, peternakan, mineral, jeung sumber
daya alam nu sjnna. Piraku wilayah urang anu legana langkung ti
tilu satengah kali lipat legana Singapura bari jeung sagala rupa
sumber daya alamna lengkep pisan, mak henteu bisa ngaronjatkeun
kasajahteraan?
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu
genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda
dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung
kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun
dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.
Contoh Pidato Sunda | Paturay tienung kelas 6 SD
Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak,Ibu guru sekolah seja
ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka
giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem
paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa
ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung,
paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina
raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya,menggah pamaksadan sim kuring teu aya
sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak
anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.
Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh
laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu
tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak
nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu
sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak
sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran
anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah
parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng
katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna,
khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo
keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng
bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda
sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing,
ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan
sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik,
kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak
polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa
tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.
Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu
diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan
aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim
kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada
putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana,Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak
Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra
putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap
sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana
sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng
kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya,Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo
marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan,
tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk
samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu
mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka
marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna
dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu
disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak
dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep
bakal pisah, bakal pajah.
Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos
mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa
sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri,
ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah,
deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa
sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja
neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di
sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya
deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade
basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka
salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat,
Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu
utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu
Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh,
pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan
pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking
bral. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru
kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun
pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga
nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda
jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak
tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa
basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos
pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng
sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng
kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran,
tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan
luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh
akheratna. (unsilster.com)
Hikmah Puasa Jeung Kasantunan
Assalamualaikum Wr.Wb
Loba manfaatna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti
ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung
berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian
puasana wajib ngangembangkeun. Cara berinteraksi nu sopan. Baik
jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu
ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa Sabda
rosulullah SAW anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi
ngomong (maaf) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).
Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu
bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi
pribadi anu indah. Allah swt nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema
kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku
kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah
laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor
kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.
Sasungguhna Allah swt ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu
teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)
Ti kesempatan lain Rasulullah SAW bersabda :Sasungguhna ka
santunan teu melekat ka pribadi atawa parhiasan, jeung teu kacabut
atawa jeung aib. (HR. Muslim).
Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu
beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasululloh SAW, nu
santun, diantaranana : Tsumamah bin atsal RA jeung zaid bin saanah
RA. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit
kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun
sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun
hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras
sasungguhna Allah swt maha santun ti sagala hal (HR. Al
Bukhori).
Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita
sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah swt, sabab ti sabuah
hadist di sebutkeun apabila Allah swt suka hambana, maneh erek
ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim jeung Abu dawud)
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Iman Kana Kodo dan Qodar
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina
dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng
salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka
kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap
ka sadaya umatnaAmin..
Hadirin anu dipikahormat !Beriman kana qodo sareng qodar jeung
seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun
kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala
sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo
jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab
musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan
Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain
izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti
katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.
Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng
bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami
usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun
karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa
ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa,
dina mayunan musibah.
Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu
urang ucapkeun nyaeta bacaan istirjaAnu hartosna : saenyana sagala
sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya
mulih.
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate,
abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum
Manfaat Iman Kana Qodo sareng Qodar
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka
dzatna anu maha suci anu maha mantena, parantos masihan
mangrebu-rebu kanimatan terutamina nimat iman sareung nimat islam,
teu hilap oge solawat sareng salam urang sanggakeun ka junjungan
Nabi Agung Muhammad SAW, ka kaluwargina sareng ka sobat-sobatna oge
ka para tabiin tabiatna anu ka Allah di mulyakeun.
Ka bapa sareng ibu guru anu simkuring di dipikahormat oge teu
hilap ka para siswa sareng siswina anu ku simkuring di pihormat
sareng mugia ku Alloh di mulyakeun.Aminn, ngadegna simkuring ieu
teh di payun bade pidato sanes bade mimbar atanapi dakwah, langsung
wae simkuring bade pidato anu insya Alloh nerangkeun atanapi
nyarios masalah qodo dan qodar.
Sadaya umat muslim anu iman wajib, iman kana qodo sareng qodar
Allh swt, iman kana qodo dan qodar ngandung mangpaat anu seueur ka
urang sadayana. Di antawisna mangpaat iman kana qodo sareng qodar
nyaeta tiasa ngokohkeun iman sareng takwa tiasa nyadar upami sagala
kajadian di dunia sareng di aherat tos di di tentokeun ku Alloh
swt. Ti jauh-jauh haritana nyana iman qodo sareng qodar tiasa
numbuhkeun kateguhan hate sareng ka sabatan, aya na musibah tur
rintangan anu tiasa di hareupan ku mangrupa katentuan-katentuan
Allah swt.
Iman kana qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun rasa iklas tiasa
narima sagala katentuan ti Alloh swt sareng tiasa ngadorong kana ka
sukuran ti Alloh swt upami usahan tiasa hasil, upami tiasa
nyadarkeun kana ka berhasilannana ka mangrupa karunia ti Alloh swt,
kaimanan qodo sareng qodar tiasa ngafdorong tina sikap tegar,
sabar, sareng heunteu putus asa, di antawisna upami usahana gagal,
kagagalan dina usaha sabenerna tos di catet ku Alloh swt ti zaman
azali.
Mung sakitu pidato ti simkuring, mugi-mugi aya mangfaatna,salah
leresna di tawakup nu sa agung-agungna.
Hukmah Iman ka Kitab-Kitab Allah
Asslamualaikum.Wr.WbBismillahirohmanirrohim.
Wabihi nastainu ala umuri dunya wadin wasolatu wasalamu ala
asropil anbiyai walmursalin waala alihi wasohbihi ajamin
Ammabadu
Pertama-tama mangga urang sadaya panjatkeun puji sinareung
syukur ka hadirot Allah swt anu mana dina dinten ieu urang tiasa
kumpul dina pertempatan ieu, nu salajeungna sholawat sareng salam
mangga urang sadaya curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabi Besar
Muhammad SAW, serta para shohabatna, para ulama, para pengikutna,
kangge urang sadaya tetep janten umat anu masih taat dina ajarana,
amin ya robbal alamin.
Dina kaempatan ieu urang bade ngabahas tentang iman ka
kitab-kitab Allah swt, pengertian tina iman ka kitab-kitab Allah
nyaeta urang yakin sapinuh hate bahwa Allah swt nurunkeun
kitab-kitabna ka para rasul-rasulna lewat malaikat jibril, kana
dijadikeun pedoman hirup urang sadaya jeung ngabedakeun mana anu
hak jeung mana anu bathil. Kita Allah nyaeta pedoman hirup manusia
nu bakal ngacapaikeun kabahagiaan dunya sareng akhirat jeung mikeun
kahartos antara anu hak sareung anu bathil nu halal sareung nu
haram, diperlukeun nyaeta Al-Quran.
Kitab suci urang salaku umat islam nyaeta Al-Quran. AL-quran
nyaeta kitab suci nu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW sakaligus nu
terakhir di turunkeun ka dunya. Dijelaskeun dina surat Al-Baqarah
ayat 2 nu hartina :Al-Quran nyaeta panerangan kana jalmi-jalmi nu
takwa ka Alloh swt. Hikmah serta manfaat iman ka kitab-kitab Allah
SWT diantarana nyaeta nentramkeun batin, merenyano kana umat-umat
jaman baheula, bias ngabedakeun mana anu hak sareung petunjuk
ngacapai kabahagiaan dunya jeung akhirat.
Kadua waktuna terbates tos sakitu heula ti abdi upami aya
kasalahan mohon hampura, upami aya nu teu kahartos pek resepekun di
jero hate.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Panghulung Kalbu
Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang
sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana
Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun
ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten
pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang
sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan
kenging ridho ti gusti Allah taala. Amiin..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun,
dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam
nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna
tabiin tabiatna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku
umatna.
Kepala sekolah SMPN 2 Leuwimunding, dewan guru sadayana anu ku
simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan sinareng
adi-adi kelas abdi, anu kusimkuring di pihormat.
Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun
hiji biantara anu eusina COBAAN ATAWA UJIAN
Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :1. Ujian
anu manis2. Ujian- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta nikmat ti gusti
Allah contona : Pa Udin jadi jalema anu dipikihormat ku sabab
anjeunna kaya, gaduh mobil anu berkilat sahingga istrina oge
4Subhanallah- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan
musibah contona : Pa Dayat gaduh kaluwargi, kanggo nganafakahan
kaluwargina hese.Jadi kasimpulanan :Upami urang di pasihan anu
manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?
Maksadna ayat Al-Quran dijelaskeun :Upami urang syukuran ka
nikmat Allah maka bade nambihan nikmat tersebut. Tapi sabalikna,
upami kufur ka nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.Upami
urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah
sabar.Nabi bersabda :
Sabar eta sabagian tina imanSareng Allah ngadawuh :
Allah seneng ka jalma-jalma ani sabar, jadi urang hirup di dunya
ieu pinuh cobaan.Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi
waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya
perhatosan nana.Hapunten bila aya kalepatan.
Pidato nyambut dina mieling hari Kesaktian Pancasila
Assalamualaikum Wr.Wb
Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu
dimulaikeun.
Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju
mieling Kari Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar
jeung pandangan hirup bangsa.
Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian
Pancasila? Memang upama ku urang ditalungtik ti kawit
dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung nagara urang Republik
Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan sarta
ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu
hakekatna ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud=maksud anu
goring anu haying nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah
nagara pancasila ku komunisme tiasa digagalkeun.
Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila
ngarupakeun hasil rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng
budaya bangsa Indonesia, nu digali tina poko-poko pikiran nu suci
jeung hate sanubari bangsa Indonesia.
Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun
poko-poko pikiran, sumber tina sagala hokum, pandangan hirup
bangsa. Sarta sabagi ideology sareng falsafah nagara, anu wajib ku
urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.
Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun
nu parantos kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965,
parantos dilakukeun gerakan pembasmian secara operasional anu
dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan Operasional Pemulihan
Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat anu
mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu
ngaku dirina Gerakan G 30 S/PKI.
Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga
kadaulatan nagara tiasa disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas
Dasar Pancasila sabagi falsafah nagara.
Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun
sabagi Hari Kesaktian Pancasila.
Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun
ngargragkeun kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka
dina kasempetan ieu, urang sabage bangsa Indonesia mangga urang
sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun sacara murni jeung
konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana panataran-panataran
P$, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah. Sabab
upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi
urang, mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun
ideology lain anu rek usahangamangruhan atawa ngarongrong diri
urang pikeun nurutkeun pangaruhna.Pancasila eta ku urang sadaya
kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga urang sangkan
bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan
saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener
bakal ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta
BALDATUN THAYYIBATUN WARABBUN GHAFUR, ngawujud masyarakat adil
jeung mamur berdasarkeun Pancasila kalayan kenging pangampura ti
Allah swt.
Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng
karuniaNa, sareng mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita
sareng harepan bangsa Indonesia.Amiin!
Wasslamualaikum Wr.Wb
Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan
URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKANPIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN
DIAJAR 12 TAUN
assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuhSampurasun..Dwan yuri
anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di
ieu tempat, teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim abdi di
pitresna.
Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh
SWT nu Maha Ghopur tur mihman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh
sanubari, mugi sing ulah pok deui, komo kudu luncat mulang tali
gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gdag
kaanginan.
Sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna, mugi tetep
dillrkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana,
sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.
Dina kasempetan nu sa ieu dina raraga lomba biantara sunda 6
taun, sim abdi bad ngabantun judul Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana
Atikan, Pikeun Sukssna Kawajiban di Ajar 12 Tahun.
Dwan yuri nu ku sim abdi di pihormat,Masalah atikan
mangrupikeun, salah sawios kawajiban kangg urang sadayana, milari
lmu th dianjurkeun ku agama boh kupamarntah, sabab ku ayana atikan
manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu
ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh jalmi nu gaduh lmumah
calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna.
Taun ajaran nggal ayeuna nu bad kasampeur, mangrupikeun salah
sawios tatapakan nu nggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis,
pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat
awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan
tingkat luhur,
Dwan yuri nu ku sim abdi dipihormat,Jawa Barat nu di sebat
Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna knh
wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna long life
education nuntut lmu th sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos
ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo,
sateuacan aya program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek
diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini sepuh sunda tos ngagaduhan
kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina wanda kawih,
sisindiran, paribasa atawa babasan.
Dina rompaka kawih anu kieu unggelna:Nlngnngkung
NlngnngkungGeura ged geura jangkungGeura sakola sing julungSangkan
jadi jelma luhung
Nlngnngkung NlngnngkungGeura gede geura jangkungMun hidep pareng
geus luhungPoma ulah rek adigung
Filosopis dina wanda kawih diluhur csna jntr, urang sadaya kudu
sakola nyuprih lmu, bari jeung lamun parantos gaduh lmu teu adigung
adiguna.
Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.
Aya manuk dina pagerNa sukuna aya bolaLamun urang haaing
pinterKudu getol kasakola
Baju kutud heureut polaDikelin teu dijalujurLamun teu cucud ka
sakolaArisin balik kalembur
Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola
sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik
kaleumbur.
Dwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami
rawuh ditempat, og rrncangan saperjoangan nu ku sim abdi
dipikatresna,Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun
nyupri lmu dina salah sawios hadits nabi Muhammad saw.
Hartosna : Nyuprih lmu th wajib pikeun muslimin jeung muslimat
ti kawit na kandungan dugi ka alam kubur.
Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan
elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya.
Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sans
mung ukur nyuprih lmu wungkul tapi biayana g kudu disiar, mun
pareng geus linuhung ku lmu kudu siger tengah.Kumargi kitu hayu
urang suksskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamarntah
supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener,
cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter,
tur singer insya allah moal kabalinger.Pamendak pitutur sepuh urang
sunda, luyu jeung agama diarigama, pamungkas:Sing getol nginum
jajamuNu guna nguatkeun uratSing getol neangan lmuNu guna dunya
akhrat
Cag, wassalamualaikum warahmatullahi
wabarakatuh(gtcrentalcsg.blogspot.com)
Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai
Tineung
Assalamualaikum wr wbAlhamdulillahirobbilalamin. Washolatu
wassalamu ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad
waalla alihi washobihi ajmain.Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi,
sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu
urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan
kanggo tiasa kempel ngariung di dieu patempatan, dina raraga
ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung dua kanggo akang
sareng teteh anu parantos lulus ti ieu sakola.Salam sinareng
solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat,
para ahli sareng sahabat.
Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek
ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu
Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing parantos rengse diajar,
salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu
sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun
Alhamdulillah.Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku
Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu sareng katiasa keur
pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu
taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna
lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi bae sadaya elmu nu
parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang
pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna.
Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna
kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu langkung utami,
nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng
ramana.
Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung
tiasa ngajurung ku dua, mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa
neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar,
sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut
dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung
sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung paripolah,
boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti,
kedah adab ka sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh
ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka sasama, bear bageur ka
sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian,
anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya
Allah.Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon
anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap,
kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunekun
dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang,
caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.Sakitu
nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung
saurna, neda sihapunten.Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalualaikum wr
Contoh Biantara Wawakil Siswa Waktos Acara Paturai Tineung
Assalamualaikum wr. wb.Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah
Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah,
Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung
dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring
saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami
tilu taun.Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuringMungguh ari
waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring
saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay
deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola,
ngahontal harepan sareng cita-cita.Kantenan wae salami tilu taun
diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di
dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca
diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa
kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.
Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal
kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu
pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal
nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi
elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi
saparakanca.Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim
kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa
ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos
dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa
Zalla. AminBapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha,
salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur
pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna
tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu,
ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda
sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan
sareng kaluluputan.Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim
kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul
elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di
tingkat nu langkung luhurRupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa
nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu
raos kana manah, neda hapuntennaWabillahi taufik wal hidayah.
Wassalualaikum wr. wb.
Contoh Pidato Sunda | Biantara Paturay Tineung TI Wawakil Siswa
Biantara Paturay TineungAssalamu'alaikum Wr. Wb
Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci.
Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung
dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring
saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu
taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.Sim kuring ngadeg
di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong
cumarios ngedalkeun kareteg angan.
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh
sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos
kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun
sakola, ngahontal hareupan sareng cita-cita.
Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan
anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah
pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu.
Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung
sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta
sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean
Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun
kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten
obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu
Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat.
Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu
poek sareng nu caang.
teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana
pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring
saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a,
pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu
ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola,
kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng
nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih
Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa
neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan,
nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..
Meser kaos dimeteran,meser sendal sareng pita,Abdi mios rek
pamitan,rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,ayeuna rek mawa kisa,Kamari urang
ngahiji,ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang
merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb