Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6 BAB II ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Pustaka 2.1.1 Ragam Basa Ragam basa mangrupa salasahiji poko bahasan dina kajian sosiolinguistik. Kridalakasana dina Chaer & Agustina (2004, kc. 61) nétélakeun yén sosiolinguistik mangrupa cabang linguistik nu miboga tujuan pikeun ngajelaskeun ciri-ciri ragam basa jeung nangtukeun korelasi ciri ragam basa éta kalawan ciri sosial kamasarakatanana. Aya sababaraha unsur dina komunikasi masarakat di antarana panyatur, pangregep, tempat nyarita, eusi carita, suasana nyarita, jsb. Nalika nyarita hiji panyatur kudu merhatikeun ka saha manéhna nyarita, di mana nyaritana, ngeunaan naon, iraha, jeung dina suasana nu kumaha. Ieu hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Rene Apple dina Pateda (1987, kc. 15-16) yén aya dua faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nya éta faktor situasional jeung faktor sosial. Faktor situasional mangaruhan panyatur utamana dina kekecapan, iraha makéna kode basa nu tangtu, dina situasi nu kumaha gumantung tempat nyaritana. Sedengkeun faktor sosial mangaruhan panyatur tina kahirupan sosialna saperti jenis kelamin, status sosial, atikan, kasangtukang ekonomi, jsb. A. Wangenan Ragam basa bisa dihartikeun salaku variasi makéna basa. Hal ieu saluyu jeung anu ditétélakeun ku Suwito (1983, kc. 148) yén ragam basa téh nya éta hiji istilah anu dipaké pikeun nuduhkeun salasahiji cara makéna basa dina komunikasi, ayana ragam basa dilantarankeun ku ayana kabutuhan panyatur saluyu jeung situasi dina kontek sosialna. Ayana ragam basa nuduhkeun yén nu makéna basa téh sifatna heterogen. Kitu deui ditétélakeun ku Chaer & Agustina (2004, kc. 61) yén ragam basa nya éta sub sistem dina basa anu dibalukarkeun ku ayana pamaké basa atawa panyatur anu heterogen sarta kagiatan panyatur anu beragam. Ragam basa bakal leuwih loba saupama dipaké di lingkungan panyatur nu leuwih loba jeung tempat anu lega. Dina salasahiji jurnal Sunahrowi (2007, kc. 81-92) nétélakeun yén
17
Embed
BAB II ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 ...repository.upi.edu/27134/6/T_PBBS_1402539_Chapter3.pdfDitilik tina jihat pamakéanna ragam basa diwincik deui jadi tilu nya éta tujuan,
This document is posted to help you gain knowledge. Please leave a comment to let me know what you think about it! Share it to your friends and learn new things together.
Transcript
Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6
BAB II
ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR
2.1 Ulikan Pustaka
2.1.1 Ragam Basa
Ragam basa mangrupa salasahiji poko bahasan dina kajian sosiolinguistik.
Kridalakasana dina Chaer & Agustina (2004, kc. 61) nétélakeun yén
sosiolinguistik mangrupa cabang linguistik nu miboga tujuan pikeun ngajelaskeun
ciri-ciri ragam basa jeung nangtukeun korelasi ciri ragam basa éta kalawan ciri
sosial kamasarakatanana.
Aya sababaraha unsur dina komunikasi masarakat di antarana panyatur,
pangregep, tempat nyarita, eusi carita, suasana nyarita, jsb. Nalika nyarita hiji
panyatur kudu merhatikeun ka saha manéhna nyarita, di mana nyaritana,
ngeunaan naon, iraha, jeung dina suasana nu kumaha. Ieu hal saluyu jeung nu
ditétélakeun ku Rene Apple dina Pateda (1987, kc. 15-16) yén aya dua faktor anu
ngabalukarkeun ayana ragam basa nya éta faktor situasional jeung faktor sosial.
Faktor situasional mangaruhan panyatur utamana dina kekecapan, iraha makéna
kode basa nu tangtu, dina situasi nu kumaha gumantung tempat nyaritana.
Sedengkeun faktor sosial mangaruhan panyatur tina kahirupan sosialna saperti
jenis kelamin, status sosial, atikan, kasangtukang ekonomi, jsb.
A. Wangenan
Ragam basa bisa dihartikeun salaku variasi makéna basa. Hal ieu saluyu
jeung anu ditétélakeun ku Suwito (1983, kc. 148) yén ragam basa téh nya éta hiji
istilah anu dipaké pikeun nuduhkeun salasahiji cara makéna basa dina
komunikasi, ayana ragam basa dilantarankeun ku ayana kabutuhan panyatur
saluyu jeung situasi dina kontek sosialna. Ayana ragam basa nuduhkeun yén nu
makéna basa téh sifatna heterogen.
Kitu deui ditétélakeun ku Chaer & Agustina (2004, kc. 61) yén ragam
basa nya éta sub sistem dina basa anu dibalukarkeun ku ayana pamaké basa atawa
panyatur anu heterogen sarta kagiatan panyatur anu beragam. Ragam basa bakal
leuwih loba saupama dipaké di lingkungan panyatur nu leuwih loba jeung tempat
anu lega. Dina salasahiji jurnal Sunahrowi (2007, kc. 81-92) nétélakeun yén
7
Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ragam basa nya éta kabeungharan basa nu dilantarankeun dua faktor nya éta ti
panayaturna saperti umur, jenis kelamin jeung ti lingkunganna nya éta status
sosial kamasarakatanna. Kartomihardjo dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15)
nétélakeun yén ragam basa mangrupa media pikeun nepikeun ma‟na sosial atawa
artistik anu teu bisa dikedalkeun ngaliwatan kekecapan nu ngabogaan ma‟na
harfiah. Tuluy Kridalaksana dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15) ogé nétélakeun
yén ragam basa nya éta variasi basa dumasar nu makéna basa gumantung topik
pagunemananna jeung dumasar media ngedalkeun éta paguneman. Jadi bisa
dicindekeun yén, ragam basa nya éta rupa-rupa variasi dina hiji basa nu
dilantarankeun panyatur nu heterogen sarta media anu dipaké ku panyatur. Faktor-
faktor nu ngabalukarkeunna ayana masarakat nu heterogen saperti umur, atikan,
agama, widang kagiatan jeung profesi, kasang tukang budaya, jsb.
B. Wanda Ragan Basa
Ragam basa dibagi jadi dua dumasar pamaké jeung pamakéan, dumasar
pamaké nya éta saha nu makéna basa, di mana cicingna, kumaka kalungguhan
sosial di masarakat, genre, jeung iraha éta basa dipakéna. Sedengkeun dumasar
pamakean nya éta basa dipaké pikeun naon, dina widang naon, naon mediumna,
jeung kumaha situasina. Eta hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Sudaryat (2004,
kc. 11) ngawincik ragam basa kana dua jihat nya éta pamaké jeung pamakéan.
1) Pamaké Basa
Ditilik tina jihat pamakéna, ragam basa diwincik deui jadi dua nya éta
idiolék jeung dialék.
a) Idiolék
Idiolék nya éta ciri has atawa pangbéda basa nu ngabédakeun omongan
tiap individu. Contona tiap jalama atawa individu miboga gaya nyarita séwang-
séwangan, sanajan kembar ogé gaya nyaritana mah moal sarua. Kiti ogé nu
ditétélakeun Fathur Rokhman (2013, kc. 17) yén dumasar pamaké basa idiolék
mangrupa basa panyatur séwang-séwangan, patali jeung kasang tukang panyatur
éta sorangan. Misalna panyatur anu miboga kasang tukang atikan anu luhur
miboga pangaweruh basa formal anu leuwih jembar ti batan panyatur anu jarang
aya di lingkungan formal. Ieu hal dibalukarkeun ku kasang tukang panyatur anu
béda anu ngajadikeun kamampuh basana ogé béda.
8
Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b) Dialék
Nurutkeun Fathur Rokhman (2013, kc. 17) dialék nya éta ciri has atawa
pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap kelompok masarakat. Dina basa
Sunda mah leuwih dipikawanoh ku istilah “basa wewengkon”. Salaku conto: tiap
daérah boh ti mimiti tingkat nagara nepi ka tingkat désa tur wewengkon miboga
gaya nyaritana séwang-séwangan, sanajan di Jawa Barat sarua ngagunakeun basa
Sunda pikeun pakakas komunikasina, can tangtu tiap Kabupaten ngagunakeun
basa nu sarua, boh lentongna boh kandaga kecapna. Élmu nu ngulik ngeunaan
dialék nya éta “dialéktologi”
Conto:
basa Sunda Priangan ocon = heureuy
basa Sunda Kuningan sisiwo = heureuy
basa Sunda Priangan sué = sial
basa Cirebon sué = lila
basa Sunda Priangan isukan = poé sabada poé ayeuna
basa Sunda Ciamis isukan = iraha-iraha
Dumasar kana jihat dialék, Sudaryat (2004, kc. 11) ngawincik ragam basa
dialék jadi tilu bagian, nya éta:
(1) Régiolék
Régiolék nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan régional atawa
geografisna. Conto, basa nu dipaké di daérah basisir leuwih teugeug jeung
umumna lentongna naék, sedengkeun di daérah pegunungan leuwih leuleus tur
lentongna ogé turun.
(2) Sosiolék
Sosiolék nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan sosialna anu patali jeung
status, golongan, sarta kelas sosial panyaturna. Misalna waé, basa nu dipaké di
lingkungan lokalisasi tangtuna leuwih wanoh jeung remen ngagunakeun
kekecapan nu aya patalina jeung kagiatan nu aya di lokalisasi.
9
Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Chaer & Agustina (2004, kc. 64) nétélakeun yén variasi basa atawa ragam
basa patali jeung tingkat, golongan, status, jeung kelas sosial panyaturna, éta bisa
ngawengku umur, atikan, genre, pakasaban, kabangsawanan, jeung sosial
ekonomi. Dumasar umur katémbong ragam basa nu dipaké ku barudak, rumaja,
dewasa jeung kolot béda-béda. Bédana ragam basa ieu lain patali jeung eusina,
tapi patali jeung aspek morfologi, sintaksis, jeung kandaga kecap. Dumasar atikan
nu makéna basa patali jeung kandaga kecap, artikulasi, morfologi jeung sintaksis.
Dumasr genre nu makéna basa ragam basa katémbong nalika komunikasi
sapopoé, upamana waé dina paguneman ibu-ibu jeung bapa-bapa aya bédana boh
dina kandaga kecapna boh dina eusi caritana. Satuluyna dumasar pakasaban atawa
profesi jabatan nu makéna basa, ragam basa katémbong tina paksaban jalma nu
béda-béda contona basa guru, basa tukang dagang, basa supir, jeung bakasaban
séjénna aya bédana, utamana dina kandaga kecap. Dina masarakat nu masih maké
tingkatan kebangsawanan aya ogé ragam basa nu patali jeung kebangsawanan éta.
Basa Jawa, basa Bali, jeung basa Sunda miboga ragam kabangsawanan contona
undak usuk basa atawa tatakrama basa. Pamungkas dumasar sosial ekonomi nu
makéna basa, ragam basa teu bisa kitu waé dibédakeun dumasar kabangsawanan
hiji jalma, tapi leuwih kana saha nu leuwih beunghar atawa henteu. Dumasar kana
ragam basa nu geus dipedar di luhur ragam basa dibagi dalapan jenis nya éta
akrolek, basilék, vulgar, slang, kolokial, jargon, argot, jeung ken.
Akrolek nya éta variasi sosial anu dianggap leuwih luhur ajénna tibatan
variasi sosial nu lianna. Salaku conto, dina taun 1914 basa Jawa leuwih luhur
ajénna tibanatan basa Sunda tur ngan ukur dipaké ku kalangan ménak atawa kaum
borjuis. Dina basa Sunda aya undak usuk basa. Undak usuk basa sacara umum
kabagi tilu, nya éta basa keur ka sahandapeun, basa keur ka sorangan jeung basa
ka saluhureun. Akrolek nya éta nalika makéna basa saluyu jeung undak usuk basa.
Contona: kecap “balik” dipaké keur ka sahandapeun, kecap “wangsul” dipaké
keur ka sorangan jeung kecap “mulih” dipaké keur ka saluhureun
Basilek nya éta variasi sosial nu dianggap kurang luhur ajénna. Salaku
conto, upamana di Jawa aya basa Jawa “krama ndesa”, upama dina basa Inggris
nya éta basa nu dipaké ku para “cowboy”, sedengkeun dina basa Sunda nya éta
10
Nanang Suhendar, 2016 RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
basa Sunda dusun (teu baku), basa nu teu saluyu jeung undak basa, atawa basa
kasar. Contona: kecap “heueuh”
Vulgar nya éta variasi sosial nu miboga ciri yén panyaturna teu nyakola.
Bahasana cenderung teu sopan. Contona: Sia !
Slang nya éta variasi basa nu ngabogaan sifat husus tur rusiah. Hartina, ieu
variasi basa téh dipakéna ngan saukur ku panyatur nu tangtu, ogé teu meunang
dipikanyaho ku panyatur séjén salian ti anggota kelompok panyaturna. Salng
miboga pasipatan anu temporal tur leuwih jembar digunakeun ku panyatur
rumaja, tapi teu jarang sok dipaké ku panyatur kolot. Slang ogé miboga sipat
gancang robah ti mangsa ka mangsa. Contona: basa rumaja mangsa kiwari saperti