1H/lCfl1J1gHffJ Elmu Pangaweruh Patani jeung AnornaliIklim Ku Johan Iskandar S agala rupa bencana alam pa- ngaruh anomali ikIim balukar tina 'pemanasan global', saperti caah, halodo panjang werit cai jeung sajabana dina sabaraha dasawarsa kiwari kabandunganana beuki sering wae tumiba di hampir sakabeh wilayah Indonesia, kaasup wiIayah Tatar Sunda. Balukarna timbul rupa-rupa karu- gian ka masyarakat, utamana ka masya- rakat patani. Marga lantarana para patani dina ngalakonan usaha tani kacida gu- mantung kana ikIimjeung cuaca. Contona wae, pangaruh halodo panjang taun 1982- 1983, 1987, 1991, 1997-1998, 2002-2003, jeung sababaraha taun can liIa ka tukang, enggeus ngabalukarkeun gagal pan en pare (puso) jeung produksi gabah turun nepi ka ratusan juta ton. Ha! ieu kacida matak ngarugikeun ekonomi para patani sawah. Timbulna bencana alam atawa bencana ekologi ieu teh jigana kahareup mah bakal leuwih sering pisan. Marga-lan- taranana, polusi udara limbah tina indus- tri-industri anu ngabalukarkeun pem- anasan global bakal beuki ningkat. Tapi, sabalikna elmu pangaweruh sistem ekolo- gi tradisional para patani pikeun ngadap- tasikeun kana anomali ikIim,beuki luntur kagerus ku pangaruh modernisasi. Padahal saencana aya program Revolusi Hijau di awal rczo-an, para patani sawah di Tatar Sunda ngabarogaan pangaweruh sistem ekologi tradisional anu beunghar pisan, di antarana soal nganalisis jeung ngaramal parobahan musim, katut nyu- sun kalender tani atawa pranata mangsa. Nganalisis Parobahan Musim Dinajaman baheula, saencan aya pro- gram Revolusi Hijau, para patani pede- saan di Indonesia', kaasup patani sawah di Tatar Sunda ngabarogaan elmu panga- weruh sistem ekologi tradisional anu kaci- da leubeutna. Contona wae, Urang Sunda baheula pikeun nganalisis parobahan 'musim' guyub pisanngagunakeun rupa- rupa pertanda atawa indikator di alam, saperti nitenan rasi bintangjeung nitenan 30 Bijil kidang turun kujang. Nyacar reuma pihumaeun (poto: net) kehadiran rupa-rupa manuk anu biasa ngumbara atawa migrasi datang ka desana. Ngan kacida hanjakalna rehna kiwari, elmu pangaweruh sistem ekologi tradisional soal nganalisis parobahan cuaca atawa musim teh enggeus loba anti kagerus ma!ahan loba oge anu enggeus tumpur, di antarana kagerus ku mo- dernisasi usaha tani sawah Revolusi Hijau anu sifatna kurang mirosea kana panga- weruh sistem ekologi tradisional para patani. Tapi, sanajan kitu, beda jeung para patani sawah guyubna di Tatar Sunda, kiwari warga Baduy di Desa Kanekes, Kabupaten Lebak, Bariten Pakidulan, masih teguh pengkuh ngaguriakeun elmu pangaweruh sistem ekologi tradisional dina melak pare gogo atawa ngaharuma warisan para karuhun maranehna. Samalah waktu aya program Revolusi , Hijau,Urang Baduy mah nolak sagem- blengna, kusabab dianggapna henteu saluyujeung alam lingkungan (ekosistem) desana, oge henteu sapagodos jeung atu- ran adat (pikukuh) Urang Baduy. Kusabab kitu, ulah matak heran Iarnun Urang Baduy nepi ka kiwari masih ngabarogaan rupa-rupa elmu pangaweruh ekologi tra- disional, saperti nganalisis atawa ngara- mal parobahan musim, katut bisa nyusun kalender pertanian tradisional sacara mandiri, make itungan-itungan para pimpinan adat jeung nitenan indikator di alam. Contona, Urang Baduy dina ngam- mitan ngahuma jeung ngagawean tiap tahapan ngahuma biasana ngagunakeun tanda-tanda posisi rasi bentang di langit, biasa dititenan waktu fajar saencan subuh. Aya dua bentang anu biasa dijadikeun padoman ku Urang Baduy pikeun 'migawe tahapan-tahapan ngahuma, nyaeta ben- tang kidang (the belt of orion) jeung ben- tang kartika (pleiades). Kusabab kitu; henteu matak heran lamun di masarakat Baduy dikenal aya rupa-rupa paribasa anu aya pakaitna antara tahapan-tahapan kagiatan huma jeung posisi bentang di alam. Contona wae, aya paribasa anukatelah tanggal Mangle No. 2387 Kllplne HumilS Unpild 2012