T--· --.-- ---- -.-.. ----- ..-.--- o Senin 0 Selasa 0 Rabu ----"(!)-=---3--4--5---6- 7 8 17 18 19 20 21 22 23 ---c=----=-----;::c-----::;:---. --.----.- OJan .Peb o Mar OApr OMei OJun • Kamis 0 Jumat 9 10 11 24 25 26 OJul 0 Ags o Minggu 14 15 29 30 31 o Sabtu 12 13 27 28 OSep OOkt ONov ODes • Mastodon & Burung Kondor Relcvan Kcneh P idangan Bale Rumawat Pajajaran- Unpad di awal taun 2012 dibuka ku tongtonan istimewamangrupa pagelaran teater "Mastodon dan .Burung Kondor(MDBK)" karya dramawan rno- yanWS Rendra (Almj.Pagelaran Bale Rumawat anu ka-ag-na ieu lumangsung di Aula Unpad Graha Sanusi Hardja- dinata Jl.Dipatiukur 35 Bandungtrz-rg Januari zorz l.Pagelaran anu disutra- daraan langsung ku garwana Rendra, Ken Zuraida, dina poe kahiji diluuhan ku para tamu jeung ondangan ti kalan- gan seniman, budayawan, rengrengan guru besar Unpad, dekan, jeung sakum- na civitas akademika Unpad. Anu rawuh harita diantarana:Rektor Unpad Prof Ganjar Kurnia, Prof Himendra Warga- hadibrata, Dr.Tyas Nugrahadi, Prof Dede Mariana, Tjetje Hidajat Padma dinata,Prof Deddy Mulyana, Prof.Dadang Suganda, Drs .Aceng Abdullah, Iman Soleh CCL, Yesmil Anwar, Dodi Eka, jeung rea-rea deui, sadayana saregep ngabandungan lala kon teater anu dina mangsa Ordeu Baru "ha ram" dipage- larkeun.Padahal pagelaran harita ngakan waktu meh 2 jam leuwih, tabuh 12 peuting kakara lekasan.Poe kaduana dilalajoan ku mahasiswa. Jejer carita "Mastodon .ban Burung Kondor" teh nyaritakeun riceuw- na sosial politik di Amerika Latin anu keur diharudum kontra revolusi. Pamarentahan tentara, anu ambisius dina pangwa ngunan keur manjangkeun kakawasaanana, sabalikna rayat mah tarn- bah salangsara, hirupna teu tengtrem kalis disingsieunan, sakalieun aya nu wani dipo- congok tibatan jadi cucuk rungga pikeun anu kumawasa.Antukna jadi pamarenta- han anu sabalangbentor, awuntah, nya ieu anu disebut amarah para mastodon (gajah purba).Tah rayat anu katalangsara jadi tumbal parnarentah mastodon nu ngatas- namakeun pangwangunan, dimaknaan salaku burung-burung kondor (heulang bangke/rnanuk najar). Kamiskinan akibat gawena pamarentahan diktator jeung otoriter, geus ngahuru dada para revolu- sioner anu diluluguan ku urangkam- pus.Laju mupakat pikeun narekahan revo- lusi.Tapi tawaran revolusi teh dihulag ku Jose Karosta, sang penyair.Manehna jalma anu nyakola jeung asak jeujeuhan teu kabawa ku sakaba-kaba, leuwih nguta- makeun prinsip-prinsip kabudayaan. Sabab, cek pikiran sang penyair, saban revolusi din a pamustunganana baris medalkeun sikep panatik/ekstrim.Sikep anu bakal megarkeun para mastodon/ penindas.Unggal revolusi anu dimeu- nangkeun ku kaom radikal fanatis, bakal ngalahirkeun para mastodon! Istimewana MDBK, nyaetasabulan ti satutasna mage- laran di Istora Senayan (15 Desernber 1973), dina media citak disebutkeun yen karya drama "masterpiece" Rendra anu ditulis antara taun 1971-1973 teh geus ngahuru kasadaran para aktivis Malari (Perisrtiwa/Malapetaka 14-15 Januari 1974). Dina awal pagelaranan di Yogya (Sport Hall Kridosono tanggal 24 Nopernber) MDBKge dicekal teu meunang mentas sabab dianggap kontroversial, nyigeung kakuasaan parnarentahan. Si Burung Merak ge dina taun 1970 kungsi unggah bale watangan sabab dianggap kri- tis teuing jeung geus ngahuru suhu politik mangsa haritajeung dianggap sakongkol jeung aktivis Arif Budiman, sarta kabaud dina "Perkemahan Kaum Urban" di basisir Parangtritis i6-18 Oktober 1971 anu babarengan jeung para mahasiswa, seni- man jeung cendikia anu sacara militan berproses ku kasadaran nyedot enerji ti alam di luar jeung alam di jero, pikeun ngaberontak kana saniskara rupa-rupa "penindasan intelektual".Lengkepna MDBK mimiti dipagelarkeun ku Bengkel Teater taun 1973 di Yogyakarta, 7 Desember di Gedong Merdeka oge di ITB jeung di Istora Senayan.Satutasna ampir 40 taun, MDBK magelaran deui di Bandung. Anu cek Ken Zuraida dayeuh tempat digedekeunana MDBK.Bandung temp at sajarah penting.Sabab ku gawe rancage mahasiswa !TB mangsa harita anu diluluguan ku pupuhu Dewan Mahasiswa Kemal Taruc, Rendra jeung Bengkel Teaterna bisa magelaran di lapang basket ITB. Naskah MDBK ceuk pamanggih para pengamat, ngandung makna anu jero anu bisa dijadikeun bahan "perenungan" pi- keun sakabeh warga nagara anu miharep bangsana maju sarta dianggap relevan jeung kaayaan Indonesia dina mangsa kiwari, "Eta mah nyanggakeun nafsi-nafsi, sakabeh jalma kagungan hal interpretasi sareng imajinasi, anu utami pikeun Unpad mah "berapresiasi" boh apresiasi ka pa- nulisna, sutradara, para pamaen, atawa kana jeier caritana," ceuk Ganjar. Ganjar ge boga anggapan MDBK mah peristiwa kasenian tapi lain ngan ukur kasenian tapi kasenian anu bisa mere "penger- tian", laju mere "kakuatan" anu pamustunganana kakara mere "hiburan".Lalajo MDBK dina mangsa kiwari jeung bihari sok sanajan jejer caritana relevan keneh, tangtu pikeun anu lalajo mah aya bedana. Ceuk Perupa Herry Dhim mah "kapicu adrena- Iin" cenah gee.Kawantu mangsa harita mah jaman "cekal" jeung "disubversifkeun" atuh lalajo ge bari pungak-pinguk barijeung risi ku bisi rempan ku kaayaan. Eta hal ge kaalaman ku Harris Samudra,almnus Sastra Rusia Unpad entragan taun So.Harita keur sakola di SMP, cenah, manehna lalajo MDBK di ITB jeung Gedong Merdeka teh.Gregetna tangtu nalika Jose Karosta diperankeun ku Rendra.Tapi Harrys ge muji ekting Mariam Supraba (putrana Rendra) jeung Edi Haryono anu ti baheula (taun 75) satia nunutur Rendra kama- mana.Yesmil Anwar,kriminolog Unpad jeung pamaen teater ga ngaapresiasi, ek- ting para parnaen lancar, ngan stok pamaen kurang cenah. Parnaen sentral jeung tokoh antagonis kawilang alus. Tapi revolusina "manis" kurang greget. Tah pesen anu ditepikeunana mah relevan keneh, hal ieu hade dipagelarkeun di Unpad pikeun revitalisasi kahirupan kam- pus anu dipalar urang kampus teu "buta politik", tangtu politik pikeun kamajuan nagara.***Asep GP. Mangle No. 2359 -------------------------------------- 41 -----------------_. Kliplng.Humas Unpad 201,).