·--t----------...- -------_._-- , o Senin 0 Selasa 0 Rabu • Kamis 0 Jumat 0 Sabtu 0 Minggu U angSunda jigana kiwari loba anu henteu pati wanoh deui kana istilah talun. Marga lan- tarana talun teh istilah tatanen Urang Sunda zaman baheula. Tapi, kiwari istilah talun henteu pati guyub deui dipake ku masarakat di Tatar Sunda. Nurutkeun kamus Sunda-Indonesia anu disusun ku Satjadibrata (1950), talun ngandung harti "kebun buah- buahan anu tatangkalanana biasa umuma panjang". Leuwih ditegeskeun deui ku ahli pertanian Belanda, Terra (1958), talun nyaeta "tataguna lahan darat anu biasa dipelakan ku rupa- rupa tatangkalan atawa kakayon, biasana lokasina di deukeut kampung atawa di luar lahan pakarangan". Kusabab kitu, lamun dihartikeun ku istilah kiwari mah talun teh meureun mangrupa kebon buah-buahan atawa kebon tatangkalan. Samalah nurut- keun istilah elmu pangaweruh modem mah talun teh kaasup salah sahajijenis 'agroforestri tradisional' asli Urang Sunda. Marga lantarana sistem talun biasana disusun ku pepelakan (agro), tapi dicampur ku kakayon saperti tutuwuhan leuweung (forestry). Ku- sabab kitu henteu matak heran rehna talun ngahasilkeun rupa-rupa kauntu- ngan sosial ekonomi budaya ka patani tin a produksi rupa-rupa pepelakan, tapi oge mere mangfaat ekologi saper- ti mangfaat ekologi leuweung umum- na. Nurutkeun sajarah, talun di tatar Sunda asalna diwangun tina lahan huma anu dirobah ku para para patani ngadaptasikeun kana jumlah pendu- duk anu beuki tambah jeung ekonomi pasar beuki mesat. Kukituna sistem talun mangrupa sistem huma anu diadaptasikeun kana sagala parobahan zaman, Sistem huma asli mah kiwari di Tatar Sunda arnpir tumpes. Kacuali masih guyub keneh dipigawe ku Urang Kasepuhan di wewengkon Gunung Halimun, Cisolok Sukabumi jeung 10 Urang Baduy di wewengkon Gunung Kendeng, Banten Pakidulan. Tapi, sis- tern talun masih lumayan rada guyub keneh dipigawe ku Urang Sunda. Contona wae sistem talun bisa disaksi- kan masih dipigawe ku warga desa di sababaraha wewengkon di Soreang jeung Majalaya, Kabupaten Bandung. Rempeg Tatangakalan Nurutkeun warga anu biasa nga- garap talun diSoreangjeung Majalaya, talun di .wewengkon ieu bisa dibeda- keun aya 2 rupa, nyaeta anu biasa dise- but talun permanen jeung talun hen- teu permanen atawa bias a disebut oge talun dirotasi. Talun permanen nyaeta talun anu tara atawa arang dibuka dijadikeun kebon. Sabalikna talun henteu permanen nyaeta talun anu biasa dibuka dijadikeun kebon. Contona talun anu biasa dibuka jadi kebon di antarana talun awi. Naon make disebut talun awi? Kusabab pepelekan anu rem peg di talun nyaeta tatangkalan awi, saperti awi tali (Gigantochloa apus), awi ater (Gigan- tochloa ater), jeung awi gombong (Gigantochloa verticilata). Sanajan ti kitu, kakayon sejena oge rempeg, nyaeta di antarana albasiah (Parase- rianthes falcataria), tisuk (Hibiscus macrophyllus), kawung (Arenga pin- nata), peuteuy (Parkia speciosa), nang- ka (Artocarpus heterophyla) jeung kadu (Durio zibetrhinus). Talun awi guyubna di wewengkon Soreang tiap taun dina bulan antara Agustus jeung September dituaran pikeun dijadikeun kebon. Talun anu . aya di sisi kampung biasana sagala kakakayona, hususna tangkal-tangkal awina dituaran anu luasna kira-kira 0,4 ha tiap kaluarga. Tapi, saencan tangkal-tangkal awina dituaran jeung kakayona ditutuhan. Biasana patani nyacar heula, nyeta nyacar rungkun- rungkun awi jeung ngabersihan rungkun-rungkun jukut. Laju, ngeduk nyaeta ngumpulkeun sisa-sisa nyacar. Beres nyacar diteruskeun deui ku nuar awi. Nuar awi biasana bedajeung nuar tatangkalan buah-buahan ngan saukur ditutuhan, tapi tangkal-tangkal awi biasana dutuar sakabehna. Sisa-sisa nuar, saperti daun-daun awi diantep- keun wae di talun supaya gararing kapanasan ku panon poe anu saterus-. na diduruk, jiga ngahuma di leuweung, • Lebu-lebu sisa ngaduruk biasa digun- dukeun pikeun pupuk pepelakan. Beres nyacar jeung nuar, diterus- keun ku patani nyiapkeun kebun,' nyaeta nancebkeun tuturus, mager kebon, ngararad atawa ngabersihkeun sisa tuaran, jeung ngeprak katut ngipuk, nyaeta maculan taneuh pikeun melak binih, saperti binih leunca. Rengse nyiapkeun kebon, laju melak rupa-rupa pepelakan, saperti melak kacang roay. Roay biasana dipelak din a ngamimitian usum hujan di bulan Oktober-Nopember. Melak roay biasana tiap liang aseukan di iisi ku tilu siki roay, jeung tiap turus aya dua liang atawa genep siki roay. Liang anu enggeus diisi siki roay terus ditutup ku lebu hasil ngaduruk sisa-sisa nuar awi jeung dicampur pupuk kandang. Laju, saminggu rengse melak roay, diterus- keun ku melak bonteng din a tiap galengan di antara barisan tuturus roay. Dina tiap liang binih bonteng, saperti roay oge biasa dipupuk ku lebu jeung pupuk kandang. Tilu minggu rengse melak bonteng diteruskeun ku melak leunca. Carana melak leunca nyaeta mindahkeun petetan leunca tina pangipukan di pelakkeun di antara barisan roay jeung bonteng. Dina ngagemuk atawa mupuk anu kadua kalian, pepelakan salian dipupuk ku lebu jeung pupuk kan- dang, biasa oge dibere pupuk NPK jeung Urea meunang meuli ti pasar. Saterusna, pikeun miara kebun, biasana kebun dikored supaya jukutna ulah ngaganggu kana pepelakan di i . !I Mangle No. 2349 Kllnln,.,.Hl1",,~" nnn~" 7.011